Jadi asa carita novel detektif. Boa2 Kang Oman teh raja oge, atanapi patih 
utusan raja nu wawar2 di tatar milis.    
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Dudi Herlianto <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Tue, 20 Jul 2010 12:28:38 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR

hehe. padahal bah oca aya di milis ieu. kamana wungkul nya? tos lami teu
ngawenehan.

mang oman, keun we kasus sina geruh jeung ear di milis ieu. sugan we ceuli
bah oca panas, sahenteuna ngahiung. terus we terus rasa, keur diomongkeun
dimilis. keur pakepuk ge ngadadak sono hayang noong kisunda.....

2010/7/20 oman abdurahman <[email protected]>

>
>
> Baraya,
>
> Ngiring ngawangkong, mudah2an teu ngabuntut bangkong ...atawa...urang
> nganggo jurus "cai dina gelas satengah pinuh" alias jurus optimistis heula,
> heuheu.
>
> Geus rada lila si kuring meunang beja ayana kagiatan pajemuhan para
> "raja-raja" sa-Nusantara di Bandung. Anu dimaksud para "raja-raja di dieu -
> urang definisikeun heula sawatara waktu - nyaeta aranjeunna anu masih
> katurunan para raja-raja di Nusantara baheula. Diantarana wae, raja Kutai,
> Raja Palembang (Sriwijaya), Raja Bugis/Bone, raja Cirebon, jrrd. Data
> tambahan ngeunaan hal ieu anu pantes dihubung-hubungkeun, upamana wae, dina
> hiji kasempetan nalika si kuring mulang ti Jakarta ka Bandung keun, di km
> 40-an, mobil si kuring disusul (disalip) ku hiji mobil anu dina panto tukang
> eta mobil aya tulisan "raja Kutai" lengkep jeung simbolna.
>
> Ari tempat pajemuhanana di Bandung, diantarana nyaeta di bumina salah
> saurang kasepuhan di Bandung anu kawentar ku jujulukna: "Abah Olot" atawa
> "Rachmat Bedog". Anjeunna oge malah anu jadi pacurhatan (tempat curhat, ceuk
> para abg mah) alias tempat para raja2 ti sakuliah Nusantara ieu nepikeun
> pangangluhna (keluhanana). Naon anu diadukeun ka abah Olot ku aranjeunna
> teh? loba hal, diantarana wae masalah-masalah sapopoe anu mindeng kapanggih
> ku urang sarerea di media massa: tambah nyirorotna karaharjaan rahayat,
> karusakan lingkungan, tambah leungitna hak tanah ulayat atawa tanah adat
> (kaasup leuweung, sumber cai, jsb), harga-harga pangabutuh sapopoe anu wuwuh
> pating terekel nararaek, jsb.
>
> Bari ngangluh atawa curhat teh - sakumaha tina obrolan abah Olot (abah) via
> tlpn - sadaya eta wawakil "karajaan2" teh ngabadamikeun kumaha jalan
> kaluarna, kumaha hadena, boh ngageuingkeun pamarentahan anu aya ayeuna atawa
> ningkatkeun karaharjaan "rahayat" di wewengkonna sewang-sewangan bari tetep
> aya dina pigura (bingkai) NKRI.
>
> Geus sababaraha kali akhir-akhir ieu si kuring ditawaran miluan ngariung
> atawa ngahajakeun ka bumi abah atawa si kuring sorangan janji "tarsok"
> ("sebentar-besok" atawa "muhun engke atawa enjing"  atawa "inggih-inggih ora
> kapanggih" ceuk urang wetan mah) pikeun tepang sareng "para raja ieu" atawa
> ngawangkon ngeunaan maksud eta pajemuhan2 sareng abah Olot. Ngan nya kitu,
> teu kalis ku balas pakepuk atawa cicing, tacan kalaksanakeun wae. Nepi ka
> "kasus" anu akhir ieu anu mana kang Oca jadi "raja", kamari oge kebat
> ditaroskeun ka abah via sms. Waleran abah: "teu bisa dina sms ngajawabna
> atawa ngobrolna. Nya si kuring oge "tarsok" deui wae ngawalon abah dina sms"
> (enya ari kituna mah, teu nalipaka maneh wae anu nanya teh - nya kuring tea
> - hehehe).
>
> Minangka panutup, sababaraha kacindekan kuring tina ieu "fenomena kang Oca
> jadi Raja" nyanggakeun sarupa di handap ieu:
>
> 1) Katurunan para raja sa-Nusantara di urang katembongna masih aya di
> kieuna. Di sagigireun masih aya, aranjeunna oge masih lumayan mibanda sumber
> daya (resources) atawa kakuatan, boh mangrupa harta banda atawa rajakaya
> atawa rakyat anu masih ngahargaan ka aranjeuna;
>
> 2) Leuwih ti eta, ieu para raja teh dina waktuna rahayat sangsara mindeng
> jadi gunung pananggeuhan masyarakatna pikeun kaluar tina pasoalan anu
> disanghareupana ku masyarakatna  di wewengkonna masing-masing. Pon kitu
> deui, ieu katurunan raja-raja sa-Nusantara teh masih mibanda wibawa oge
> perhatian pikeun ngurus "rahayat"-na. Leuwih jauh ti eta, ieu para katurunan
> raja-raja teh masih mikiran kumaha NKRI pikahareupeun ku cara jeung
> kakuatanana masing2 anu masih ngari danget ieu
>
> (Catetan: nya panyimpangan aya wae hiji dua kasus. Aya oge katurunan
> raja-raja anu geus teu nolih ka nasib rahayatana, sakumaha baheula wae keur
> jaman Walanda, aya anu ngalawan penjajah, teu kurang oge anu gawe bareng
> jeung nu ngajajah);
>
> 3) Kukituna, kasus "kang Oca jadi raja" keun wae heula teu kudu buru-buru
> geruh atawa ulah gagancangan ear, kusabab sababaraha hal.
>
> - Kahiji, urang tacan jelas pisan naha kang Oca teh satuju dipaparin gelar
> siga kitu atawa ukur lalandian ti pihak pakumpulan "raja2" sa Nusantara wae
> eta mah anu karumpul di hiji tempat laju maparin gelar ka sababaraha
> "tokoh". Babandinganana, lamun urang aya anu maparin katuangan atawa
> panganggo (baju atawa kaen), urang pan moal langsung nolak sapajodogan ku
> sabab ngaragangan tea ka anu maparin. Kajaba lamun anu dibikeun ka urang teh
> hiji hal anu pibahlaeun, jst.
>
> - Kaduana, urang apan tacan nampi ti kang Oca kumaha sikepna atawa
> kateranganana ngeunaan eta kajadian anjeunna "dilantik". Boa-boa nalika
> dilantik teh anjeunna mah satemenna teu hadir, jst.
>
> - Katiluna, na bet jadi pasoalan teuing. Salila teu ngalanggar hukum
> posotif di ieu NKRI mah eta "pelantikan" teh sah-sah wae. Malah, urang
> antosan pancen jeung pelaksanaan tina tugas kang Oca anu sakitu ageungna
> (hilap deui, "raja" urusan naon tah kang Oca teh, aya dina deklarasi anu
> dipostingkeun ka ieu milist). Sah-sah wae hiji warga Indonesia kenging gelar
> "raja" di jaman kiwari, komo bari mancen tugas anu mulia keur masyarakat
> mah. Yulia Perez atawa Sahrani wae nalika kenging gelar ti "karajaan" Solo
> urang teu aya nu ribut.
>
> 4) Usaha-usaha ti para katurunana mantan raja dina raraga ngabela
> ("mantan") rahayatna jeung lingkunganana tina kasangsaraan hirup oge
> karusakan lingkungan pantes dirojong ku urang sadaya. Dina lebah dieu,
> boa-boa kang Oca teh keur nyambungkeun hubungan jeung "para raja" anu cenah
> akhir-akhir ieu aranjeunna mindeng ka Bandung;
>
> 5) Aya hadena maluruh katerangan anu leuwih jelas heula samemeh urang
> leuwih jauh hog-hag atawa ngajadikeun hal ieu hiji pangecean (bahan
> olok-olok), salila, sakali deui, eta "susunan" para "raja" teu ngarempag
> aturan hirup (agama jeung nagara).
>
> manar
>
>
>
>
>
>
>
> Naon anu diobrolkeun ku aranjeunna?
>
>
>
> 2010/7/20 Ii Sumirat <[email protected]>
>
>
>>
>>  Hehehe aya aya wae kang dudi
>>
>>
>>
>>
>>
>> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
>> Behalf Of *Dudi Herlianto
>> *Sent:* Monday, July 19, 2010 10:37 PM
>> *To:* [email protected]
>> *Subject:* Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR
>>
>>
>>
>>
>>
>> ih ulah ngaraledek siah. kade. bisi heueuh aya raja anyar. da nu ngaranna
>> raja mah di mana-mana ge ujug-ujug pucunghul. 'aing raja, deuk naon sia?
>> hayang dibekok?'. pokna.
>>
>>
>>
>> --
>> d-: dudi herlianto :-q
>> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>>
>>
>  
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke