Hahahahaha. Kade ah teu keunging sungka sangki kitu ah ? Hehehehe, bilih jadi fitnah.
--- In [email protected], jalakpak...@... wrote: > > Jadi asa carita novel detektif. Boa2 Kang Oman teh raja oge, atanapi patih > utusan raja nu wawar2 di tatar milis. > Powered by Telkomsel BlackBerry® > > -----Original Message----- > From: Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...> > Sender: [email protected] > Date: Tue, 20 Jul 2010 12:28:38 > To: <[email protected]> > Reply-To: [email protected] > Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR > > hehe. padahal bah oca aya di milis ieu. kamana wungkul nya? tos lami teu > ngawenehan. > > mang oman, keun we kasus sina geruh jeung ear di milis ieu. sugan we ceuli > bah oca panas, sahenteuna ngahiung. terus we terus rasa, keur diomongkeun > dimilis. keur pakepuk ge ngadadak sono hayang noong kisunda..... > > 2010/7/20 oman abdurahman <omana...@...> > > > > > > > Baraya, > > > > Ngiring ngawangkong, mudah2an teu ngabuntut bangkong ...atawa...urang > > nganggo jurus "cai dina gelas satengah pinuh" alias jurus optimistis heula, > > heuheu. > > > > Geus rada lila si kuring meunang beja ayana kagiatan pajemuhan para > > "raja-raja" sa-Nusantara di Bandung. Anu dimaksud para "raja-raja di dieu - > > urang definisikeun heula sawatara waktu - nyaeta aranjeunna anu masih > > katurunan para raja-raja di Nusantara baheula. Diantarana wae, raja Kutai, > > Raja Palembang (Sriwijaya), Raja Bugis/Bone, raja Cirebon, jrrd. Data > > tambahan ngeunaan hal ieu anu pantes dihubung-hubungkeun, upamana wae, dina > > hiji kasempetan nalika si kuring mulang ti Jakarta ka Bandung keun, di km > > 40-an, mobil si kuring disusul (disalip) ku hiji mobil anu dina panto tukang > > eta mobil aya tulisan "raja Kutai" lengkep jeung simbolna. > > > > Ari tempat pajemuhanana di Bandung, diantarana nyaeta di bumina salah > > saurang kasepuhan di Bandung anu kawentar ku jujulukna: "Abah Olot" atawa > > "Rachmat Bedog". Anjeunna oge malah anu jadi pacurhatan (tempat curhat, ceuk > > para abg mah) alias tempat para raja2 ti sakuliah Nusantara ieu nepikeun > > pangangluhna (keluhanana). Naon anu diadukeun ka abah Olot ku aranjeunna > > teh? loba hal, diantarana wae masalah-masalah sapopoe anu mindeng kapanggih > > ku urang sarerea di media massa: tambah nyirorotna karaharjaan rahayat, > > karusakan lingkungan, tambah leungitna hak tanah ulayat atawa tanah adat > > (kaasup leuweung, sumber cai, jsb), harga-harga pangabutuh sapopoe anu wuwuh > > pating terekel nararaek, jsb. > > > > Bari ngangluh atawa curhat teh - sakumaha tina obrolan abah Olot (abah) via > > tlpn - sadaya eta wawakil "karajaan2" teh ngabadamikeun kumaha jalan > > kaluarna, kumaha hadena, boh ngageuingkeun pamarentahan anu aya ayeuna atawa > > ningkatkeun karaharjaan "rahayat" di wewengkonna sewang-sewangan bari tetep > > aya dina pigura (bingkai) NKRI. > > > > Geus sababaraha kali akhir-akhir ieu si kuring ditawaran miluan ngariung > > atawa ngahajakeun ka bumi abah atawa si kuring sorangan janji "tarsok" > > ("sebentar-besok" atawa "muhun engke atawa enjing" atawa "inggih-inggih ora > > kapanggih" ceuk urang wetan mah) pikeun tepang sareng "para raja ieu" atawa > > ngawangkon ngeunaan maksud eta pajemuhan2 sareng abah Olot. Ngan nya kitu, > > teu kalis ku balas pakepuk atawa cicing, tacan kalaksanakeun wae. Nepi ka > > "kasus" anu akhir ieu anu mana kang Oca jadi "raja", kamari oge kebat > > ditaroskeun ka abah via sms. Waleran abah: "teu bisa dina sms ngajawabna > > atawa ngobrolna. Nya si kuring oge "tarsok" deui wae ngawalon abah dina sms" > > (enya ari kituna mah, teu nalipaka maneh wae anu nanya teh - nya kuring tea > > - hehehe). > > > > Minangka panutup, sababaraha kacindekan kuring tina ieu "fenomena kang Oca > > jadi Raja" nyanggakeun sarupa di handap ieu: > > > > 1) Katurunan para raja sa-Nusantara di urang katembongna masih aya di > > kieuna. Di sagigireun masih aya, aranjeunna oge masih lumayan mibanda sumber > > daya (resources) atawa kakuatan, boh mangrupa harta banda atawa rajakaya > > atawa rakyat anu masih ngahargaan ka aranjeuna; > > > > 2) Leuwih ti eta, ieu para raja teh dina waktuna rahayat sangsara mindeng > > jadi gunung pananggeuhan masyarakatna pikeun kaluar tina pasoalan anu > > disanghareupana ku masyarakatna di wewengkonna masing-masing. Pon kitu > > deui, ieu katurunan raja-raja sa-Nusantara teh masih mibanda wibawa oge > > perhatian pikeun ngurus "rahayat"-na. Leuwih jauh ti eta, ieu para katurunan > > raja-raja teh masih mikiran kumaha NKRI pikahareupeun ku cara jeung > > kakuatanana masing2 anu masih ngari danget ieu > > > > (Catetan: nya panyimpangan aya wae hiji dua kasus. Aya oge katurunan > > raja-raja anu geus teu nolih ka nasib rahayatana, sakumaha baheula wae keur > > jaman Walanda, aya anu ngalawan penjajah, teu kurang oge anu gawe bareng > > jeung nu ngajajah); > > > > 3) Kukituna, kasus "kang Oca jadi raja" keun wae heula teu kudu buru-buru > > geruh atawa ulah gagancangan ear, kusabab sababaraha hal. > > > > - Kahiji, urang tacan jelas pisan naha kang Oca teh satuju dipaparin gelar > > siga kitu atawa ukur lalandian ti pihak pakumpulan "raja2" sa Nusantara wae > > eta mah anu karumpul di hiji tempat laju maparin gelar ka sababaraha > > "tokoh". Babandinganana, lamun urang aya anu maparin katuangan atawa > > panganggo (baju atawa kaen), urang pan moal langsung nolak sapajodogan ku > > sabab ngaragangan tea ka anu maparin. Kajaba lamun anu dibikeun ka urang teh > > hiji hal anu pibahlaeun, jst. > > > > - Kaduana, urang apan tacan nampi ti kang Oca kumaha sikepna atawa > > kateranganana ngeunaan eta kajadian anjeunna "dilantik". Boa-boa nalika > > dilantik teh anjeunna mah satemenna teu hadir, jst. > > > > - Katiluna, na bet jadi pasoalan teuing. Salila teu ngalanggar hukum > > posotif di ieu NKRI mah eta "pelantikan" teh sah-sah wae. Malah, urang > > antosan pancen jeung pelaksanaan tina tugas kang Oca anu sakitu ageungna > > (hilap deui, "raja" urusan naon tah kang Oca teh, aya dina deklarasi anu > > dipostingkeun ka ieu milist). Sah-sah wae hiji warga Indonesia kenging gelar > > "raja" di jaman kiwari, komo bari mancen tugas anu mulia keur masyarakat > > mah. Yulia Perez atawa Sahrani wae nalika kenging gelar ti "karajaan" Solo > > urang teu aya nu ribut. > > > > 4) Usaha-usaha ti para katurunana mantan raja dina raraga ngabela > > ("mantan") rahayatna jeung lingkunganana tina kasangsaraan hirup oge > > karusakan lingkungan pantes dirojong ku urang sadaya. Dina lebah dieu, > > boa-boa kang Oca teh keur nyambungkeun hubungan jeung "para raja" anu cenah > > akhir-akhir ieu aranjeunna mindeng ka Bandung; > > > > 5) Aya hadena maluruh katerangan anu leuwih jelas heula samemeh urang > > leuwih jauh hog-hag atawa ngajadikeun hal ieu hiji pangecean (bahan > > olok-olok), salila, sakali deui, eta "susunan" para "raja" teu ngarempag > > aturan hirup (agama jeung nagara). > > > > manar > > > > > > > > > > > > > > > > Naon anu diobrolkeun ku aranjeunna? > > > > > > > > 2010/7/20 Ii Sumirat <sumi...@...> > > > > > >> > >> Hehehe aya aya wae kang dudi > >> > >> > >> > >> > >> > >> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On > >> Behalf Of *Dudi Herlianto > >> *Sent:* Monday, July 19, 2010 10:37 PM > >> *To:* [email protected] > >> *Subject:* Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR > >> > >> > >> > >> > >> > >> ih ulah ngaraledek siah. kade. bisi heueuh aya raja anyar. da nu ngaranna > >> raja mah di mana-mana ge ujug-ujug pucunghul. 'aing raja, deuk naon sia? > >> hayang dibekok?'. pokna. > >> > >> > >> > >> -- > >> d-: dudi herlianto :-q > >> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk > >> > >> > > > > > > > -- > d-: dudi herlianto :-q > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
