Kang Sadewa,

Numutkeun kana pamanggih sajarah dugi ka kiwari, leres pisan yen 
carita maha barata teh kawitna ti India. Seueur literatur anu sapuk 
yen eusi tina prosa maha barata teh kalolobaanna mangrupa falsafah 
Hindu. Alatan sumebarna agama hindu, eta carita maha barata oge milu 
sumebar nepi ka urang (Indonesia).

Upami di gn dieng seueur patilasan anu nyaritakeun maha barata, 
tangtu bae asup akal, margi aya pakaitna sareng agama Hindu. Dina hal 
ieu pun Ambu langkung paos kanggo medar ieu sajarah mah margi ajeuna 
manukna.

Tah balik deui kana maha barata, ieu prosa teh dibagi 18 kitab alatan 
ku panjangna carita. Garis badagna eta kitab teh siga kieu:

1. Adi Parva
Mangrupa bubuka nyaritakeun asal muasalna kulawarga Bharata jeung 
carita asalna raja-raja Kuru (Kurawa).

2. Sabha Parva
Nyaritakeun Pandawa ngawangun karajaan Indrapratha jeung carita maen 
dadu anu ngakibatkeun elehna Pandawa alatan dilicikan.

3. Vana Parva/Aranya Parva
Nyaritakeun Pandawa leuleuweungan salila 12 taun alatan eleh maen 
dadu.

4. Virata Parva
Nyaritakeun taun ka 12 (taun panungtung) Pandawa nyumput/nyamur di 
nagara Wirata supaya ulah kanyahoan ku Kurawa keur nyumponan salah 
sahiji sarat bebas tina buangan.

5. Udyoga Parva
Nyaritakeun usaha rekonsiliasi antara Kurawa jeung Pandawa. Dina ieu 
jejer, anu kakoncara lalakon "Kresna Duta". Eta tea geuning anu 
Kresna bisa tiwikrama jadi buta. Tapi rekonsiliasi teu hasil, anu 
ngabalukarkeun perang Bharata Yudha.

6. Bhisma Parva
Nyaritakeun perang Baharata Yudha waktu Bhisma didaulat jadi panglima 
perang pihak Kurawa. Dina ieu babad Bhisma gugur.

7. Drona Parva
Sanggeus Bhisma gugur, pihak Kurawa milih Resi Dorna jadi panglima 
perang. Dina babad ieu loba pisan satria ti dua pihak anu gugur. 
Kitab ieu mangrupakeun kitab utama perang Bharata Yuda. Dorna gugur.

8. Karna Parva
Panglima perang Kurawa ganti ku Adipati Karna. Adipati karna gugur.

9. Shalya Parva
Nyaritakeun perang pamungkas, Prabu Salya jadi panglima Kurawa. 
Ahirna gugur dina hate anu marojengja milih antara Kurawa atawa 
Pandawa.

10. Sauptika Parva
Nyaritakeun Aswatama putrana Resi Dorna maehan para satria Pandawa 
waktu keur sare di tenda.

11. Stri Parva
Nyaritakeun belasungkawana para prameswari anu ditinggal gugur di 
medan laga.


Cag heula nya.....engke disambung deui.

Obay.



--- In [email protected], S4D3W4 NAKULA <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Punten kang obay naha leres kitu caritana ti india pan di urang 
seueur patilasan ngeunaan tempat pawayangan sapertos di gn dieng pan 
seueur patilasan anu nyaritakeun masalah perang barata yudha, upami 
di india aya tempat samodel kitu teu?
> 
> hatur nuhun,
> s4d3w4
> 
> 
> 
> ________________________________
> From: sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Wednesday, November 12, 2008 18:13:53
> Subject: [kisunda] Wayang (golek) .......S4D3W4 NAKULA.
> 
> 
> He..he..he.. kang Nakula, leres yen wayang dina harti medium/alat 
ekspresi mah asli ti urang, namung jejer carita anu dilakonkeun ku 
wayang asalna ti India. Salah sahiji carita wayang nyaeta Mahabarata 
mangrupa epos kuno anu pang panjangna sadunya lamun ditilik tina 
panjang tulisana.
> 
> Ku urang Sunda eta jejer carita teh diekpresikeun make medium 
boneka kai anu disebut wayang golek. Luyu kana dinamika urang Sunda 
(Indonesia?) , carita asli dirobah jadi versi anyar boh dina tokoh 
oge karakterna.
> 
> Lamun ngabandungan wayang golek (sunda), urang bakal panggih jeung 
dua golongan "bodas" jeung "hideung", nyaeta golongan Pandawa anu 
bodas jeung golongan Kurawa anu hideung. Padahal dina versi aslina 
mah, boh Pandawa atawa Kurawa sacara pribadi sewang-sewangan miboga 
sifat anu abu-abu. Dina harti sajatining manusa.
> 
> Salah sahiji conto nyaeta Resi Dorna, pan ari dina wayang golek mah 
karakterna teh jalma sirik pidik jail kaniaya. Tapi dina carita 
aslina mah henteu kitu, jalma luhung ku elmu jeung miboga rasa bela 
nagara sajatining satria, ceuk urang kulon mah "right or wrong is my 
country" jadi manehna mihak Kurawa (Astina). Hal anu sarua oge keur 
Bisma jeung Prabu Salya.
> 
> Ih..jadi panjang yeuh.....(bakating ku resep golek).
> 
> Cag heula ah...
> Obay.


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke