Akang anyar pinanggih... waalaika salam. Hatur nuhun ari kaanggo mah ..ararisin teuing ku pangangken salira the...urang kantos tepang didarat teu acan ? Ku sim abdi 'komentar' akang dihartoskeun yen dongeng abdi teu leres nerangkeunana wae dugi ka kedah diaos dibulak balik. Tabe.
Mung peryogi kauninga rehna kutrat kotret ngeunaan kapribadian the upami diaos ku nu sanes saleresna umumna mah janten "racun". Margi kieu: Ari ngaos daluang (seratan) mah mung minuhan unsur nyaho. Sedengkeun nyaho (MUNGKUL) the PANYAKIT kapribadian dina ulikan sunda. Margi nu diperyogikeun mah sanes nyaho mungkul tapi JADI. Janten sanes nyaho -misalna wae- kana sunda nu penting namung JADI sunda jadi caang jadi moncorong. Kawas dina agama rada repot /jadi racun nu saukur nyaho iman tapi teu JADI mu'min, nyaho takwa tapi teu JADI mutaqqin. Nyaho islam tapi teu jadi muslim. Nyaho sunda teu jadi nyunda nyaho pajajaran teu jadi sajajar dina bahrul hayat. Wahdaniatna mah dina tangtung pan kedah dipinuhan ku unsur wani bisa daek jeung nyaho gumulung janten JADI. Upami henteu tina NYAHO the saukur janten NGAKU. Namung abdi percanten pisan ka sadaya kawargian kisunda sadayana kalebet sareng Kang T13. Matak wantun ngintunkeun oge. Sok sanaos memang ranah obrolan mah mung saukur minuhan unsur NYAHO (aos "NYAHO") jaranten henteuna mah disalirana gumantung rasul rasana pribadi. sakali deui hatur nuhun...punten nyuhunkeun ngenalkeun anjeun teh bilih disaha saha wae. baktosna Eddy Nugraha --- In [email protected], T13 <adet...@...> wrote: > > Assalamu alaikum, > > Haturan Kang Eddy, abdi masih ngantos pedaran2 Kang Eddy nu sanesna. > > Leres pisan, abdi mah sanes Kang Eddy. > Teu pisan2 ngaraos nyamikeun diri sareng Kang Eddy, tebih taneuh ka langit atuh. Seueur pedaran2 Kang Eddy (asana mah sadayana nu tos dipedar di rohangan ieu ti kapungkur) nu janten bahan referensi kuring pribadi. Panginten eta margina gaya seratan abdi sapertos sami ku sabab bakating mindeng ditelek-telek, dibulak-balik dugi ka teu karaos yen gaya seratan Kang Eddy oge janten kacacandak. Hapunten abdi nya Kang Eddy. > > Dimana-mana ge moal sami antawis nu nuturkeun jeung nu dituturkeun mah. Weleh teu kaudag, bujeng2 kaudag ketang, nu aya mah kalahka kakantun tambih tebih > > te tilu welas > > --- Pada Kam, 22/1/09, ednugraha <ednugr...@...> menulis: > Dari: ednugraha <ednugr...@...> > Topik: [kisunda] Re: THM? > Kepada: [email protected] > Tanggal: Kamis, 22 Januari, 2009, 4:53 PM > > > > > > > > > > > > Kang, assalamualaika. .. > > > > > Abdimah ningali gaya tulisan T13 tea asa ngaos seratan Kang Edy > > Nugraha. Ha..ha..ha.. .(bener teu nya ?). > > > > kang T13 mah sanes sim abdi sun....teu rumaos ah..mangga Kang T13 sae > > ngawaler wae. > > > > baktosna, > > eddy nugraha > > > > ---. > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > ___________________________________________________________________________ > Dapatkan nama yang Anda sukai! > Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail.com. > http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/ > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[email protected] mailto:[email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
