lain gehgeran Kang Ilen ieu mah, padah meureun karuhuna sarua.. 

lamun wasa mah moal boa dibolekerkeun tah naon atuh agama teh, 
tapi dipikir deui engke urang Sunda kalaluar tina agamana, 
teu rek teu kitu kumaha atuh, 
urang sunda geus teu sieun kudosa, 
pahala teu mere motivasi, 
malaikat bungkeuleukan, 
setan-setan ting jungkiring, 
naraka jeung sawarga karandapan, 
hari akhir dimimitian ti ayeuna, 
pamali mah komo geus camal. 
agama jadi hambar siga roti tawar, 

kukituna keun bae atuh urang antep,
da geuning urang sunda-na masih keneh resep sensasi tibatan esensi, 

cag, 

salam kenal kanggo Kang Shandy, sok geura guar tah bekelna..! 


  ----- Original Message ----- 
  From: ilen kardani 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, November 13, 2008 8:10 PM
  Subject: Re: [kisunda] Bedana Agama nu Syiar atawa Misi & Teu Syiar atawa Misi


  Nepangkeun kang Shandy, abdi pun ilen kardani.

  Saluyu pisan kana pedaranana, sadaya agami sami tuntunan kana jalan anu sae, 
berarti jalmi nu tos sarae mah teu peryogi agama......."Ayeuna urang saring 
sadaya agama anu aya, pilih hiji nu panghade-hadena, keur ageman salarea, nu 
teu miluan kana eta agama dingaranan non agamis", Non agamis teh lain hartina 
atheis, da teu kudu make jalan agama wae ngumawula ka Nu Maha Kawasa mah.


  Mangga lajengkeun deui

  At 08:08 PM 11/12/2008, shandy noer wrote:



    Salam ka sadaya, nepangkeun abdi shandy sareng anggota baru.
    Aduh topikna sae pisan perkawis agami, manawi tiasa ngiringan nambihan 
khasanah.

    Upami ditaliti yen sadaya agami oge sami tuntunan na mah nyaeta pituduh 
kana jalan anu sae sareng ngalarang kana jalan anu awon. Mung benten nami kanu 
maha kawasa, kitab tuntunan sareng panutannana.



  . 
   

Kirim email ke