AA: tah kedah kitu atuh, tanpa arrogansi --- On Thu, 11/13/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Bedana Agama nu Syiar atawa Misi & Teu Syiar atawa Mis To: [email protected] Date: Thursday, November 13, 2008, 6:24 PM kg Nduuuud, uwa Duq lan....barayaaaaaaa a sadaya...,. nyanggakeun sadaya daya... uin,.... teu daya teu upaya... ngiring mairan, saaya -aya........ ......... .... tri tangtu di salira.......! agama teh, mangrupa ageman...pakkeun agemeun... hanteu kedah lieur.... hanteu kedah honcewang... hanteu kedah lewang... right? that's all alias, cag tea... rampes,.... rampa salira he33x! ....oca tea... --- On Wed, 11/12/08, ua duq <dudi.herlianto@ gmail.com> wrote: From: ua duq <dudi.herlianto@ gmail.com> Subject: Re: [kisunda] Bedana Agama nu Syiar atawa Misi & Teu Syiar atawa Mis To: [EMAIL PROTECTED] .com Date: Wednesday, November 12, 2008, 9:11 PM euleuh jadi rarieur kuring mah kang. naon bentenna agama jeung ageman? kapaksa ngotektak kamus. agama, cek kamus mah asal kecapna tina basa sangsekerta, artina 'kapercayaan ka nu kawasa jeung aturan-aturan ibadahna'. ageman: 'cecekelan atawa nu dipuhit'. upama ditingali ti dinya, agama bisa jadi ageman. ageman bisa jadi agama. malah kabeh agama ngarupakeun ageman. ngan enya jigana teu sakabeh ageman, agama. contona jiga jurus ageman wirosableng we 'pukulan matahari' nu can asup jadi agama anyar haha. tah, ari sunda, agama atawa ukur ageman? urang asupkeun sarat kamus keur agama. hiji kudu aya nu kawasana. sunda? aya, saur kang hijidewa (haha, punten, heureuy) ngaranna: gusti. aturan-aturan ibadahna, aya. kuring pernah ningali upacara-upara ritual sunda. jadi mun make definisi kamus, sunda geus bisa diasupkeun ka agama lain ageman wungkul. ngan, deui-deui ngan, rea jalma nu ngomong, 'ulah percaya kamus', cenah. jadi? .... haha *** eta cenah, aya pangaruh ti luar. nu ngajadikeun harenghengna 'sunda'. kuring mah yakin, nolak pangaruh ti luar hiji kamustahilan. elehna/sieunna 'sunda' ku pangaruh luar bisa jadi gambaran yen 'sunda' teh hengker, jigana salahsahiji sababna mah, 'sunda' teu bisa ngigelan jaman. 'sunda' teu bisa masinian pangaruhluar, kateuingan nutup diri, kateuingan romantis, kateuingan ngarasa pangteuingna. .. *** kuring mah sok ngalelewe, ka ageman nu sok ngarasa pangsampurnana. .. jigana 'sunda' ge geus meujeuhna ku kuring dilelewe.. hampura, punten, memang niat kuring mah nyigeung urang sunda dudi kuring urang sunda On Thu, Nov 13, 2008 at 11:25 AM, S4D3W4 NAKULA <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Kang punten sim kuring ngiring mairan sakaterang abdi mah di sunda mah teu aya agama nu aya ge ageman sabab di sunda mah teu aya nu ngaku utusan teu aya nu ngaku anak estuning madep kanu maha kawasa teh langsung pribadina masing-masing da urang sunda mah ngarumasakeun teu daya teu upaya usik malik anging pangawasa gusti, ayana agama teh kusabab aya nu datang ti luar anu masarkeun dagangan sewang-sewangan nu ngajarkeun bener jeung bageur padahal urang sunda baheula mah bener jeung bageur teh geus jadi kabiasaan teu kudu diajarkeun deui makana di sunda mah alam na subur makmur aman tentrem gemah ripah lohjinawi. Ngan kuayana barang anyar jadi rame teh pedah teu sarua jadi pasea padahal urang teh kuduna mah silih asah silih asuh silih asih jeung papada jalma. Hatur nuhun, s4d3w4 .._,___ -- d-: dudi herlianto :-q ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
