Punten kang obay naha leres kitu caritana ti india pan di urang seueur patilasan ngeunaan tempat pawayangan sapertos di gn dieng pan seueur patilasan anu nyaritakeun masalah perang barata yudha, upami di india aya tempat samodel kitu teu?
hatur nuhun, s4d3w4 ________________________________ From: sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, November 12, 2008 18:13:53 Subject: [kisunda] Wayang (golek) .......S4D3W4 NAKULA. He..he..he.. kang Nakula, leres yen wayang dina harti medium/alat ekspresi mah asli ti urang, namung jejer carita anu dilakonkeun ku wayang asalna ti India. Salah sahiji carita wayang nyaeta Mahabarata mangrupa epos kuno anu pang panjangna sadunya lamun ditilik tina panjang tulisana. Ku urang Sunda eta jejer carita teh diekpresikeun make medium boneka kai anu disebut wayang golek. Luyu kana dinamika urang Sunda (Indonesia?) , carita asli dirobah jadi versi anyar boh dina tokoh oge karakterna. Lamun ngabandungan wayang golek (sunda), urang bakal panggih jeung dua golongan "bodas" jeung "hideung", nyaeta golongan Pandawa anu bodas jeung golongan Kurawa anu hideung. Padahal dina versi aslina mah, boh Pandawa atawa Kurawa sacara pribadi sewang-sewangan miboga sifat anu abu-abu. Dina harti sajatining manusa. Salah sahiji conto nyaeta Resi Dorna, pan ari dina wayang golek mah karakterna teh jalma sirik pidik jail kaniaya. Tapi dina carita aslina mah henteu kitu, jalma luhung ku elmu jeung miboga rasa bela nagara sajatining satria, ceuk urang kulon mah "right or wrong is my country" jadi manehna mihak Kurawa (Astina). Hal anu sarua oge keur Bisma jeung Prabu Salya. Ih..jadi panjang yeuh.....(bakating ku resep golek). Cag heula ah... Obay. --- On Wed, 11/12/08, S4D3W4 NAKULA <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: From: S4D3W4 NAKULA <[EMAIL PROTECTED] com> Nya sanes atuh kang wayang mah original ti urang lamun wayang ti india dimana diurang nagnggap wayang pasti urang india ge jul jol, ngan salami nanggap wayang teu aya urang india anu nagdon lalajo sabab lamun memang wayang ti india kudu aya atuh urang india anu ningali da eta teh kasenian ti manehna, beda jeung uarng lamun aya wayang teh pada ngajugjug komo lamun diayakeun di nagara batur ge kitu panginten kang hatur nuhun, s4d3w4 Get your new Email address! Grab the Email name you've always wanted before someone else does! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
