sampurasun -- hatur nuhun, Kag Obay ku pangangkenna mangga, ku abdi ditambihan....ieu mah mung ukur kanggo ngalengepan amargi perkawis WAYANG mah sadayana ge uninga.... mung panginten timana sareng kumaha nampina benten. Kaleresan ieu mah tina sumber , janten sanes abdi NYAHO tapi kaleresan bagian studi anu katampi ku abdi
sadayana nu disebab ku Kang Obay teh di kumkeun nu disebat SASTRA PARWA, kumargi ayana wayang2 teh leres pangaruh India melalui proses akulturasi tetapi kemudian digubah disesuaikan oleh para pujangga (kala itu disebut kelompok Cendekiawan) dengan kepribadian kita. Jadi ketika tokoh2 wayag yang ada di Indonesia dibandingkan dengan asal suberna (INDIA) hanya sekedar tokoh tetapi kisah hidup dan jala cerita nya sungguh jauh berbeda ... bahkan sangat tidak INDIA. semua wayang yang ada di INdonesia digubah oleh para pujangga (istana) ke dalam bentuk karyasusastra (keagamaan sehubungan dengan kepentingan sosial politik dan budaya) semuanya merupakan kisah kepahlawanan LAKU TAPA > kehidupan di dunia arena itu kerap disebut EPOS. Mahabharata diceritakan berseri setiap kisahnya (parwa), terdiri dari 8 parwa (maka kerap disebut SASTRA PARWA) yaitu: 1. Adi-parwa 2. Wirata-parwa 3. Udyoga-parwa 4. Bhisma-parwa 5. Asramawasa-parwa 6. Mosala-parwa 7. Prasthanika-parwa 8. Swargarohana-parwa sedangkan Ramayana digolongkan sebagai Uttarakanda dan bukan merupakan bagia dari Mahabharata. Disebut Uttarakanda karena kisahnya terdiri dari 7 kanda dan sayangnya belum diterbitkan selurhnya, melainkan hanya khusus kanda antara Sag Rama dan Rahwana saja > inilah yang kemudian dikenal oleh kita ; 6 kanda lainnya masih disimpan di Bibliothek te Leiden, Rijk Universiteit _ Nederlands Tabe pu AMBU a ________________________________ From: sobarh <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, November 13, 2008 12:50:31 PM Subject: [kisunda] Re: Wayang (golek) .......S4D3W4 NAKULA. Kang Sadewa, Numutkeun kana pamanggih sajarah dugi ka kiwari, leres pisan yen carita maha barata teh kawitna ti India. Seueur literatur anu sapuk yen eusi tina prosa maha barata teh kalolobaanna mangrupa falsafah Hindu. Alatan sumebarna agama hindu, eta carita maha barata oge milu sumebar nepi ka urang (Indonesia). Upami di gn dieng seueur patilasan anu nyaritakeun maha barata, tangtu bae asup akal, margi aya pakaitna sareng agama Hindu. Dina hal ieu pun Ambu langkung paos kanggo medar ieu sajarah mah margi ajeuna manukna. Tah balik deui kana maha barata, ieu prosa teh dibagi 18 kitab alatan ku panjangna carita. Garis badagna eta kitab teh siga kieu: 1. Adi Parva Mangrupa bubuka nyaritakeun asal muasalna kulawarga Bharata jeung carita asalna raja-raja Kuru (Kurawa). 2. Sabha Parva Nyaritakeun Pandawa ngawangun karajaan Indrapratha jeung carita maen dadu anu ngakibatkeun elehna Pandawa alatan dilicikan. 3. Vana Parva/Aranya Parva Nyaritakeun Pandawa leuleuweungan salila 12 taun alatan eleh maen dadu. 4. Virata Parva Nyaritakeun taun ka 12 (taun panungtung) Pandawa nyumput/nyamur di nagara Wirata supaya ulah kanyahoan ku Kurawa keur nyumponan salah sahiji sarat bebas tina buangan. 5. Udyoga Parva Nyaritakeun usaha rekonsiliasi antara Kurawa jeung Pandawa. Dina ieu jejer, anu kakoncara lalakon "Kresna Duta". Eta tea geuning anu Kresna bisa tiwikrama jadi buta. Tapi rekonsiliasi teu hasil, anu ngabalukarkeun perang Bharata Yudha. 6. Bhisma Parva Nyaritakeun perang Baharata Yudha waktu Bhisma didaulat jadi panglima perang pihak Kurawa. Dina ieu babad Bhisma gugur. 7. Drona Parva Sanggeus Bhisma gugur, pihak Kurawa milih Resi Dorna jadi panglima perang. Dina babad ieu loba pisan satria ti dua pihak anu gugur. Kitab ieu mangrupakeun kitab utama perang Bharata Yuda. Dorna gugur. 8. Karna Parva Panglima perang Kurawa ganti ku Adipati Karna. Adipati karna gugur. 9. Shalya Parva Nyaritakeun perang pamungkas, Prabu Salya jadi panglima Kurawa. Ahirna gugur dina hate anu marojengja milih antara Kurawa atawa Pandawa. 10. Sauptika Parva Nyaritakeun Aswatama putrana Resi Dorna maehan para satria Pandawa waktu keur sare di tenda. 11. Stri Parva Nyaritakeun belasungkawana para prameswari anu ditinggal gugur di medan laga. Cag heula nya.....engke disambung deui. Obay. --- In [EMAIL PROTECTED] .com, S4D3W4 NAKULA <[EMAIL PROTECTED] .> wrote: > > Punten kang obay naha leres kitu caritana ti india pan di urang seueur patilasan ngeunaan tempat pawayangan sapertos di gn dieng pan seueur patilasan anu nyaritakeun masalah perang barata yudha, upami di india aya tempat samodel kitu teu? > > hatur nuhun, > s4d3w4 > > > > ____________ _________ _________ __ > From: sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED]> > To: [EMAIL PROTECTED] .com > Sent: Wednesday, November 12, 2008 18:13:53 > Subject: [kisunda] Wayang (golek) .......S4D3W4 NAKULA. > > > He..he..he.. kang Nakula, leres yen wayang dina harti medium/alat ekspresi mah asli ti urang, namung jejer carita anu dilakonkeun ku wayang asalna ti India. Salah sahiji carita wayang nyaeta Mahabarata mangrupa epos kuno anu pang panjangna sadunya lamun ditilik tina panjang tulisana. > > Ku urang Sunda eta jejer carita teh diekpresikeun make medium boneka kai anu disebut wayang golek. Luyu kana dinamika urang Sunda (Indonesia?) , carita asli dirobah jadi versi anyar boh dina tokoh oge karakterna. > > Lamun ngabandungan wayang golek (sunda), urang bakal panggih jeung dua golongan "bodas" jeung "hideung", nyaeta golongan Pandawa anu bodas jeung golongan Kurawa anu hideung. Padahal dina versi aslina mah, boh Pandawa atawa Kurawa sacara pribadi sewang-sewangan miboga sifat anu abu-abu. Dina harti sajatining manusa. > > Salah sahiji conto nyaeta Resi Dorna, pan ari dina wayang golek mah karakterna teh jalma sirik pidik jail kaniaya. Tapi dina carita aslina mah henteu kitu, jalma luhung ku elmu jeung miboga rasa bela nagara sajatining satria, ceuk urang kulon mah "right or wrong is my country" jadi manehna mihak Kurawa (Astina). Hal anu sarua oge keur Bisma jeung Prabu Salya. > > Ih..jadi panjang yeuh.....(bakating ku resep golek). > > Cag heula ah... > Obay.
