Akang...batu teh ratuna pohaci bumi naha ditambihan karut supaya
JANTEN ?? saurna kedah nyanyandak kabuyutan dina tangtung bari teu
peryogi nyorendang kujang.

he...he...he...
bray sunda bray mancur di buana tangtung


baktosna
Eddy Nugraha



--- In [email protected], Maman <manz2...@...> wrote:
>
> Aduh Kang Edi keuna pisan kana jajantung. Cocoq sareng anu
diamanatkeun ku karuhun abdi anu masih aya dikieuna, nu kantos
> ngaguar CIJANTEN anu aya keneh titinggalanna di Kabuyutan
Batukarut.   Janten teh JADI.
> 
> Nuhun.
> 
> --- On Fri, 1/23/09, ednugraha <ednugr...@...> wrote:
> From: ednugraha <ednugr...@...>
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>     
>             Akang anyar pinanggih... waalaika salam.
> 
> 
> 
> Hatur nuhun ari kaanggo mah ..ararisin teuing ku pangangken salira
> 
> the...urang kantos tepang didarat teu acan ? Ku sim abdi 'komentar'
> 
> akang dihartoskeun yen dongeng abdi teu leres nerangkeunana wae dugi
> 
> ka kedah diaos dibulak balik. Tabe.
> 
> 
> 
> Mung peryogi kauninga rehna kutrat kotret ngeunaan kapribadian the
> 
> upami diaos ku nu sanes saleresna umumna mah janten "racun". Margi kieu:
> 
> 
> 
> Ari ngaos daluang (seratan) mah mung minuhan unsur nyaho. Sedengkeun
nyaho (MUNGKUL) the PANYAKIT kapribadian dina ulikan sunda. Margi nu
diperyogikeun mah sanes nyaho mungkul tapi JADI. 
> 
> 
> 
> Janten sanes nyaho -misalna wae- kana sunda nu penting namung JADI
> 
> sunda jadi caang jadi moncorong. Kawas dina agama rada repot /jadi
> 
> racun nu saukur nyaho iman tapi teu JADI mu'min, nyaho takwa tapi teu
> 
> JADI mutaqqin. Nyaho islam tapi teu jadi muslim. Nyaho sunda  teu jadi
> 
> nyunda nyaho pajajaran teu jadi sajajar dina bahrul hayat. Wahdaniatna
> 
> mah dina tangtung pan kedah dipinuhan ku unsur wani bisa daek jeung
> 
> nyaho gumulung janten JADI. Upami henteu tina NYAHO the saukur
janten NGAKU.
> 
> 
> 
> Namung abdi percanten pisan ka sadaya kawargian kisunda sadayana
> 
> kalebet sareng Kang T13. Matak wantun ngintunkeun oge. Sok sanaos
> 
> memang ranah obrolan mah mung saukur minuhan unsur NYAHO (aos
"NYAHO") jaranten henteuna mah disalirana gumantung rasul rasana pribadi.
> 
> 
> 
> sakali deui hatur nuhun...punten nyuhunkeun ngenalkeun anjeun teh
> 
> bilih disaha saha wae.
> 
> 
> 
> baktosna
> 
> Eddy Nugraha
> 
>  
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[email protected] 
    mailto:[email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke