mang Obay lan baraya sadaya... upami urg mapay sajarahna carita wayang golek.... ceuk uin mah sanada jeung topik hanacaraka teh ti Jawa. padahal ti Sunda keneh, bedana? hanacaraka Jawa aya 20 aksara hanacaraka Sunda ngan 18 aksasara...tanpa dha jg tha disebutna aksara cacarakan, alfabetisna disebut ka ga nga (pamanggih juragan Holle, ti Garut. yen kaganga aksara sa Asia) mana anu pangheulana? Ti Jawa atw ti Sunda.... US eleh voting, jadi ceuk UJ tehUS nga'rampog' aksara Jawa...hahaaaa Identik jg wayang ti India, conto weh...ari KRESNA teh, KHRISNA di Indiana.... eta kecap jeung gelar, di pedar dina Bhagawad Ghitta, intina WEDHA. ari Khrisna didinya di hartikaeun jentre salaku nu boga, nu ngatur, nu ngarencanakeun....nu boga kawasa. salevel Gusti Allohna... Ari di Sunda? Hyang widi teh, Nu Ngersakeun,nu boga KERESA, KERSA KERSANA, ...KRESNA....KRISNA...KHRISNA?........... jentre? Jadi para baraya sadaya , boa-boa wayang teh ti US? dirampog ku India... Dimana Sanghyang Ismaya,alias Semar ayana? Di Karang Tumaritis, tempat mimiti nitis. (Tasik-Tumasik/Singapura; Tumang- TumaHyang) Koooomo boga anak tilu mah, teu aya di Indiana...ditambahan cenah! Meureun? CEPOT IS SUNDA; DAWALA IS ISLAM. GARENG IS-JAWA? tamba ngalamun....... he33x! ....oca tea...
--- On Wed, 11/12/08, sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [kisunda] Wayang (golek) .......S4D3W4 NAKULA. To: [email protected] Date: Wednesday, November 12, 2008, 3:13 AM He..he..he..kang Nakula, leres yen wayang dina harti medium/alat ekspresi mah asli ti urang, namung jejer carita anu dilakonkeun ku wayang asalna ti India. Salah sahiji carita wayang nyaeta Mahabarata mangrupa epos kuno anu pang panjangna sadunya lamun ditilik tina panjang tulisana. Ku urang Sunda eta jejer carita teh diekpresikeun make medium boneka kai anu disebut wayang golek. Luyu kana dinamika urang Sunda (Indonesia?), carita asli dirobah jadi versi anyar boh dina tokoh oge karakterna. Lamun ngabandungan wayang golek (sunda), urang bakal panggih jeung dua golongan "bodas" jeung "hideung", nyaeta golongan Pandawa anu bodas jeung golongan Kurawa anu hideung. Padahal dina versi aslina mah, boh Pandawa atawa Kurawa sacara pribadi sewang-sewangan miboga sifat anu abu-abu. Dina harti sajatining manusa. Salah sahiji conto nyaeta Resi Dorna, pan ari dina wayang golek mah karakterna teh jalma sirik pidik jail kaniaya. Tapi dina carita aslina mah henteu kitu, jalma luhung ku elmu jeung miboga rasa bela nagara sajatining satria, ceuk urang kulon mah "right or wrong is my country" jadi manehna mihak Kurawa (Astina). Hal anu sarua oge keur Bisma jeung Prabu Salya. Ih..jadi panjang yeuh.....(bakating ku resep golek). Cag heula ah... Obay. --- On Wed, 11/12/08, S4D3W4 NAKULA <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: From: S4D3W4 NAKULA <[EMAIL PROTECTED] com> Nya sanes atuh kang wayang mah original ti urang lamun wayang ti india dimana diurang nagnggap wayang pasti urang india ge jul jol, ngan salami nanggap wayang teu aya urang india anu nagdon lalajo sabab lamun memang wayang ti india kudu aya atuh urang india anu ningali da eta teh kasenian ti manehna, beda jeung uarng lamun aya wayang teh pada ngajugjug komo lamun diayakeun di nagara batur ge kitu panginten kang hatur nuhun, s4d3w4 ------------------------------------ Yahoo! Groups Links
