Waduh, Kang Edi masihan tatarucingan yeuh. Nu langkung dipayunkeun mah sanes batu ti Arab atanapi ti Sunda. Nu dikedahkeun mah NYAHO heula, parantos NYAHO kedah tiasa JADI. Na jadi naon? Jadi ngasongkeun diri BODO. Teu guminter, adigung adiguna.
--- On Fri, 1/23/09, ednugraha <[email protected]> wrote: From: ednugraha <[email protected]> Leres pisan sun hartosna kitu mung maksad teh naha kecap batu dihijikeun/dikantet keun (ku ditambihan) ku kecap karut. Seueur sueur di kabuyutan2 kalebet di Mekah batu teh dianggo janten panayogean dina makihikeun nafsu/kahayang/ iradat nu peryogina. janten payun mana nu ngajantenkeun batu janten panayogean naha di Arab atanapi di sunda? supados janten pangjanten kana janten henteuna kajantenana. ..he..he. .he...janten janten. baktosna Eddy Nugraha --- In kisu...@yahoogroups .com, Maman <manz2...@.. .> wrote: > > Perkawis batukarut anu dimaksad aya silokana, batu teh diibaratkeun > hawanafsu anu susah ditaklukkeun, kumargi kitu kedeh di "karut", nya > dibulen , dibungkus sing buni. > Di Lebakwangi eta aya bungkeuleukanana, diwalungan aya batu gede di rungkup ku akar tatangkalan, caket Cijanten nu aya di Kabuyutan Batukarut Lebakwangi, Banjaran. > > Baktos > mz >
