*******************************************************
........ geusanna kananjungan mah, tara ungut kalinduan tara endag
kaanginan. Sajatina Budak Angon mah lain Inyana atawa Dia ....... tapi *
 Kami.*

Mun masihna pa kia-kia pa ngaing-ngaing, paandel-andel ....... totondén
Sunda téh masihna sarubak jamang! ...... Nya geura prak hanca, prak gawé.....
sakuat, sakabedag, sakaduga dina kabisa sajinis-jinisna pikeun karaharjaan
Sunda sapuratina ....... !
....... mugya sucina Sunda baris ngajadi rahmat pikeun kumna alam!

... sun...... salam karahayuan!

-Ki Adi-
*******************************************************
On Thu, Oct 16, 2008 at 11:14 PM, Roza Rahmadjasa Mintaredja <
[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>     nyaeta kg wahyu anu uin sedih teh...
> US lain kokotak, kotektak, ...
> ari ieu ter-kotak2...
> awalna babarengan , ucap a-amparan SUNDA
> NAAAA...ARI DINA PRUNGNA MAH, AING2AN?
> ...oca tea...
>
> --- On *Wed, 10/15/08, Wahyudi <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> From: Wahyudi <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [kisunda] GERAKKAN KASUNDAAN (implengan)
> To: [email protected]
> Date: Wednesday, October 15, 2008, 11:06 AM
>
>
>  Ieu implengan mungguh jadi udagan urang sarerea (lain ngan ukur anu aya
> di ieu milis wungkul tapi regregan lian anu aya di seuweu siwi Sunda), ...
> Jeung nu pasti MOAL PAMOHALAN ... ngan iraha cundukna nya urang nu
> nangtukeun.
>
> Ngan ningali kana sajarah ... samisal gerakan pamuda sunda taun 50'an jeung
> samemehna sarta kaayaan ayeuna aya anu kudu di motholaah deui bodas jeung
> hideungna, naha di tataran idea, tataran visi nepikeun ka tataran aksina. Nu
> tangtu urang kudu ngahijikeun gerakan aksi tina mangpirang widang naha
> widang senina, sajarahna, ekonomina atanapi pendidikanana. Oge kudu jelas
> tahapan objek garapanana ka nonoman, ka masyarakat, ka para politikus
> (nagarawan?), ka pamarentahan ....
>
> Ngan ieu mah ceuk kuring , aya hiji lengkah anu bisa dimimitian nyaeta
> urang garap heula para nonoman khususna Mahasiswa anu engkena pikeun jadi
> kader jeung motor-motor operasional di lapangan. Sabaraha taun katukang
> kuring asa bungah ku ayana kagiatan pelatihan Kapamingpinan Sunda anu di
> iluan ku rengrengan mahasiswa tiap angkatana ampir 100 urang, pami teu lepat
> ayeuna teh tos aya kana 6-8 angkatanana di ayakeunana ku GEMA JABAR, ngan
> duka kiwari kumaha terusna ...... ?
>
> Aya hiji organisasi anu bisa digarap (kabeneran kuring aya link kadinya),
> nyaeta FOKALISMAS (Forum Komunikasi Lingkung Seni Mahasiswa Sunda) anu
> ngawengku leuwih ti 50 Paguron luhur sa-Jawa/Bali ... tah ieu organisasi
> ayeuna (mun teu salah) masih fokus kana kagiatan kasenian ... urang euyeuban
> jeung urang kuatan deui pangaweruh tur legaan deuih rohangan fikirna.
> Meureun bakal rada cape da kudu ngawal Fokalismas puseurna (anu bagilir),
> sarta kudu ngawal oge ti kampus ka kampus ngan ari rereongan mah meureun
> hampang.
>
> Tina obrolan samentara, tiap organisasi di kampus aya kana 50-100 urangna
> dirata-rata tiap entragan aya kana 2000 urangna leuwih, tah ieu tiap taun
> ... kumaha mun mayeung kana 10 tauna. Ti Organisasi anu aya di STTTelkom wae
> nyaeta SWS ayeuna anggotana ampir kana 2000 urangna sumebar dimana-mana atuh
> anu aktif di kampus aya kana 500 urangna (Ari anu aktif pisan dina
> kapangurusan jeung organisasimah 50-100 urang).
>
> Maksud teh wancina urang nyieun hiji grand desain ngangkat deui jeung
> nanjeurkeun Ki Sunda dina wangun tata nilai.
> - Buka Sajarah - angkat Kabanggaanana - arahkeun jeung  buktikeun di
> lingkunganana
>
> sakitu heula jadi wacana awal mah .... paralun
>
> nb. Aya salam ka Kang Oca, Kang Oman, miwah rengrengan ti KH Thonthowi
> Musaddad 'nu hiji komentarna dina wangongan pabeuberang kamari : kunaon
> komunitas kasundaan oge masih silih Blok/ngotak-ngotak ? bangun
> manglebarkeun
>
> On Wed, Oct 15, 2008 at 7:21 PM, Roza Rahmadjasa Mintaredja <
> [EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>>      pun dulur, kang baraya yang sa-warga SUNDA,
>> hampura uin...
>>
>> hayang gerak, tapi sok kaparotongkeun bae...
>> gerak di ka-Sunda-an,
>>
>> kahayang teh...
>> US bisa ngahiji, tapi dina wangunan anu sajati
>> hateup tina Jati...
>> tihang tina Jati...
>> tatapakan tina alam saJati
>> nya...saJatining SUNDA.
>>
>> sok sanajan, beda warna
>> sok sanajan beda rupa
>> sok sanajan beda sora
>> rek bunisora, rek tariksora
>> pek bae kumadinya...
>> tapiiii... sarua JATIna...
>> lain JUNTI...tapiii
>> JATI SUNDA!!!
>>
>> enya...
>> siga katumbiri...
>> rupi-rupi warna-warni
>> tapi nutug leuwi
>> manggih nyi putri
>> saurang sahiji...
>> kabeh kabagi...
>>
>> pamohalan???
>> teu era ka nini2 di ahir hirupna
>> masih keneh nyieun jarum
>> ku cara ngahampelas WATANG beusi beton?
>>
>> kahayang teh...
>> boga imah...
>> tapi lain sakadar saung...
>> keur paragi ngiuhan, pangreureuhan wungkul
>> tapi IMAH SAREREA, BALAREA
>> tempat ngiuhan sarerea...
>> tempat ngadu bako, balagonjangan
>> nyieun sagala, kalawan rempug jukung
>> tempat panyaluuhan
>> silih elingan
>> silih rojong
>> silih ASAH-ASIH-ASUH!!!
>>
>> emh,...ambu
>> kg mh, kh mj, kg tirta, ua duq, bah oman
>> kg illen, gan eminx, neng lina, kg rawayan
>> kg dak angon, kg engkus, kg roche
>> kg aam, kg TSAS, kg eko, kg ucir
>> kg maman, kg deuhart, kg sadewa. kg semar2
>> kg waluya, kg mkyudi, kaseeep, kg ganles,
>> kg n'tis, kg aguspaku, kg ganjar,kg yunan
>> ceu yeni, kg anin, kg tjukri, kg dedroh, kg yudkur
>> ceu nety umar,kg nong,kg billah, kg putragaluh,
>> kg agungsus, kg jaeni, kg iman, kg frednov,
>> kg jodism, kg aseptea, kg rudiheuay, kg bejomanun,
>> kg gun yusuf, kg xitanabin, kg suprihat, kgtajimalela,
>> kg tbtaufik, kg afif, kg ednug, kg diditurm, kg amnyr
>> kg, ceu,... saha deui nya? ah uin pohoan, hampura
>> pokona sakabeh anu sukasunda!
>> ka sakabeh nu hayang nyahosunda
>> ulah euceuk jeung beja, paribasana mah
>>
>> pamohaaalan, ari tipangalaman uin mah,
>> tapi karak ceuk uin...
>> ari ceuk ki dulur kumaaaaaaha?
>> mungkin?
>> mun mungkin kumaha tah carana?
>>
>> sunda
>> teu saukur genetika
>> teu ukur sampurasun...
>> teu saukur wacana
>> teu saukur dedegungan/kacapi suling
>> teu saukur sisilaturahmian
>> teu saukur tatakrama
>> jeung gaya basana
>> tapi mangrupakeun
>> TATANAN KAMASYARAKATAN,
>> SISTIM KAHIRUPAN
>> KABANGSAAN-KANAGARAAN
>> DUMASAR KANA
>> ELING KA PURWADAKSI-NA
>> ELING KA SABUDEUR ALAM
>> ELING KA GUSTI NU MURBENG ALAM
>>
>> CAG!
>> RAMPES!
>> ...oca tea...
>>
>>
>>
>>
>>
>
> 
>



-- 
*******************************************
"...purbastiti purbajati, suka kreta tang lor kidul kulon wétan kena
kretarasa..."
-----------------------------------------------------
http://www.urang-sunda.or.id/
http://pituin.multiply.com/
*******************************************

Kirim email ke