hih bengal deui bae nya
Pajajaran teh hartosna lahan/ tempat/ sesuatu nu ngajajar (awalan [pa] didieu 
teh nunjuk kana padumukan anu matuh). 

Ari pakuan sateresna spelling kiwari tapi kecap anu sajati mah pakwan. Pakwan 
teh -> pa- kuwu-an > tina kuwu = kubu (hukum [p] dan [b] - [w])... kiteuh!
nyaeta tempat pertahanan Pakwan Pajajaran teh tempat/lahan pertahanan anu 
ngajajar > eta ayana diantara Bogor - Sukabumi (harita mah kalebet sawewengkon 
kekuasaan; Bogor mah kaayeunakeun > batas geografis ayeuna)
 
Janten teu kdah di-beda2keun yen di Bogor kieu - di Sukabumi kitu (ka lieur2 
sorangan dang Kimun mah, dasar Bodor!)

nu Jelas Pakwan Pajajaran teh diwangun ti mangsa Tohaan di Sunda (Tarusbawa)! 
satadina mung Pakwan hungkul, ditambihan Pakwan Pajajaran teh saatos Sri Baduga 
Maharaja Sri Sang Ratudewata Ratu Haji di Pakwan Pajajaran (periksa prasasti 
Kebantenan sareng Prasasti Batutulis ! awas mun henteu... dikabiri weh).

Amargi Sri Baduga *anu nami lajangna Raden Manah Rarasa* (Karuhun Sunda anu 
pang-KASEP2na)teh nampi waris 2 kadatuan nyaeta Galuh ti ramana (Prabu 
Anggalarang alias Ningratkancana) sareng Sunda (ti paman-na sekaligus  mertuana 
> nyaeta Sang Susuktunggal). Mung anjeuna milih calik di kadaton Sunda ... 
kiteuh!

Janten Pakwan Pajajaran (kubu/pertahanan anu ngaajar teh) dimaksudkan sebagai 
penguasaan atas dua pusat karajaan (ngahijina SUNDA-GALUH ke dalam satu PANJI 
KEKUASAAN) sanes mung ukur istana anu ngajajar, juragan!

Aos geura Prasasti Kebantenan sareng Prasasti Batutulis.... sugan weureu
heheuheu...........mangga apalkeun tur tenget ka KARUHUN salira heula ! bet 
harianeun dang Kimun mah ari ka Karuhun sorangan bet teu apal....

CAG
Tabe pun ingsun
AMBU
 
 



________________________________
From: Halimun An <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, January 6, 2009 11:03:11 AM
Subject: Re: [kisunda] patarosan


di bogor mah pakuan pajajaran, sanes pajajaran

--- On Mon, 5/1/09, nurzaman_sej05 <nurzaman_sej05@ yahoo.co. id> wrote:


From: nurzaman_sej05 <nurzaman_sej05@ yahoo.co. id>
Subject: [kisunda] patarosan
To: kisu...@yahoogroups .com
Received: Monday, 5 January, 2009, 2:19 PM


sampurasun.. .
bde narosumpami karaton karajaan pajajaran nu di bogor th kumaha
rupina?ah... ngring, tumaros,,,nepangken abdi ti bandung...

 

________________________________
 Stay connected to the people that matter most with a smarter inbox. Take a 
look.    


      

Kirim email ke