Eueueuh kitu ? Da abdi mah atuh da boloho keneh di na masalah Agama Sunda teh; tumaros soteh, manawi teh sami sareng gama sanesna. Punten atuh Nuhun pisan ku pedaranana, jnen aya pencerahan teh kanggo abdi. Abbas Amin
--- On Thu, 11/13/08, S4D3W4 NAKULA <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: S4D3W4 NAKULA <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Bedana Agama nu Syiar atawa Misi & Teu Syiar atawa Misi To: [email protected] Date: Thursday, November 13, 2008, 4:25 AM Kang punten sim kuring ngiring mairan sakaterang abdi mah di sunda mah teu aya agama nu aya ge ageman sabab di sunda mah teu aya nu ngaku utusan teu aya nu ngaku anak estuning madep kanu maha kawasa teh langsung pribadina masing-masing da urang sunda mah ngarumasakeun teu daya teu upaya usik malik anging pangawasa gusti, ayana agama teh kusabab aya nu datang ti luar anu masarkeun dagangan sewang-sewangan nu ngajarkeun bener jeung bageur padahal urang sunda baheula mah bener jeung bageur teh geus jadi kabiasaan teu kudu diajarkeun deui makana di sunda mah alam na subur makmur aman tentrem gemah ripah lohjinawi. Ngan kuayana barang anyar jadi rame teh pedah teu sarua jadi pasea padahal urang teh kuduna mah silih asah silih asuh silih asih jeung papada jalma. Hatur nuhun, s4d3w4 From: Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Thursday, November 13, 2008 4:27:36 Subject: Re: [kisunda] Bedana Agama nu Syiar atawa Misi & Teu Syiar atawa Misi AA: Ari abdi nu hoyong ngartos kumaha tah ? Tapi dugi ka ayena teu aya nu ngajelaskeun, boa abdi ge bade pindah ka agama Sunda, upami kahartos mah, sanes ? --- On Wed, 11/12/08, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote: From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> Subject: Re: [kisunda] Bedana Agama nu Syiar atawa Misi & Teu Syiar atawa Misi To: [EMAIL PROTECTED] .com Date: Wednesday, November 12, 2008, 5:59 PM tah geuning jejeg.. ngartos tur kahartos From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Wednesday, November 12, 2008 5:04:19 PM Subject: Re: [kisunda] Bedana Agama nu Syiar atawa Misi & Teu Syiar atawa Misi ieu mah sanes jawaban patarosan RKK, komo ari munel mah sifatna relatif sareng subjektif... Baraya sadaya, Bangsa Sunda ayeuna geus mangrupa kombinasi tina "sajarah masa laluna" urang moal bisa malikan atawa nyalahkeun anu geus kaliwat, faktana ayeuna urang loba anu beda karesep, loba aspek karesep utama naon anu disebut agama. Aya urang sunda anu resep agama Katolik, Islam, agama Sunda wae, asana mah syariat Sunda ge loba aliranana anu can tangtu sapamdegan, antara aliran teh, kitu deui jeung agama Islam atawa agama sejena. rek kumaha? rek disaruakeun? ceuk uing mah moal bisa da lamun disaruakeun, ge engkena pasti masing-masing misah deui, eta mah jigana geus sifat jalma. Agama moal bisa maksa jeung dipaksakeun, agama henteu gumantung ka batur, lamun urang yakin ulah gimir padah urang sorangan. Urang Sunda oga sifat akomodatif sigana (agama) Sunda oge kitu, keun bae syariatna teu katingali asal hakekatna kahontal. Ayeuna mah mendingan urang silih taksir, neangan Urang Sunda anu boga Niat, Tekad, Ucap, Lampah, Paripolahna sarua. wassalam ----- Original Message ----- From: rahyangkujang To: richadiana kartakusuma Cc: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Tuesday, November 11, 2008 5:26 PM Subject: [kisunda] Bedana Agama nu Syiar atawa Misi & Teu Syiar atawa Misi Sampurasun, Kunaon ari ari agama Islam, Kristen sareng agama sanes asli asal pribumi Indonesia ngagaduhan sifat syiar atanapi nyebarkeun misi kaagamaanaana mangrupi atanapai ngalangkungan dakwah, kotbah sareng sajabina. sedengkeun ari agama asli pribumi Indonesia teu sapertos kitu. samalih cenderung henteu disyiarkeun atanapi dikembangkeun pikeun kelompok sanes. tapi mun saukur khusu mung kanggo diwewengkona atanapi kelompok suku bangsana / bangsana wae ? manawi bawiraos tiasa aya nu masihan pangdeuel pamendak anu munel. hatur nuhun. RKK Get your preferred Email name! Now you can @ymail.com and @rocketmail. com.
