Organisasi teh badan / raraga.

visi-misi nu jadi roh na.

mana heula nu dibebenah?

raga atanapi roh na,?

urutkeun eta organisasi kasundaan salila ieu, analisa naon
kaleuwihanana ,naon kakuranganana,... tong hilap analisa oge faktor
kakuatan jahat nu senantiasa ngaruntuhkeun sunda digjaya.

milis kisunda ieu adalah 'badan'.
'roh' na nyaeta ;urang2 nu aktif di ieu milis.
ping 6 kamari nyieun badan maya ngajadi badan nu leuwih sampurna,
nyaeta panggih/kopi darat antar kisunda nu salila ieu ngobrol di dunia
maya, jadi panggih ngabentuk nu maya jadi leuwih nyata.
eta perkembangan,... proses menuju kasampurnaan badan kasundaan.

dek dikumahakeun deui ieu kisunda?
ah,.. by geuleuyeung weeehhh,....
nu penting mah ihtiar memepertahankeun kenyamanan ieu milis,
ningkatkeun kaanggotaan/member, oge nambihan topik2 nu aheng,...

kumaha kisunda di dunia nyata???
kade,... ieu oge tong gurunggusuh,... kedah dipikirkeun kumaha nu sae
kanggo kamaslahatan balarea,...

roh individu kisunda nu tos janten kenal di darat,... bade ngabentuk
hiji awahan kahareupna,.... nu langkung fokus, nu langkung jelas
udaganana,...

aya 2 bagean nu ku simkuring usulkeun,...
1. ngudag/ nyiar sunda luhung,... ieu bageanana kisunda nu aya di
widang pengetahuan /referensi tentang sunda na seueur pangalamanana.
aya ambu nu ahli  kawali, aya k.oca nu kalasunda, aya k.oman nu apal
cai., akng abdurahman nu apal batu, jsb,jsb...

2. praktisi/ aplikasi sunda kana produk kasundaan; kelompok nu tiasa
ngadamel event, ngadamel produk kasundaan, jsb; ku simkuring lah, ieu
mah bidang abdi,.. nu sanesna, mangga gabung sareng sim kuring,...

tah,... ieu namina 2 pasukan nu ngabentuk raraga jeung roh,...
masing2 boga udagan nu jelas,...

iraha ieu bersatu??? mun tos waktuna,... tapi teu ciga uga siliwangi
nu tos lami teu wanci wae,.... ieu mah uga kisunda , aya target waktu
nu jelas,.... bedana, uga siliwangi mah luhung, saking luhung na, hese
dibuka ku jalma biasa, kudu make 'kode' aksara sunda nu asli.
mun uga kisunda mah, lain luhung, tapi leuheung,... leuheung kumaha???
nya leuheung weh aya nu migawean, daripada euweuh,... eheheheh,...   

gerakan kisunda adalah gerakan nurani,... punten, sanes gerakan
arab,galuh,sumedang,banten,bandung,cianjur, jakarta,pituin,mukimin,
jsb,jsb,... etamah gerakan sewang2an,gerakan pulitik.
kunaon gerakan nurani? sabab nur cahya Muhammad adalah nurani. nur
cahya Prabu Siliwangi adalah nurani, nur cahya Wastukancana adalah
nurani...nur cahya saha deui nu sa-frekwensi jeung ieu?,... eta tiasa
sajalan,... SABAB SUNDA INDUNG NA ALAM DUNYA.
budha goutama boga frekwensi nu sarua? hm,... bisa jadi,...

gerakan pembentukan roh sunda oge gerakan pembentukan raga sunda, tong
kahalangan ku perbedaan umur, genre, warna kulit, intelektualitas
akademik, jsb. amun masing2 asa pang alusna, atuh pakepuk sorangan
urang teh garelut,dikeprokan ku musuh nu sabenerna.

gerakan sunda = gerakan nurani.
euleuh ,eta mah meureun dek nga agulkeun 'nucinta'...
bisa jadi, da kuring mah budak sombong nu sok narsis, nga agulkeun
diri. wios ah, samentawis jadi sunda agul. 
nu penting lain sunda agil nu ngabongkar batu tulis,....

hayu atuh dulur, urang GERAK
tong eleh ku nong gerak nu tos gerak dina noongan urang2,...
nu sanes na tong ngan noong wae atuh,.... hayu urang gerak....

siaaaapppp Graakkkk!!!! majuuuu jalannnnnn..... digjaya sunda!!!

=roche suroche=


--- In [email protected], Wahyudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ieu implengan mungguh jadi udagan urang sarerea (lain ngan ukur anu
aya di
> ieu milis wungkul tapi regregan lian anu aya di seuweu siwi Sunda), ...
> Jeung nu pasti MOAL PAMOHALAN ... ngan iraha cundukna nya urang nu
> nangtukeun.
> 
> Ngan ningali kana sajarah ... samisal gerakan pamuda sunda taun
50'an jeung
> samemehna sarta kaayaan ayeuna aya anu kudu di motholaah deui bodas
jeung
> hideungna, naha di tataran idea, tataran visi nepikeun ka tataran
aksina. Nu
> tangtu urang kudu ngahijikeun gerakan aksi tina mangpirang widang naha
> widang senina, sajarahna, ekonomina atanapi pendidikanana. Oge kudu
jelas
> tahapan objek garapanana ka nonoman, ka masyarakat, ka para politikus
> (nagarawan?), ka pamarentahan ....
> 
> Ngan ieu mah ceuk kuring , aya hiji lengkah anu bisa dimimitian
nyaeta urang
> garap heula para nonoman khususna Mahasiswa anu engkena pikeun jadi
kader
> jeung motor-motor operasional di lapangan. Sabaraha taun katukang
kuring asa
> bungah ku ayana kagiatan pelatihan Kapamingpinan Sunda anu di iluan ku
> rengrengan mahasiswa tiap angkatana ampir 100 urang, pami teu lepat
ayeuna
> teh tos aya kana 6-8 angkatanana di ayakeunana ku GEMA JABAR, ngan duka
> kiwari kumaha terusna ...... ?
> 
> Aya hiji organisasi anu bisa digarap (kabeneran kuring aya link
kadinya),
> nyaeta FOKALISMAS (Forum Komunikasi Lingkung Seni Mahasiswa Sunda) anu
> ngawengku leuwih ti 50 Paguron luhur sa-Jawa/Bali ... tah ieu organisasi
> ayeuna (mun teu salah) masih fokus kana kagiatan kasenian ... urang
euyeuban
> jeung urang kuatan deui pangaweruh tur legaan deuih rohangan fikirna.
> Meureun bakal rada cape da kudu ngawal Fokalismas puseurna (anu
bagilir),
> sarta kudu ngawal oge ti kampus ka kampus ngan ari rereongan mah meureun
> hampang.
> 
> Tina obrolan samentara, tiap organisasi di kampus aya kana 50-100
urangna
> dirata-rata tiap entragan aya kana 2000 urangna leuwih, tah ieu tiap
taun
> ... kumaha mun mayeung kana 10 tauna. Ti Organisasi anu aya di
STTTelkom wae
> nyaeta SWS ayeuna anggotana ampir kana 2000 urangna sumebar
dimana-mana atuh
> anu aktif di kampus aya kana 500 urangna (Ari anu aktif pisan dina
> kapangurusan jeung organisasimah 50-100 urang).
> 
> Maksud teh wancina urang nyieun hiji grand desain ngangkat deui jeung
> nanjeurkeun Ki Sunda dina wangun tata nilai.
> - Buka Sajarah - angkat Kabanggaanana - arahkeun jeung  buktikeun di
> lingkunganana
> 
> sakitu heula jadi wacana awal mah .... paralun
> 
> nb. Aya salam ka Kang Oca, Kang Oman, miwah rengrengan ti KH Thonthowi
> Musaddad 'nu hiji komentarna dina wangongan pabeuberang kamari : kunaon
> komunitas kasundaan oge masih silih Blok/ngotak-ngotak ? bangun
> manglebarkeun
> 
> On Wed, Oct 15, 2008 at 7:21 PM, Roza Rahmadjasa Mintaredja <
> [EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> >   pun dulur, kang baraya yang sa-warga SUNDA,
> > hampura uin...
> >
> > hayang gerak, tapi sok kaparotongkeun bae...
> > gerak di ka-Sunda-an,
> >
> > kahayang teh...
> > US bisa ngahiji, tapi dina wangunan anu sajati
> > hateup tina Jati...
> > tihang tina Jati...
> > tatapakan tina alam saJati
> > nya...saJatining SUNDA.
> >
> > sok sanajan, beda warna
> > sok sanajan beda rupa
> > sok sanajan beda sora
> > rek bunisora, rek tariksora
> > pek bae kumadinya...
> > tapiiii... sarua JATIna...
> > lain JUNTI...tapiii
> > JATI SUNDA!!!
> >
> > enya...
> > siga katumbiri...
> > rupi-rupi warna-warni
> > tapi nutug leuwi
> > manggih nyi putri
> > saurang sahiji...
> > kabeh kabagi...
> >
> > pamohalan???
> > teu era ka nini2 di ahir hirupna
> > masih keneh nyieun jarum
> > ku cara ngahampelas WATANG beusi beton?
> >
> > kahayang teh...
> > boga imah...
> > tapi lain sakadar saung...
> > keur paragi ngiuhan, pangreureuhan wungkul
> > tapi IMAH SAREREA, BALAREA
> > tempat ngiuhan sarerea...
> > tempat ngadu bako, balagonjangan
> > nyieun sagala, kalawan rempug jukung
> > tempat panyaluuhan
> > silih elingan
> > silih rojong
> > silih ASAH-ASIH-ASUH!!!
> >
> > emh,...ambu
> > kg mh, kh mj, kg tirta, ua duq, bah oman
> > kg illen, gan eminx, neng lina, kg rawayan
> > kg dak angon, kg engkus, kg roche
> > kg aam, kg TSAS, kg eko, kg ucir
> > kg maman, kg deuhart, kg sadewa. kg semar2
> > kg waluya, kg mkyudi, kaseeep, kg ganles,
> > kg n'tis, kg aguspaku, kg ganjar,kg yunan
> > ceu yeni, kg anin, kg tjukri, kg dedroh, kg yudkur
> > ceu nety umar,kg nong,kg billah, kg putragaluh,
> > kg agungsus, kg jaeni, kg iman, kg frednov,
> > kg jodism, kg aseptea, kg rudiheuay, kg bejomanun,
> > kg gun yusuf, kg xitanabin, kg suprihat, kgtajimalela,
> > kg tbtaufik, kg afif, kg ednug, kg diditurm, kg amnyr
> > kg, ceu,... saha deui nya? ah uin pohoan, hampura
> > pokona sakabeh anu sukasunda!
> > ka sakabeh nu hayang nyahosunda
> > ulah euceuk jeung beja, paribasana mah
> >
> > pamohaaalan, ari tipangalaman uin mah,
> > tapi karak ceuk uin...
> > ari ceuk ki dulur kumaaaaaaha?
> > mungkin?
> > mun mungkin kumaha tah carana?
> >
> > sunda
> > teu saukur genetika
> > teu ukur sampurasun...
> > teu saukur wacana
> > teu saukur dedegungan/kacapi suling
> > teu saukur sisilaturahmian
> > teu saukur tatakrama
> > jeung gaya basana
> > tapi mangrupakeun
> > TATANAN KAMASYARAKATAN,
> > SISTIM KAHIRUPAN
> > KABANGSAAN-KANAGARAAN
> > DUMASAR KANA
> > ELING KA PURWADAKSI-NA
> > ELING KA SABUDEUR ALAM
> > ELING KA GUSTI NU MURBENG ALAM
> >
> > CAG!
> > RAMPES!
> > ...oca tea...
> >
> >
> >
> >
> >  
> >
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke