Haturan Kang Eddy, Katampi pisan kalayan kabingahan. Insya Allah sadaya piwuruk Akang ku abdi diperhatoskeun pisan. Mung hapunten deui pami nyebat dibulak-balik teh sanes bade ngahinakeun seratan Akang nu kirang leres nerangkeunana, mung bakat ku kabodoan abdi sareng bakat sieun lepat ngartoskeun. Da ulikan Kang Eddy mah karaosna ku abdi teh rada abot, teu tiasa diaos salangkung. Da maosna oge pan kedah nganggo rasa, sanes mung nganggo pamikir tina uteuk wungkul. (Dupi terasanana "Diajar Paeh" anu nerangkeun teknik maehan tea masih aya? Asana mah teu kantos dialungkeun) hehehe, punten ah, teras nagih ieu teh.
Abdi mah kawit ti kulon, diageungkeun di Bandung. Ayeuna rorompok mah di Bekasi. Pami sareng Wa Oman mah, abdi teh parantos patepang. Mung hanjakal, urang teh teu acan tiasa patepung lawung paamprok jonghok. Teu acan waktosna panginten Kang. Eta oge pendak sareng Wa Oman teh waktos maluruh "Buku Kasepuhan" iasana Rd Tirtakusuma ping 25 Januari 1946. Mung hanjakal saurna teh tos teu aya margi hardisk komputerna tos ka format. Upami buku "Layang Muslimin Muslimat" mah parantos gaduh. Insya Allah, abdi mah sanes mung ukur minuhan unsur nyaho. Tapi da ari praktekna mah teu tiasa diuar-uar. Baktos te tilu welas --- Pada Jum, 23/1/09, ednugraha <[email protected]> menulis: Dari: ednugraha <[email protected]> Topik: Bls: [kisunda] Re: THM? Kepada: [email protected] Tanggal: Jumat, 23 Januari, 2009, 2:25 PM Akang anyar pinanggih... waalaika salam. Hatur nuhun ari kaanggo mah ..ararisin teuing ku pangangken salira the...urang kantos tepang didarat teu acan ? Ku sim abdi 'komentar' akang dihartoskeun yen dongeng abdi teu leres nerangkeunana wae dugi ka kedah diaos dibulak balik. Tabe. Mung peryogi kauninga rehna kutrat kotret ngeunaan kapribadian the upami diaos ku nu sanes saleresna umumna mah janten "racun". Margi kieu: Ari ngaos daluang (seratan) mah mung minuhan unsur nyaho. Sedengkeun nyaho (MUNGKUL) the PANYAKIT kapribadian dina ulikan sunda. Margi nu diperyogikeun mah sanes nyaho mungkul tapi JADI. Janten sanes nyaho -misalna wae- kana sunda nu penting namung JADI sunda jadi caang jadi moncorong. Kawas dina agama rada repot /jadi racun nu saukur nyaho iman tapi teu JADI mu'min, nyaho takwa tapi teu JADI mutaqqin. Nyaho islam tapi teu jadi muslim. Nyaho sunda teu jadi nyunda nyaho pajajaran teu jadi sajajar dina bahrul hayat. Wahdaniatna mah dina tangtung pan kedah dipinuhan ku unsur wani bisa daek jeung nyaho gumulung janten JADI. Upami henteu tina NYAHO the saukur janten NGAKU. Namung abdi percanten pisan ka sadaya kawargian kisunda sadayana kalebet sareng Kang T13. Matak wantun ngintunkeun oge. Sok sanaos memang ranah obrolan mah mung saukur minuhan unsur NYAHO (aos "NYAHO") jaranten henteuna mah disalirana gumantung rasul rasana pribadi. sakali deui hatur nuhun...punten nyuhunkeun ngenalkeun anjeun teh bilih disaha saha wae. baktosna Eddy Nugraha --- In kisu...@yahoogroups .com, T13 <adet...@... > wrote: > > Assalamu alaikum, > > Haturan Kang Eddy, abdi masih ngantos pedaran2 Kang Eddy nu sanesna. > > Leres pisan, abdi mah sanes Kang Eddy. > Teu pisan2 ngaraos nyamikeun diri sareng Kang Eddy, tebih taneuh ka langit atuh. Seueur pedaran2 Kang Eddy (asana mah sadayana nu tos dipedar di rohangan ieu ti kapungkur) nu janten bahan referensi kuring pribadi. Panginten eta margina gaya seratan abdi sapertos sami ku sabab bakating mindeng ditelek-telek, dibulak-balik dugi ka teu karaos yen gaya seratan Kang Eddy oge janten kacacandak. Hapunten abdi nya Kang Eddy. > > Dimana-mana ge moal sami antawis nu nuturkeun jeung nu dituturkeun mah. Weleh teu kaudag, bujeng2 kaudag ketang, nu aya mah kalahka kakantun tambih tebih > > te tilu welas . ._,___ Menambah banyak teman sangatlah mudah dan cepat. Undang teman dari Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/
