Bade ngariring sareng Komunitas NAPAK TILAS BOGOR moal ka situs Kerajaan 
Padjajaran di Bogor?? InsyaAlloh dinten Minggu 25 juli 2010

--- Pada Sel, 20/7/10, [email protected] <[email protected]> menulis:

Dari: [email protected] <[email protected]>
Judul: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR
Kepada: [email protected]
Tanggal: Selasa, 20 Juli, 2010, 6:43 AM







 



  


    
      
      
      












Jadi nyerah nya urang sunda ngaraharjakeun rahayat make sistem jeung organisasi 
modern.Powered by Telkomsel BlackBerry®From:  "JeBe" <jungkir_balik2002@ 
yahoo.com>
Sender:  kisu...@yahoogroups .com
Date: Tue, 20 Jul 2010 05:27:48 +0000To: <kisu...@yahoogroups .com>ReplyTo:  
kisu...@yahoogroups .com
Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR

 



    
      
      
      












Sae pisan pamadegan bah oman teh
Sumuhun ulah gareuwah heula, ari aya mangpaatna jang karaharjaan rahayat mah 
teu aya salahna
Urang tingali weh naon programna, mudah2an teu sakadar KONGRES hehe Sent from 
MobilePhone®From:  oman abdurahman <omana...@gmail. com>
Sender:  kisu...@yahoogroups .com
Date: Tue, 20 Jul 2010 11:58:52 +0700To: <kisu...@yahoogroups .com>ReplyTo:  
kisu...@yahoogroups .com
Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR

 



    
      
      
      Baraya,

Ngiring ngawangkong, mudah2an teu ngabuntut bangkong ...atawa...urang nganggo 
jurus "cai dina gelas satengah pinuh" alias jurus optimistis heula, heuheu.

Geus rada lila si kuring meunang beja ayana kagiatan pajemuhan para "raja-raja" 
sa-Nusantara di Bandung. Anu dimaksud para "raja-raja di dieu - urang 
definisikeun heula sawatara waktu - nyaeta aranjeunna anu masih katurunan para 
raja-raja di Nusantara baheula. Diantarana wae, raja Kutai, Raja Palembang 
(Sriwijaya), Raja Bugis/Bone, raja Cirebon, jrrd. Data tambahan ngeunaan hal 
ieu anu pantes dihubung-hubungkeun , upamana wae, dina hiji kasempetan nalika 
si kuring mulang ti Jakarta ka Bandung keun, di km 40-an, mobil si kuring 
disusul (disalip) ku hiji mobil anu dina panto tukang eta mobil aya tulisan 
"raja Kutai" lengkep jeung simbolna. 


Ari tempat pajemuhanana di Bandung, diantarana nyaeta di bumina salah saurang 
kasepuhan di Bandung anu kawentar ku jujulukna: "Abah Olot" atawa "Rachmat 
Bedog". Anjeunna oge malah anu jadi pacurhatan (tempat curhat, ceuk para abg 
mah) alias tempat para raja2 ti sakuliah Nusantara ieu nepikeun pangangluhna 
(keluhanana) . Naon anu diadukeun ka abah Olot ku aranjeunna teh? loba hal, 
diantarana wae masalah-masalah sapopoe anu mindeng kapanggih ku urang sarerea 
di media massa: tambah nyirorotna karaharjaan rahayat, karusakan lingkungan, 
tambah leungitna hak tanah ulayat atawa tanah adat (kaasup leuweung, sumber 
cai, jsb), harga-harga pangabutuh sapopoe anu wuwuh pating terekel nararaek, 
jsb. 


Bari ngangluh atawa curhat teh - sakumaha tina obrolan abah Olot (abah) via 
tlpn - sadaya eta wawakil "karajaan2" teh ngabadamikeun kumaha jalan kaluarna, 
kumaha hadena, boh ngageuingkeun pamarentahan anu aya ayeuna atawa ningkatkeun 
karaharjaan "rahayat" di wewengkonna sewang-sewangan bari tetep aya dina pigura 
(bingkai) NKRI.


Geus sababaraha kali akhir-akhir ieu si kuring ditawaran miluan ngariung atawa 
ngahajakeun ka bumi abah atawa si kuring sorangan janji "tarsok" 
("sebentar-besok" atawa "muhun engke atawa enjing"  atawa "inggih-inggih ora 
kapanggih" ceuk urang wetan mah) pikeun tepang sareng "para raja ieu" atawa 
ngawangkon ngeunaan maksud eta pajemuhan2 sareng abah Olot. Ngan nya kitu, teu 
kalis ku balas pakepuk atawa cicing, tacan kalaksanakeun wae. Nepi ka "kasus" 
anu akhir ieu anu mana kang Oca jadi "raja", kamari oge kebat ditaroskeun ka 
abah via sms. Waleran abah: "teu bisa dina sms ngajawabna atawa ngobrolna. Nya 
si kuring oge "tarsok" deui wae ngawalon abah dina sms" (enya ari kituna mah, 
teu nalipaka maneh wae anu nanya teh - nya kuring tea - hehehe).


Minangka panutup, sababaraha kacindekan kuring tina ieu "fenomena kang Oca jadi 
Raja" nyanggakeun sarupa di handap ieu:

1) Katurunan para raja sa-Nusantara di urang katembongna masih aya di kieuna. 
Di sagigireun masih aya, aranjeunna oge masih lumayan mibanda sumber daya 
(resources) atawa kakuatan, boh mangrupa harta banda atawa rajakaya atawa 
rakyat anu masih ngahargaan ka aranjeuna; 


2) Leuwih ti eta, ieu para raja teh dina waktuna rahayat sangsara mindeng jadi 
gunung pananggeuhan masyarakatna pikeun kaluar tina pasoalan anu 
disanghareupana ku masyarakatna  di wewengkonna masing-masing. Pon kitu deui, 
ieu katurunan raja-raja sa-Nusantara teh masih mibanda wibawa oge perhatian 
pikeun ngurus "rahayat"-na. Leuwih jauh ti eta, ieu para katurunan raja-raja 
teh masih mikiran kumaha NKRI pikahareupeun ku cara jeung kakuatanana masing2 
anu masih ngari danget ieu


(Catetan: nya panyimpangan aya wae hiji dua kasus. Aya oge katurunan raja-raja 
anu geus teu nolih ka nasib rahayatana, sakumaha baheula wae keur jaman 
Walanda, aya anu ngalawan penjajah, teu kurang oge anu gawe bareng jeung nu 
ngajajah);


3) Kukituna, kasus "kang Oca jadi raja" keun wae heula teu kudu buru-buru geruh 
atawa ulah gagancangan ear, kusabab sababaraha hal. 

- Kahiji, urang tacan jelas pisan naha kang Oca teh satuju dipaparin gelar siga 
kitu atawa ukur lalandian ti pihak pakumpulan "raja2" sa Nusantara wae eta mah 
anu karumpul di hiji tempat laju maparin gelar ka sababaraha "tokoh". 
Babandinganana, lamun urang aya anu maparin katuangan atawa panganggo (baju 
atawa kaen), urang pan moal langsung nolak sapajodogan ku sabab ngaragangan tea 
ka anu maparin. Kajaba lamun anu dibikeun ka urang teh hiji hal anu pibahlaeun, 
jst.


- Kaduana, urang apan tacan nampi ti kang Oca kumaha sikepna atawa 
kateranganana ngeunaan eta kajadian anjeunna "dilantik". Boa-boa nalika 
dilantik teh anjeunna mah satemenna teu hadir, jst. 

- Katiluna, na bet jadi pasoalan teuing. Salila teu ngalanggar hukum posotif di 
ieu NKRI mah eta "pelantikan" teh sah-sah wae. Malah, urang antosan pancen 
jeung pelaksanaan tina tugas kang Oca anu sakitu ageungna (hilap deui, "raja" 
urusan naon tah kang Oca teh, aya dina deklarasi anu dipostingkeun ka ieu 
milist). Sah-sah wae hiji warga Indonesia kenging gelar "raja" di jaman kiwari, 
komo bari mancen tugas anu mulia keur masyarakat mah. Yulia Perez atawa Sahrani 
wae nalika kenging gelar ti "karajaan" Solo urang teu aya nu ribut.


4) Usaha-usaha ti para katurunana mantan raja dina raraga ngabela ("mantan") 
rahayatna jeung lingkunganana tina kasangsaraan hirup oge karusakan lingkungan 
pantes dirojong ku urang sadaya. Dina lebah dieu, boa-boa kang Oca teh keur 
nyambungkeun hubungan jeung "para raja" anu cenah akhir-akhir ieu aranjeunna 
mindeng ka Bandung;


5) Aya hadena maluruh katerangan anu leuwih jelas heula samemeh urang leuwih 
jauh hog-hag atawa ngajadikeun hal ieu hiji pangecean (bahan olok-olok), 
salila, sakali deui, eta "susunan" para "raja" teu ngarempag aturan hirup 
(agama jeung nagara).


manar


 


  

Naon anu diobrolkeun ku aranjeunna? 



2010/7/20 Ii Sumirat <sumi...@bdg. bumiputera. co.id>
















 



  


    
      
      
      







Hehehe aya aya wae kang dudi 

 

 





From:
kisu...@yahoogroups .com [mailto:kisu...@yahoogroups .com] On Behalf Of Dudi
Herlianto

Sent: Monday, July 19, 2010 10:37 PM

To: kisu...@yahoogroups .com

Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR





 

  







ih ulah ngaraledek siah. kade. bisi heueuh aya
raja anyar. da nu ngaranna raja mah di mana-mana ge ujug-ujug pucunghul. 'aing
raja, deuk naon sia? hayang dibekok?'. pokna. 



 



-- 

d-: dudi herlianto :-q

kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
















    
     

    
    






  










    
     

    










    
     

    









    
     

    
    


 



  





Kirim email ke