Kang Oca: 
asana mah uing teu kasebut, tapi lain hartina uing disingsalkeun pan? he 33x + 
33x +33x + 1

Kang Wahyudi:
haturan kang Yud, tah geuning tos nambihan deui anu daria... perkawis urang 
sunda anu pabureuncay dina blok sewang-sewangan asana mah eta mah tos janten 
papasten da dalah kumaha atuh geuning jalma mah teu tiasa di seragamkeun. 
Ayeuna urang akalan bae atuh ngarah unggal golongan, kelompok, udagan jrrd 
urang dihungkeun ku silaturahim. Keun kapayun mah sugan 'ngaibleg' janten bukur 
henteu mung saukur catur, 10 -15 taun deui, sugan!

wassalam
dudi_ss

  ----- Original Message ----- 
  From: Wahyudi 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, October 16, 2008 2:06 AM
  Subject: Re: [kisunda] GERAKKAN KASUNDAAN (implengan)



  Ieu implengan mungguh jadi udagan urang sarerea (lain ngan ukur anu aya di 
ieu milis wungkul tapi regregan lian anu aya di seuweu siwi Sunda), ... Jeung 
nu pasti MOAL PAMOHALAN ... ngan iraha cundukna nya urang nu nangtukeun.

  Ngan ningali kana sajarah ... samisal gerakan pamuda sunda taun 50'an jeung 
samemehna sarta kaayaan ayeuna aya anu kudu di motholaah deui bodas jeung 
hideungna, naha di tataran idea, tataran visi nepikeun ka tataran aksina. Nu 
tangtu urang kudu ngahijikeun gerakan aksi tina mangpirang widang naha widang 
senina, sajarahna, ekonomina atanapi pendidikanana. Oge kudu jelas tahapan 
objek garapanana ka nonoman, ka masyarakat, ka para politikus (nagarawan?), ka 
pamarentahan ....

  Ngan ieu mah ceuk kuring , aya hiji lengkah anu bisa dimimitian nyaeta urang 
garap heula para nonoman khususna Mahasiswa anu engkena pikeun jadi kader jeung 
motor-motor operasional di lapangan. Sabaraha taun katukang kuring asa bungah 
ku ayana kagiatan pelatihan Kapamingpinan Sunda anu di iluan ku rengrengan 
mahasiswa tiap angkatana ampir 100 urang, pami teu lepat ayeuna teh tos aya 
kana 6-8 angkatanana di ayakeunana ku GEMA JABAR, ngan duka kiwari kumaha 
terusna ...... ?

  Aya hiji organisasi anu bisa digarap (kabeneran kuring aya link kadinya), 
nyaeta FOKALISMAS (Forum Komunikasi Lingkung Seni Mahasiswa Sunda) anu 
ngawengku leuwih ti 50 Paguron luhur sa-Jawa/Bali ... tah ieu organisasi ayeuna 
(mun teu salah) masih fokus kana kagiatan kasenian ... urang euyeuban jeung 
urang kuatan deui pangaweruh tur legaan deuih rohangan fikirna. Meureun bakal 
rada cape da kudu ngawal Fokalismas puseurna (anu bagilir), sarta kudu ngawal 
oge ti kampus ka kampus ngan ari rereongan mah meureun hampang.

  Tina obrolan samentara, tiap organisasi di kampus aya kana 50-100 urangna 
dirata-rata tiap entragan aya kana 2000 urangna leuwih, tah ieu tiap taun ... 
kumaha mun mayeung kana 10 tauna. Ti Organisasi anu aya di STTTelkom wae nyaeta 
SWS ayeuna anggotana ampir kana 2000 urangna sumebar dimana-mana atuh anu aktif 
di kampus aya kana 500 urangna (Ari anu aktif pisan dina kapangurusan jeung 
organisasimah 50-100 urang).

