Aduh Kang Edi keuna pisan kana jajantung. Cocoq sareng anu diamanatkeun ku 
karuhun abdi anu masih aya dikieuna, nu kantos
ngaguar CIJANTEN anu aya keneh titinggalanna di Kabuyutan Batukarut.   Janten 
teh JADI.

Nuhun.

--- On Fri, 1/23/09, ednugraha <[email protected]> wrote:
From: ednugraha <[email protected]>










    
            Akang anyar pinanggih... waalaika salam.



Hatur nuhun ari kaanggo mah ..ararisin teuing ku pangangken salira

the...urang kantos tepang didarat teu acan ? Ku sim abdi 'komentar'

akang dihartoskeun yen dongeng abdi teu leres nerangkeunana wae dugi

ka kedah diaos dibulak balik. Tabe.



Mung peryogi kauninga rehna kutrat kotret ngeunaan kapribadian the

upami diaos ku nu sanes saleresna umumna mah janten "racun". Margi kieu:



Ari ngaos daluang (seratan) mah mung minuhan unsur nyaho. Sedengkeun nyaho 
(MUNGKUL) the PANYAKIT kapribadian dina ulikan sunda. Margi nu diperyogikeun 
mah sanes nyaho mungkul tapi JADI. 



Janten sanes nyaho -misalna wae- kana sunda nu penting namung JADI

sunda jadi caang jadi moncorong. Kawas dina agama rada repot /jadi

racun nu saukur nyaho iman tapi teu JADI mu'min, nyaho takwa tapi teu

JADI mutaqqin. Nyaho islam tapi teu jadi muslim. Nyaho sunda  teu jadi

nyunda nyaho pajajaran teu jadi sajajar dina bahrul hayat. Wahdaniatna

mah dina tangtung pan kedah dipinuhan ku unsur wani bisa daek jeung

nyaho gumulung janten JADI. Upami henteu tina NYAHO the saukur janten NGAKU.



Namung abdi percanten pisan ka sadaya kawargian kisunda sadayana

kalebet sareng Kang T13. Matak wantun ngintunkeun oge. Sok sanaos

memang ranah obrolan mah mung saukur minuhan unsur NYAHO (aos "NYAHO") jaranten 
henteuna mah disalirana gumantung rasul rasana pribadi.



sakali deui hatur nuhun...punten nyuhunkeun ngenalkeun anjeun teh

bilih disaha saha wae.



baktosna

Eddy Nugraha

 
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke