Punten kang obay naha leres kitu caritana ti india pan di urang seueur 
patilasan ngeunaan tempat pawayangan sapertos di gn dieng pan seueur patilasan 
anu nyaritakeun masalah perang barata yudha, upami di india aya tempat samodel 
kitu teu?

hatur nuhun,
s4d3w4



________________________________
From: sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, November 12, 2008 18:13:53
Subject: [kisunda] Wayang (golek) .......S4D3W4 NAKULA.


He..he..he.. kang Nakula, leres yen wayang dina harti medium/alat ekspresi mah 
asli ti urang, namung jejer carita anu dilakonkeun ku wayang asalna ti India. 
Salah sahiji carita wayang nyaeta Mahabarata mangrupa epos kuno anu pang 
panjangna sadunya lamun ditilik tina panjang tulisana.

Ku urang Sunda eta jejer carita teh diekpresikeun make medium boneka kai anu 
disebut wayang golek. Luyu kana dinamika urang Sunda (Indonesia?) , carita asli 
dirobah jadi versi anyar boh dina tokoh oge karakterna.

Lamun ngabandungan wayang golek (sunda), urang bakal panggih jeung dua golongan 
"bodas" jeung "hideung", nyaeta golongan Pandawa anu bodas jeung golongan 
Kurawa anu hideung. Padahal dina versi aslina mah, boh Pandawa atawa Kurawa 
sacara pribadi sewang-sewangan miboga sifat anu abu-abu. Dina harti sajatining 
manusa.

Salah sahiji conto nyaeta Resi Dorna, pan ari dina wayang golek mah karakterna 
teh jalma sirik pidik jail kaniaya. Tapi dina carita aslina mah henteu kitu, 
jalma luhung ku elmu jeung miboga rasa bela nagara sajatining satria, ceuk 
urang kulon mah "right or wrong is my country" jadi manehna mihak Kurawa 
(Astina). Hal anu sarua oge keur Bisma jeung Prabu Salya.

Ih..jadi panjang yeuh.....(bakating ku resep golek).

Cag heula ah...
Obay.

--- On Wed, 11/12/08, S4D3W4 NAKULA <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
From: S4D3W4 NAKULA <[EMAIL PROTECTED] com>

Nya
sanes atuh kang wayang mah original ti urang lamun wayang ti india
dimana diurang nagnggap wayang pasti urang india ge jul jol, ngan
salami nanggap wayang teu aya urang india anu nagdon lalajo sabab lamun
memang wayang ti india kudu aya atuh urang india anu ningali da eta teh
kasenian ti manehna, beda jeung uarng lamun aya wayang teh pada
ngajugjug komo lamun diayakeun di nagara batur ge kitu panginten kang

hatur nuhun,
s4d3w4

 


      New Email names for you! 
Get the Email name you&#39;ve always wanted on the new @ymail and @rocketmail. 
Hurry before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke