Baraya,

Ngiring ngawangkong, mudah2an teu ngabuntut bangkong ...atawa...urang
nganggo jurus "cai dina gelas satengah pinuh" alias jurus optimistis heula,
heuheu.

Geus rada lila si kuring meunang beja ayana kagiatan pajemuhan para
"raja-raja" sa-Nusantara di Bandung. Anu dimaksud para "raja-raja di dieu -
urang definisikeun heula sawatara waktu - nyaeta aranjeunna anu masih
katurunan para raja-raja di Nusantara baheula. Diantarana wae, raja Kutai,
Raja Palembang (Sriwijaya), Raja Bugis/Bone, raja Cirebon, jrrd. Data
tambahan ngeunaan hal ieu anu pantes dihubung-hubungkeun, upamana wae, dina
hiji kasempetan nalika si kuring mulang ti Jakarta ka Bandung keun, di km
40-an, mobil si kuring disusul (disalip) ku hiji mobil anu dina panto tukang
eta mobil aya tulisan "raja Kutai" lengkep jeung simbolna.

Ari tempat pajemuhanana di Bandung, diantarana nyaeta di bumina salah
saurang kasepuhan di Bandung anu kawentar ku jujulukna: "Abah Olot" atawa
"Rachmat Bedog". Anjeunna oge malah anu jadi pacurhatan (tempat curhat, ceuk
para abg mah) alias tempat para raja2 ti sakuliah Nusantara ieu nepikeun
pangangluhna (keluhanana). Naon anu diadukeun ka abah Olot ku aranjeunna
teh? loba hal, diantarana wae masalah-masalah sapopoe anu mindeng kapanggih
ku urang sarerea di media massa: tambah nyirorotna karaharjaan rahayat,
karusakan lingkungan, tambah leungitna hak tanah ulayat atawa tanah adat
(kaasup leuweung, sumber cai, jsb), harga-harga pangabutuh sapopoe anu wuwuh
pating terekel nararaek, jsb.

Bari ngangluh atawa curhat teh - sakumaha tina obrolan abah Olot (abah) via
tlpn - sadaya eta wawakil "karajaan2" teh ngabadamikeun kumaha jalan
kaluarna, kumaha hadena, boh ngageuingkeun pamarentahan anu aya ayeuna atawa
ningkatkeun karaharjaan "rahayat" di wewengkonna sewang-sewangan bari tetep
aya dina pigura (bingkai) NKRI.

Geus sababaraha kali akhir-akhir ieu si kuring ditawaran miluan ngariung
atawa ngahajakeun ka bumi abah atawa si kuring sorangan janji "tarsok"
("sebentar-besok" atawa "muhun engke atawa enjing"  atawa "inggih-inggih ora
kapanggih" ceuk urang wetan mah) pikeun tepang sareng "para raja ieu" atawa
ngawangkon ngeunaan maksud eta pajemuhan2 sareng abah Olot. Ngan nya kitu,
teu kalis ku balas pakepuk atawa cicing, tacan kalaksanakeun wae. Nepi ka
"kasus" anu akhir ieu anu mana kang Oca jadi "raja", kamari oge kebat
ditaroskeun ka abah via sms. Waleran abah: "teu bisa dina sms ngajawabna
atawa ngobrolna. Nya si kuring oge "tarsok" deui wae ngawalon abah dina sms"
(enya ari kituna mah, teu nalipaka maneh wae anu nanya teh - nya kuring tea
- hehehe).

