Salam ka sadaya, nepangkeun abdi shandy sareng anggota baru.
Aduh topikna sae pisan perkawis agami, manawi tiasa ngiringan nambihan khasanah.

Upami ditaliti yen sadaya agami oge sami tuntunan na mah nyaeta pituduh kana 
jalan anu sae sareng ngalarang kana jalan anu awon. Mung benten nami kanu maha 
kawasa, kitab tuntunan sareng panutannana.

Tiap manusa pasti benten kana pangartos agami, sawios agamina sami komo deui 
upami benten mah. Ari dasarna mah kumargi agami teh hal anu abstrak, seueur anu 
henteu tiasa dibuktoskeun ku kanyataan. Tah kumargi kitu butuh kakiatan 
kayakinan kangge nungtunna. Da upami jujur mah seuseueurna manusa teh ngangken 
agami anu dianut masih agami turunan. Peryogi waktos kangge ngarobih janten 
agami kayakinan. Ari khasanah abdimah bukti yen manusa can ngajadikeun agami 
kayakinan nyaeta tina polahna anu sok nyalahkeun ka batur anu beda pangarti 
sanajan sami agamina, komo deui anu sok nyalahkeun kanu beda agami. 

Conto hal anu sejen yen manusa teh masih can yakin kana agami na sapertos, 
masih paboro-boro harta sanajan make cara anu salah. Dina umat Islam (abdi oge 
masih diajar) lamun ngalakukeun ibadah atawa do'a ka Allah SWT anu salah sieun 
ngalakukeunana, tapi ngalakukeun anu bener-bener salah geus jadi kabiasaan. 
Sapertos conto dina bulan ramadan kamari, lamu nginum cai tengah poe keur puasa 
mah teu wani da jadi batal, tapi polah ngabohong jeung tara solat mah wani 
ngalakukeun lantaran geus jadi kabiasaan. Padahal solatmah nomer ka 2, puasa 
nomer ka 3 dina rukun islam.

Jadi balik ka asal abdi ngadukung kang dudi, mending sili asih jeun sili asuh 
ka kabeh manusa. Dari pada ngabahas agami anu tung-tung na mah ngan parebut 
kata atawa kalimat pepesan kosong, mending nyieun kagiatan anu mangpaat keur 
manusa jeung alam. Da aya tuntunan ti kolot yen lamun bisa ngajungjung sili 
asih jeung asuh ka manusa tur ka alam bakal panggih jeung anu boga ieu alam 
dunya, tapi lamun ngan ngu-ngudag atawa neangan anu kawasa bakal jadi prustasi 
da seueur anu teu nyata. Kasimpulan khasanah abdimah nyaeta hubungan sasama 
manusa jeung alam konci manggih pangarti oge kayakinan kanu kawasa. 

Hapunten kanu kasuhun upami  khasanah abdi lepat, margi masih diajar keneh. 
 

--- On Wed, 11/12/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Bedana Agama nu Syiar atawa Misi & Teu Syiar atawa Misi
To: [email protected]
Date: Wednesday, November 12, 2008, 5:04 PM










    
            


ieu mah sanes jawaban patarosan RKK, komo ari munel 
mah sifatna relatif sareng subjektif... 
 
Baraya sadaya, 
 
Bangsa Sunda ayeuna geus mangrupa 
kombinasi tina "sajarah masa laluna" urang moal bisa malikan atawa nyalahkeun 
anu geus kaliwat, faktana ayeuna urang loba anu beda karesep, loba aspek 
karesep 
utama naon anu disebut agama. Aya urang sunda anu resep agama Katolik, 
Islam, agama Sunda wae, asana mah syariat Sunda ge loba aliranana anu can 
tangtu sapamdegan, antara aliran teh, kitu deui jeung agama Islam atawa 
agama sejena. rek kumaha? rek disaruakeun? ceuk uing mah moal bisa da lamun 
disaruakeun, ge engkena pasti masing-masing misah deui, eta mah jigana geus 
sifat jalma. 
 
Agama moal bisa maksa jeung 
dipaksakeun, agama henteu gumantung ka batur, lamun urang yakin ulah gimir 
padah 
urang sorangan. Urang Sunda oga sifat akomodatif sigana (agama) Sunda oge kitu, 
keun bae syariatna teu katingali asal hakekatna kahontal. 
 
Ayeuna mah mendingan urang silih 
taksir, neangan Urang Sunda anu boga Niat, Tekad, Ucap, Lampah, Paripolahna 
sarua. 
 
wassalam
 
 
 

  ----- Original Message ----- 
  From: 
  rahyangkujang 
  
  To: richadiana kartakusuma 

  Cc: [EMAIL PROTECTED] .com 
  Sent: Tuesday, November 11, 2008 5:26 
  PM
  Subject: [kisunda] Bedana Agama nu Syiar 
  atawa Misi & Teu Syiar atawa Misi
  

  
  
  Sampurasun,

Kunaon 
  ari ari agama Islam, Kristen sareng agama sanes asli asal pribumi Indonesia 
  ngagaduhan sifat syiar atanapi nyebarkeun misi kaagamaanaana mangrupi 
atanapai 
  ngalangkungan dakwah, kotbah sareng sajabina. sedengkeun ari agama asli 
  pribumi Indonesia teu sapertos kitu. samalih cenderung henteu disyiarkeun 
  atanapi dikembangkeun pikeun kelompok sanes. tapi mun saukur khusu mung 
kanggo 
  diwewengkona atanapi kelompok suku bangsana / bangsana wae ?

manawi 
  bawiraos tiasa aya nu masihan pangdeuel pamendak anu munel.
hatur 
  nuhun.

RKK


  

      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke