Nepangkeun kang Shandy, abdi pun ilen kardani.
Saluyu pisan kana pedaranana, sadaya agami sami
tuntunan kana jalan anu sae, berarti jalmi nu tos
sarae mah teu peryogi agama......."Ayeuna urang
saring sadaya agama anu aya, pilih hiji nu
panghade-hadena, keur ageman salarea, nu teu
miluan kana eta agama dingaranan non agamis", Non
agamis teh lain hartina atheis, da teu kudu make
jalan agama wae ngumawula ka Nu Maha Kawasa mah.
Mangga lajengkeun deui
At 08:08 PM 11/12/2008, shandy noer wrote:
Salam ka sadaya, nepangkeun abdi shandy sareng anggota baru.
Aduh topikna sae pisan perkawis agami, manawi
tiasa ngiringan nambihan khasanah.
Upami ditaliti yen sadaya agami oge sami
tuntunan na mah nyaeta pituduh kana jalan anu
sae sareng ngalarang kana jalan anu awon. Mung
benten nami kanu maha kawasa, kitab tuntunan sareng panutannana.
Tiap manusa pasti benten kana pangartos agami,
sawios agamina sami komo deui upami benten mah.
Ari dasarna mah kumargi agami teh hal anu
abstrak, seueur anu henteu tiasa dibuktoskeun ku
kanyataan. Tah kumargi kitu butuh kakiatan
kayakinan kangge nungtunna. Da upami jujur mah
seuseueurna manusa teh ngangken agami anu dianut
masih agami turunan. Peryogi waktos kangge
ngarobih janten agami kayakinan. Ari khasanah
abdimah bukti yen manusa can ngajadikeun agami
kayakinan nyaeta tina polahna anu sok nyalahkeun
ka batur anu beda pangarti sanajan sami agamina,
komo deui anu sok nyalahkeun kanu beda agami.
Conto hal anu sejen yen manusa teh masih can
yakin kana agami na sapertos, masih paboro-boro
harta sanajan make cara anu salah. Dina umat
Islam (abdi oge masih diajar) lamun ngalakukeun
ibadah atawa do'a ka Allah SWT anu salah sieun
ngalakukeunana, tapi ngalakukeun anu bener-bener
salah geus jadi kabiasaan. Sapertos conto dina
bulan ramadan kamari, lamu nginum cai tengah poe
keur puasa mah teu wani da jadi batal, tapi
polah ngabohong jeung tara solat mah wani
ngalakukeun lantaran geus jadi kabiasaan.
Padahal solatmah nomer ka 2, puasa nomer ka 3 dina rukun islam.
Jadi balik ka asal abdi ngadukung kang dudi,
mending sili asih jeun sili asuh ka kabeh
manusa. Dari pada ngabahas agami anu tung-tung
na mah ngan parebut kata atawa kalimat pepesan
kosong, mending nyieun kagiatan anu mangpaat
keur manusa jeung alam. Da aya tuntunan ti kolot
yen lamun bisa ngajungjung sili asih jeung asuh
ka manusa tur ka alam bakal panggih jeung anu
boga ieu alam dunya, tapi lamun ngan ngu-ngudag
atawa neangan anu kawasa bakal jadi prustasi da
seueur anu teu nyata. Kasimpulan khasanah
abdimah nyaeta hubungan sasama manusa jeung alam
konci manggih pangarti oge kayakinan kanu kawasa.
Hapunten kanu kasuhun upami khasanah abdi lepat, margi masih diajar keneh.
--- On Wed, 11/12/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Bedana Agama nu Syiar atawa Misi & Teu Syiar atawa Misi
To: [email protected]
Date: Wednesday, November 12, 2008, 5:04 PM
ieu mah sanes jawaban patarosan RKK, komo ari
munel mah sifatna relatif sareng subjektif...
Baraya sadaya,
Bangsa Sunda ayeuna geus mangrupa kombinasi tina
"sajarah masa laluna" urang moal bisa malikan
atawa nyalahkeun anu geus kaliwat, faktana
ayeuna urang loba anu beda karesep, loba aspek
karesep utama naon anu disebut agama. Aya urang
sunda anu resep agama Katolik, Islam, agama
Sunda wae, asana mah syariat Sunda ge loba
aliranana anu can tangtu sapamdegan, antara
aliran teh, kitu deui jeung agama Islam atawa
agama sejena. rek kumaha? rek disaruakeun? ceuk
uing mah moal bisa da lamun disaruakeun, ge
engkena pasti masing-masing misah deui, eta mah jigana geus sifat jalma.
Agama moal bisa maksa jeung dipaksakeun, agama
henteu gumantung ka batur, lamun urang yakin
ulah gimir padah urang sorangan. Urang Sunda oga
sifat akomodatif sigana (agama) Sunda oge kitu,
keun bae syariatna teu katingali asal hakekatna kahontal.
Ayeuna mah mendingan urang silih taksir, neangan
Urang Sunda anu boga Niat, Tekad, Ucap, Lampah, Paripolahna sarua.
wassalam
----- Original Message -----
From: <mailto:[EMAIL PROTECTED]>rahyangkujang
To: <mailto:[EMAIL PROTECTED]>richadiana kartakusuma
Cc: <mailto:[email protected]>[EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Tuesday, November 11, 2008 5:26 PM
Subject: [kisunda] Bedana Agama nu Syiar atawa Misi & Teu Syiar atawa Misi
Sampurasun,
Kunaon ari ari agama Islam, Kristen sareng agama
sanes asli asal pribumi Indonesia ngagaduhan
sifat syiar atanapi nyebarkeun misi
kaagamaanaana mangrupi atanapai ngalangkungan
dakwah, kotbah sareng sajabina. sedengkeun ari
agama asli pribumi Indonesia teu sapertos kitu.
samalih cenderung henteu disyiarkeun atanapi
dikembangkeun pikeun kelompok sanes. tapi mun
saukur khusu mung kanggo diwewengkona atanapi
kelompok suku bangsana / bangsana wae ?
manawi bawiraos tiasa aya nu masihan pangdeuel pamendak anu munel.
hatur nuhun.
RKK
__________________________________________________
ILEN KARDANI
Drilling Services Manager
Schlumberger Drilling & Measurements
16 Floor, Rohas Perkasa
No.8 Jalan Perak
50450 Kuala Lumpur Malaysia
Tel: 60 (3) 2166 7788
DID: 60 (3) 2169 4180
Fax: 60 (3) 21667100
Mobile: 60 (12) 2516485
mailto:[EMAIL PROTECTED]