Minangka panutup, sababaraha kacindekan kuring tina ieu "fenomena kang Oca
jadi Raja" nyanggakeun sarupa di handap ieu:

1) Katurunan para raja sa-Nusantara di urang katembongna masih aya di
kieuna. Di sagigireun masih aya, aranjeunna oge masih lumayan mibanda sumber
daya (resources) atawa kakuatan, boh mangrupa harta banda atawa rajakaya
atawa rakyat anu masih ngahargaan ka aranjeuna;

2) Leuwih ti eta, ieu para raja teh dina waktuna rahayat sangsara mindeng
jadi gunung pananggeuhan masyarakatna pikeun kaluar tina pasoalan anu
disanghareupana ku masyarakatna  di wewengkonna masing-masing. Pon kitu
deui, ieu katurunan raja-raja sa-Nusantara teh masih mibanda wibawa oge
perhatian pikeun ngurus "rahayat"-na. Leuwih jauh ti eta, ieu para katurunan
raja-raja teh masih mikiran kumaha NKRI pikahareupeun ku cara jeung
kakuatanana masing2 anu masih ngari danget ieu

(Catetan: nya panyimpangan aya wae hiji dua kasus. Aya oge katurunan
raja-raja anu geus teu nolih ka nasib rahayatana, sakumaha baheula wae keur
jaman Walanda, aya anu ngalawan penjajah, teu kurang oge anu gawe bareng
jeung nu ngajajah);

3) Kukituna, kasus "kang Oca jadi raja" keun wae heula teu kudu buru-buru
geruh atawa ulah gagancangan ear, kusabab sababaraha hal.

- Kahiji, urang tacan jelas pisan naha kang Oca teh satuju dipaparin gelar
siga kitu atawa ukur lalandian ti pihak pakumpulan "raja2" sa Nusantara wae
eta mah anu karumpul di hiji tempat laju maparin gelar ka sababaraha
"tokoh". Babandinganana, lamun urang aya anu maparin katuangan atawa
panganggo (baju atawa kaen), urang pan moal langsung nolak sapajodogan ku
sabab ngaragangan tea ka anu maparin. Kajaba lamun anu dibikeun ka urang teh
hiji hal anu pibahlaeun, jst.

- Kaduana, urang apan tacan nampi ti kang Oca kumaha sikepna atawa
kateranganana ngeunaan eta kajadian anjeunna "dilantik". Boa-boa nalika
dilantik teh anjeunna mah satemenna teu hadir, jst.

- Katiluna, na bet jadi pasoalan teuing. Salila teu ngalanggar hukum posotif
di ieu NKRI mah eta "pelantikan" teh sah-sah wae. Malah, urang antosan
pancen jeung pelaksanaan tina tugas kang Oca anu sakitu ageungna (hilap
deui, "raja" urusan naon tah kang Oca teh, aya dina deklarasi anu
dipostingkeun ka ieu milist). Sah-sah wae hiji warga Indonesia kenging gelar
"raja" di jaman kiwari, komo bari mancen tugas anu mulia keur masyarakat
mah. Yulia Perez atawa Sahrani wae nalika kenging gelar ti "karajaan" Solo
urang teu aya nu ribut.

4) Usaha-usaha ti para katurunana mantan raja dina raraga ngabela ("mantan")
rahayatna jeung lingkunganana tina kasangsaraan hirup oge karusakan
lingkungan pantes dirojong ku urang sadaya. Dina lebah dieu, boa-boa kang
Oca teh keur nyambungkeun hubungan jeung "para raja" anu cenah akhir-akhir
ieu aranjeunna mindeng ka Bandung;

5) Aya hadena maluruh katerangan anu leuwih jelas heula samemeh urang leuwih
jauh hog-hag atawa ngajadikeun hal ieu hiji pangecean (bahan olok-olok),
salila, sakali deui, eta "susunan" para "raja" teu ngarempag aturan hirup
(agama jeung nagara).

manar







Naon anu diobrolkeun ku aranjeunna?



2010/7/20 Ii Sumirat <[email protected]>

>
>
>  Hehehe aya aya wae kang dudi
>
>
>
>
>
> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> Behalf Of *Dudi Herlianto
> *Sent:* Monday, July 19, 2010 10:37 PM
> *To:* [email protected]
> *Subject:* Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR
>
>
>
>
>
> ih ulah ngaraledek siah. kade. bisi heueuh aya raja anyar. da nu ngaranna
> raja mah di mana-mana ge ujug-ujug pucunghul. 'aing raja, deuk naon sia?
> hayang dibekok?'. pokna.
>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
>   
>

Kirim email ke