"...eta cenah, aya pangaruh ti luar. nu ngajadikeun harenghengna 'sunda'.
kuring mah yakin, nolak pangaruh ti luar hiji kamustahilan.
elehna/sieunna 'sunda' ku pangaruh luar bisa jadi gambaran yen 'sunda'
teh hengker, jigana salahsahiji sababna mah, 'sunda' teu bisa ngigelan
jaman. 'sunda' teu bisa masinian pangaruhluar, kateuingan nutup diri,
kateuingan romantis, kateuingan ngarasa pangteuingna..."

Hengker ... atuh teu kedah kitu dang ndud! ... INDUNG mah tara hengker, ku 
ayana dang ndud teh ku kakuatan indung na sajuru MAOT ampir2 ngaleupaskeun 
NYAWA... 

Sunda teu tiasa masinian pangaruh luar? oge sanes kitu... tapi BETAPA KUATNYA 
KEPRIBADIAN KI SUNDA... dan mempertahankan KEPRIBADIAN adalah TUGAS da 
KEWAJIBAN SUATU BANGSA

ayeuna nu disebat HENGKER teh nu kumaha, cing? Kenging disebat salah sawios nu 
HENGKER teh dag 'ndut atuh margi dang 'ndud teu disarengan ku BUKTOS2na.... 
cobi buktoskeun item2 ka-HENGKER-an SUNDA, diantos nya kasep....

Tabe pun
AMBU 
 



________________________________
From: ua duq <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, November 13, 2008 12:11:37 PM
Subject: Re: [kisunda] Bedana Agama nu Syiar atawa Misi & Teu Syiar atawa Mis


euleuh jadi rarieur kuring mah kang. naon bentenna agama jeung ageman? kapaksa 
ngotektak kamus. agama, cek kamus mah asal kecapna tina basa sangsekerta, 
artina 'kapercayaan ka nu kawasa jeung aturan-aturan ibadahna'. ageman: 
'cecekelan atawa nu dipuhit'. upama ditingali ti dinya, agama bisa jadi ageman. 
ageman bisa jadi agama. malah kabeh agama ngarupakeun ageman. ngan enya jigana 
teu sakabeh ageman, agama. contona jiga jurus ageman wirosableng we 'pukulan 
matahari' nu can asup jadi agama anyar haha.

tah, ari sunda, agama atawa ukur ageman? urang asupkeun sarat kamus keur agama. 
hiji kudu aya nu kawasana. sunda? aya, saur kang hijidewa (haha, punten, 
heureuy) ngaranna: gusti. aturan-aturan ibadahna, aya. kuring pernah ningali 
upacara-upara ritual sunda. jadi mun make definisi kamus, sunda geus bisa 
diasupkeun ka agama lain ageman wungkul.

ngan, deui-deui ngan, rea jalma nu ngomong, 'ulah percaya kamus', cenah. jadi? 
.... haha

***


***

kuring mah sok ngalelewe, ka ageman nu sok ngarasa pangsampurnana. .. jigana 
'sunda' ge geus meujeuhna ku kuring dilelewe..

hampura, punten, memang niat kuring mah nyigeung urang sunda

dudi
kuring urang sunda


On Thu, Nov 13, 2008 at 11:25 AM, S4D3W4 NAKULA <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

Kang punten sim kuring ngiring mairan sakaterang abdi mah di sunda mah teu aya 
agama nu aya ge ageman sabab di sunda mah teu aya nu ngaku utusan teu aya nu 
ngaku anak estuning madep kanu maha kawasa teh langsung pribadina masing-masing 
da urang sunda mah ngarumasakeun teu daya teu upaya usik malik anging pangawasa 
gusti, ayana agama teh kusabab aya nu datang ti luar anu masarkeun dagangan 
sewang-sewangan nu ngajarkeun bener jeung bageur padahal urang sunda baheula 
mah bener jeung bageur teh geus jadi kabiasaan teu kudu diajarkeun deui makana 
di sunda mah alam na subur makmur aman tentrem gemah ripah lohjinawi. Ngan 
kuayana barang anyar jadi rame teh pedah teu sarua jadi pasea padahal urang teh 
kuduna mah silih asah silih asuh silih asih jeung papada jalma.
 
Hatur nuhun,
s4d3w4
  
._,___ 


-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
    


      

Kirim email ke