He..he..he..kang Nakula, leres yen wayang dina harti medium/alat ekspresi mah 
asli ti urang, namung jejer carita anu dilakonkeun ku wayang asalna ti India. 
Salah sahiji carita wayang nyaeta Mahabarata mangrupa epos kuno anu pang 
panjangna sadunya lamun ditilik tina panjang tulisana.

Ku urang Sunda eta jejer carita teh diekpresikeun make medium boneka kai anu 
disebut wayang golek. Luyu kana dinamika urang Sunda (Indonesia?), carita asli 
dirobah jadi versi anyar boh dina tokoh oge karakterna.

Lamun ngabandungan wayang golek (sunda), urang bakal panggih jeung dua golongan 
"bodas" jeung "hideung", nyaeta golongan Pandawa anu bodas jeung golongan 
Kurawa anu hideung. Padahal dina versi aslina mah, boh Pandawa atawa Kurawa 
sacara pribadi sewang-sewangan miboga sifat anu abu-abu. Dina harti sajatining 
manusa.

Salah sahiji conto nyaeta Resi Dorna, pan ari dina wayang golek mah karakterna 
teh jalma sirik pidik jail kaniaya. Tapi dina carita aslina mah henteu kitu, 
jalma luhung ku elmu jeung miboga rasa bela nagara sajatining satria, ceuk 
urang kulon mah "right or wrong is my country" jadi manehna mihak Kurawa 
(Astina). Hal anu sarua oge keur Bisma jeung Prabu Salya.

Ih..jadi panjang yeuh.....(bakating ku resep golek).

Cag heula ah...
Obay.




--- On Wed, 11/12/08, S4D3W4 NAKULA <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
From: S4D3W4 NAKULA <[EMAIL PROTECTED] com>

Nya
sanes atuh kang wayang mah original ti urang lamun wayang ti india
dimana diurang nagnggap wayang pasti urang india ge jul jol, ngan
salami nanggap wayang teu aya urang india anu nagdon lalajo sabab lamun
memang wayang ti india kudu aya atuh urang india anu ningali da eta teh
kasenian ti manehna, beda jeung uarng lamun aya wayang teh pada
ngajugjug komo lamun diayakeun di nagara batur ge kitu panginten kang
 
hatur nuhun,
s4d3w4



      


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke