wah...Rampes mang Sandi...wilujeng tepang di ieu milis.... ieu new comer, mani tapis lan rikat pisan ngaguarna... leres piiisan eta pamadegan mani kayungyun kitu... matakna uin kamari gen nulis, uin mah moal ngiluan dina silih poyok agama.... komo ka agama batur, anu sakitab ogen masih bisa keneh silih paehan.... sok muncul ego jeung arogansi agama, komo ka anu taklid buta mah, buta terong piiiisan!
Enya panuju lah, mending ogen prak dina bag-bagan ajen kamanusaan... tri silas tea, silih asah,asih en asuh, pan,... jadi silih as...ssoooy ....? endah jaaaaasa.... mun sadunya make palsapah Sunda nya? ceuk Dubes Inggris barang ngadangu presentasi TriSilas... (anu medarkeunana Ketua DPRD Jabar harita teh...kg Eka Santosa) sok, ....geura eta pondok nyogokna palsapah.... teu kudu parea-rea omon, pa-alus2 kitab... anu hese mah,.... maca kitab diri... he33x! ....oca tea... --- On Wed, 11/12/08, shandy noer <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: shandy noer <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Bedana Agama nu Syiar atawa Misi & Teu Syiar atawa Misi To: [email protected] Date: Wednesday, November 12, 2008, 4:08 AM Salam ka sadaya, nepangkeun abdi shandy sareng anggota baru. Aduh topikna sae pisan perkawis agami, manawi tiasa ngiringan nambihan khasanah. Upami ditaliti yen sadaya agami oge sami tuntunan na mah nyaeta pituduh kana jalan anu sae sareng ngalarang kana jalan anu awon. Mung benten nami kanu maha kawasa, kitab tuntunan sareng panutannana. Tiap manusa pasti benten kana pangartos agami, sawios agamina sami komo deui upami benten mah. Ari dasarna mah kumargi agami teh hal anu abstrak, seueur anu henteu tiasa dibuktoskeun ku kanyataan. Tah kumargi kitu butuh kakiatan kayakinan kangge nungtunna. Da upami jujur mah seuseueurna manusa teh ngangken agami anu dianut masih agami turunan. Peryogi waktos kangge ngarobih janten agami kayakinan. Ari khasanah abdimah bukti yen manusa can ngajadikeun agami kayakinan nyaeta tina polahna anu sok nyalahkeun ka batur anu beda pangarti sanajan sami agamina, komo deui anu sok nyalahkeun kanu beda agami. Conto hal anu sejen yen manusa teh masih can yakin kana agami na sapertos, masih paboro-boro harta sanajan make cara anu salah. Dina umat Islam (abdi oge masih diajar) lamun ngalakukeun ibadah atawa do'a ka Allah SWT anu salah sieun ngalakukeunana, tapi ngalakukeun anu bener-bener salah geus jadi kabiasaan. Sapertos conto dina bulan ramadan kamari, lamu nginum cai tengah poe keur puasa mah teu wani da jadi batal, tapi polah ngabohong jeung tara solat mah wani ngalakukeun lantaran geus jadi kabiasaan. Padahal solatmah nomer ka 2, puasa nomer ka 3 dina rukun islam. Jadi balik ka asal abdi ngadukung kang dudi, mending sili asih jeun sili asuh ka kabeh manusa. Dari pada ngabahas agami anu tung-tung na mah ngan parebut kata atawa kalimat pepesan kosong, mending nyieun kagiatan anu mangpaat keur manusa jeung alam. Da aya tuntunan ti kolot yen lamun bisa ngajungjung sili asih jeung asuh ka manusa tur ka alam bakal panggih jeung anu boga ieu alam dunya, tapi lamun ngan ngu-ngudag atawa neangan anu kawasa bakal jadi prustasi da seueur anu teu nyata. Kasimpulan khasanah abdimah nyaeta hubungan sasama manusa jeung alam konci manggih pangarti oge kayakinan kanu kawasa. Hapunten kanu kasuhun upami khasanah abdi lepat, margi masih diajar keneh. --- On Wed, 11/12/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Bedana Agama nu Syiar atawa Misi & Teu Syiar atawa Misi To: [email protected] Date: Wednesday, November 12, 2008, 5:04 PM ieu mah sanes jawaban patarosan RKK, komo ari munel mah sifatna relatif sareng subjektif... Baraya sadaya, Bangsa Sunda ayeuna geus mangrupa kombinasi tina "sajarah masa laluna" urang moal bisa malikan atawa nyalahkeun anu geus kaliwat, faktana ayeuna urang loba anu beda karesep, loba aspek karesep utama naon anu disebut agama. Aya urang sunda anu resep agama Katolik, Islam, agama Sunda wae, asana mah syariat Sunda ge loba aliranana anu can tangtu sapamdegan, antara aliran teh, kitu deui jeung agama Islam atawa agama sejena. rek kumaha? rek disaruakeun? ceuk uing mah moal bisa da lamun disaruakeun, ge engkena pasti masing-masing misah deui, eta mah jigana geus sifat jalma. Agama moal bisa maksa jeung dipaksakeun, agama henteu gumantung ka batur, lamun urang yakin ulah gimir padah urang sorangan. Urang Sunda oga sifat akomodatif sigana (agama) Sunda oge kitu, keun bae syariatna teu katingali asal hakekatna kahontal. Ayeuna mah mendingan urang silih taksir, neangan Urang Sunda anu boga Niat, Tekad, Ucap, Lampah, Paripolahna sarua. wassalam ----- Original Message ----- From: rahyangkujang To: richadiana kartakusuma Cc: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Tuesday, November 11, 2008 5:26 PM Subject: [kisunda] Bedana Agama nu Syiar atawa Misi & Teu Syiar atawa Misi Sampurasun, Kunaon ari ari agama Islam, Kristen sareng agama sanes asli asal pribumi Indonesia ngagaduhan sifat syiar atanapi nyebarkeun misi kaagamaanaana mangrupi atanapai ngalangkungan dakwah, kotbah sareng sajabina. sedengkeun ari agama asli pribumi Indonesia teu sapertos kitu. samalih cenderung henteu disyiarkeun atanapi dikembangkeun pikeun kelompok sanes. tapi mun saukur khusu mung kanggo diwewengkona atanapi kelompok suku bangsana / bangsana wae ? manawi bawiraos tiasa aya nu masihan pangdeuel pamendak anu munel. hatur nuhun. RKK