  Maksud teh wancina urang nyieun hiji grand desain ngangkat deui jeung 
nanjeurkeun Ki Sunda dina wangun tata nilai.
  - Buka Sajarah - angkat Kabanggaanana - arahkeun jeung  buktikeun di 
lingkunganana

  sakitu heula jadi wacana awal mah .... paralun

  nb. Aya salam ka Kang Oca, Kang Oman, miwah rengrengan ti KH Thonthowi 
Musaddad 'nu hiji komentarna dina wangongan pabeuberang kamari : kunaon 
komunitas kasundaan oge masih silih Blok/ngotak-ngotak ? bangun manglebarkeun


  On Wed, Oct 15, 2008 at 7:21 PM, Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL 
PROTECTED]> wrote:


          pun dulur, kang baraya yang sa-warga SUNDA,
          hampura uin...

          hayang gerak, tapi sok kaparotongkeun bae...
          gerak di ka-Sunda-an,

          kahayang teh...
          US bisa ngahiji, tapi dina wangunan anu sajati
          hateup tina Jati...
          tihang tina Jati...
          tatapakan tina alam saJati
          nya...saJatining SUNDA.

          sok sanajan, beda warna
          sok sanajan beda rupa
          sok sanajan beda sora
          rek bunisora, rek tariksora
          pek bae kumadinya...
          tapiiii... sarua JATIna...
          lain JUNTI...tapiii
          JATI SUNDA!!!

          enya...
          siga katumbiri...
          rupi-rupi warna-warni
          tapi nutug leuwi
          manggih nyi putri
          saurang sahiji...
          kabeh kabagi...

          pamohalan???
          teu era ka nini2 di ahir hirupna
          masih keneh nyieun jarum 
          ku cara ngahampelas WATANG beusi beton?

          kahayang teh...
          boga imah...
          tapi lain sakadar saung...
          keur paragi ngiuhan, pangreureuhan wungkul
          tapi IMAH SAREREA, BALAREA
          tempat ngiuhan sarerea...
          tempat ngadu bako, balagonjangan
          nyieun sagala, kalawan rempug jukung
          tempat panyaluuhan
          silih elingan
          silih rojong
          silih ASAH-ASIH-ASUH!!!

          emh,...ambu
          kg mh, kh mj, kg tirta, ua duq, bah oman
          kg illen, gan eminx, neng lina, kg rawayan
          kg dak angon, kg engkus, kg roche
          kg aam, kg TSAS, kg eko, kg ucir
          kg maman, kg deuhart, kg sadewa. kg semar2
          kg waluya, kg mkyudi, kaseeep, kg ganles, 
          kg n'tis, kg aguspaku, kg ganjar,kg yunan
          ceu yeni, kg anin, kg tjukri, kg dedroh, kg yudkur
          ceu nety umar,kg nong,kg billah, kg putragaluh, 
          kg agungsus, kg jaeni, kg iman, kg frednov, 
          kg jodism, kg aseptea, kg rudiheuay, kg bejomanun,
          kg gun yusuf, kg xitanabin, kg suprihat, kgtajimalela,
          kg tbtaufik, kg afif, kg ednug, kg diditurm, kg amnyr
          kg, ceu,... saha deui nya? ah uin pohoan, hampura
          pokona sakabeh anu sukasunda!
          ka sakabeh nu hayang nyahosunda
          ulah euceuk jeung beja, paribasana mah

          pamohaaalan, ari tipangalaman uin mah,
          tapi karak ceuk uin...
          ari ceuk ki dulur kumaaaaaaha?
          mungkin?
          mun mungkin kumaha tah carana?

          sunda 
          teu saukur genetika
          teu ukur sampurasun...
          teu saukur wacana
          teu saukur dedegungan/kacapi suling
          teu saukur sisilaturahmian
          teu saukur tatakrama
          jeung gaya basana
          tapi mangrupakeun
          TATANAN KAMASYARAKATAN,
          SISTIM KAHIRUPAN
          KABANGSAAN-KANAGARAAN
          DUMASAR KANA
          ELING KA PURWADAKSI-NA
          ELING KA SABUDEUR ALAM
          ELING KA GUSTI NU MURBENG ALAM

          CAG!
          RAMPES!
          ...oca tea...


           
         

  . 
   

Kirim email ke