Seug dihampura pisan...hehehe.

Aya-aya wae, KT mah. Raja, raja naon, rajaban meureun, kamari geus kaliwat.
Nya eta mah itung-itung reportase model detektif2an wae. Jeung deui, apan
dina panganteurna oge tulisan tadih teh dibuka ku kalimat: "make jurus
optimis, heula...". Ke lamun memang diperlukeun jeung geus nepi ka waktuna,
jurus pesimisna oge bisa wae digelar.

manar



2010/7/20 <[email protected]>

>
>
> Heu heuy tah kahaaade bah AA bahaya statement teh, kapan ieu mah fiksi,
> novel detektif. Tapi punten ah KO bilih enyaan kalah diheureuykeun ku sim
> kuring.
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * "Abbas" <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Tue, 20 Jul 2010 06:48:43 -0000
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *[kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR
>
>
>
> Hahahahaha. Kade ah teu keunging sungka sangki kitu ah ?
> Hehehehe, bilih jadi fitnah.
>
> --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, jalakpak...@...
> wrote:
> >
> > Jadi asa carita novel detektif. Boa2 Kang Oman teh raja oge, atanapi
> patih utusan raja nu wawar2 di tatar milis.
> > Powered by Telkomsel BlackBerry®
> >
> > -----Original Message-----
> > From: Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...>
> > Sender: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>
> > Date: Tue, 20 Jul 2010 12:28:38
> > To: <[email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>>
> > Reply-To: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>
> > Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR
> >
> > hehe. padahal bah oca aya di milis ieu. kamana wungkul nya? tos lami teu
> > ngawenehan.
> >
> > mang oman, keun we kasus sina geruh jeung ear di milis ieu. sugan we
> ceuli
> > bah oca panas, sahenteuna ngahiung. terus we terus rasa, keur diomongkeun
> > dimilis. keur pakepuk ge ngadadak sono hayang noong kisunda.....
> >
> > 2010/7/20 oman abdurahman <omana...@...>
> >
> > >
> > >
> > > Baraya,
> > >
> > > Ngiring ngawangkong, mudah2an teu ngabuntut bangkong ...atawa...urang
> > > nganggo jurus "cai dina gelas satengah pinuh" alias jurus optimistis
> heula,
> > > heuheu.
> > >
> > > Geus rada lila si kuring meunang beja ayana kagiatan pajemuhan para
> > > "raja-raja" sa-Nusantara di Bandung. Anu dimaksud para "raja-raja di
> dieu -
> > > urang definisikeun heula sawatara waktu - nyaeta aranjeunna anu masih
> > > katurunan para raja-raja di Nusantara baheula. Diantarana wae, raja
> Kutai,
> > > Raja Palembang (Sriwijaya), Raja Bugis/Bone, raja Cirebon, jrrd. Data
> > > tambahan ngeunaan hal ieu anu pantes dihubung-hubungkeun, upamana wae,
> dina
> > > hiji kasempetan nalika si kuring mulang ti Jakarta ka Bandung keun, di
> km
> > > 40-an, mobil si kuring disusul (disalip) ku hiji mobil anu dina panto
> tukang
> > > eta mobil aya tulisan "raja Kutai" lengkep jeung simbolna.
> > >
> > > Ari tempat pajemuhanana di Bandung, diantarana nyaeta di bumina salah
> > > saurang kasepuhan di Bandung anu kawentar ku jujulukna: "Abah Olot"
> atawa
> > > "Rachmat Bedog". Anjeunna oge malah anu jadi pacurhatan (tempat curhat,
> ceuk
> > > para abg mah) alias tempat para raja2 ti sakuliah Nusantara ieu
> nepikeun
> > > pangangluhna (keluhanana). Naon anu diadukeun ka abah Olot ku
> aranjeunna
> > > teh? loba hal, diantarana wae masalah-masalah sapopoe anu mindeng
> kapanggih
> > > ku urang sarerea di media massa: tambah nyirorotna karaharjaan rahayat,
> > > karusakan lingkungan, tambah leungitna hak tanah ulayat atawa tanah
> adat
> > > (kaasup leuweung, sumber cai, jsb), harga-harga pangabutuh sapopoe anu
> wuwuh
> > > pating terekel nararaek, jsb.
> > >
> > > Bari ngangluh atawa curhat teh - sakumaha tina obrolan abah Olot (abah)
> via
> > > tlpn - sadaya eta wawakil "karajaan2" teh ngabadamikeun kumaha jalan
> > > kaluarna, kumaha hadena, boh ngageuingkeun pamarentahan anu aya ayeuna
> atawa
> > > ningkatkeun karaharjaan "rahayat" di wewengkonna sewang-sewangan bari
> tetep
> > > aya dina pigura (bingkai) NKRI.
> > >
> > > Geus sababaraha kali akhir-akhir ieu si kuring ditawaran miluan
> ngariung
> > > atawa ngahajakeun ka bumi abah atawa si kuring sorangan janji "tarsok"
> > > ("sebentar-besok" atawa "muhun engke atawa enjing" atawa "inggih-inggih
> ora
> > > kapanggih" ceuk urang wetan mah) pikeun tepang sareng "para raja ieu"
> atawa
> > > ngawangkon ngeunaan maksud eta pajemuhan2 sareng abah Olot. Ngan nya
> kitu,
> > > teu kalis ku balas pakepuk atawa cicing, tacan kalaksanakeun wae. Nepi
> ka
> > > "kasus" anu akhir ieu anu mana kang Oca jadi "raja", kamari oge kebat
> > > ditaroskeun ka abah via sms. Waleran abah: "teu bisa dina sms
> ngajawabna
> > > atawa ngobrolna. Nya si kuring oge "tarsok" deui wae ngawalon abah dina
> sms"
> > > (enya ari kituna mah, teu nalipaka maneh wae anu nanya teh - nya kuring
> tea
> > > - hehehe).
> > >
> > > Minangka panutup, sababaraha kacindekan kuring tina ieu "fenomena kang
> Oca
> > > jadi Raja" nyanggakeun sarupa di handap ieu:
> > >
> > > 1) Katurunan para raja sa-Nusantara di urang katembongna masih aya di
> > > kieuna. Di sagigireun masih aya, aranjeunna oge masih lumayan mibanda
> sumber
> > > daya (resources) atawa kakuatan, boh mangrupa harta banda atawa
> rajakaya
> > > atawa rakyat anu masih ngahargaan ka aranjeuna;
> > >
> > > 2) Leuwih ti eta, ieu para raja teh dina waktuna rahayat sangsara
> mindeng
> > > jadi gunung pananggeuhan masyarakatna pikeun kaluar tina pasoalan anu
> > > disanghareupana ku masyarakatna di wewengkonna masing-masing. Pon kitu
> > > deui, ieu katurunan raja-raja sa-Nusantara teh masih mibanda wibawa oge
> > > perhatian pikeun ngurus "rahayat"-na. Leuwih jauh ti eta, ieu para
> katurunan
> > > raja-raja teh masih mikiran kumaha NKRI pikahareupeun ku cara jeung
> > > kakuatanana masing2 anu masih ngari danget ieu
> > >
> > > (Catetan: nya panyimpangan aya wae hiji dua kasus. Aya oge katurunan
> > > raja-raja anu geus teu nolih ka nasib rahayatana, sakumaha baheula wae
> keur
> > > jaman Walanda, aya anu ngalawan penjajah, teu kurang oge anu gawe
> bareng
> > > jeung nu ngajajah);
> > >
> > > 3) Kukituna, kasus "kang Oca jadi raja" keun wae heula teu kudu
> buru-buru
> > > geruh atawa ulah gagancangan ear, kusabab sababaraha hal.
> > >
> > > - Kahiji, urang tacan jelas pisan naha kang Oca teh satuju dipaparin
> gelar
> > > siga kitu atawa ukur lalandian ti pihak pakumpulan "raja2" sa Nusantara
> wae
> > > eta mah anu karumpul di hiji tempat laju maparin gelar ka sababaraha
> > > "tokoh". Babandinganana, lamun urang aya anu maparin katuangan atawa
> > > panganggo (baju atawa kaen), urang pan moal langsung nolak sapajodogan
> ku
> > > sabab ngaragangan tea ka anu maparin. Kajaba lamun anu dibikeun ka
> urang teh
> > > hiji hal anu pibahlaeun, jst.
> > >
> > > - Kaduana, urang apan tacan nampi ti kang Oca kumaha sikepna atawa
> > > kateranganana ngeunaan eta kajadian anjeunna "dilantik". Boa-boa nalika
> > > dilantik teh anjeunna mah satemenna teu hadir, jst.
> > >
> > > - Katiluna, na bet jadi pasoalan teuing. Salila teu ngalanggar hukum
> > > posotif di ieu NKRI mah eta "pelantikan" teh sah-sah wae. Malah, urang
> > > antosan pancen jeung pelaksanaan tina tugas kang Oca anu sakitu
> ageungna
> > > (hilap deui, "raja" urusan naon tah kang Oca teh, aya dina deklarasi
> anu
> > > dipostingkeun ka ieu milist). Sah-sah wae hiji warga Indonesia kenging
> gelar
> > > "raja" di jaman kiwari, komo bari mancen tugas anu mulia keur
> masyarakat
> > > mah. Yulia Perez atawa Sahrani wae nalika kenging gelar ti "karajaan"
> Solo
> > > urang teu aya nu ribut.
> > >
> > > 4) Usaha-usaha ti para katurunana mantan raja dina raraga ngabela
> > > ("mantan") rahayatna jeung lingkunganana tina kasangsaraan hirup oge
> > > karusakan lingkungan pantes dirojong ku urang sadaya. Dina lebah dieu,
> > > boa-boa kang Oca teh keur nyambungkeun hubungan jeung "para raja" anu
> cenah
> > > akhir-akhir ieu aranjeunna mindeng ka Bandung;
> > >
> > > 5) Aya hadena maluruh katerangan anu leuwih jelas heula samemeh urang
> > > leuwih jauh hog-hag atawa ngajadikeun hal ieu hiji pangecean (bahan
> > > olok-olok), salila, sakali deui, eta "susunan" para "raja" teu
> ngarempag
> > > aturan hirup (agama jeung nagara).
> > >
> > > manar
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > Naon anu diobrolkeun ku aranjeunna?
> > >
> > >
> > >
> > > 2010/7/20 Ii Sumirat <sumi...@...>
> > >
> > >
> > >>
> > >> Hehehe aya aya wae kang dudi
> > >>
> > >>
> > >>
> > >>
> > >>
> > >> *From:* [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com> [mailto:
> [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>] *On
> > >> Behalf Of *Dudi Herlianto
> > >> *Sent:* Monday, July 19, 2010 10:37 PM
> > >> *To:* [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>
> > >> *Subject:* Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR
> > >>
> > >>
> > >>
> > >>
> > >>
> > >> ih ulah ngaraledek siah. kade. bisi heueuh aya raja anyar. da nu
> ngaranna
> > >> raja mah di mana-mana ge ujug-ujug pucunghul. 'aing raja, deuk naon
> sia?
> > >> hayang dibekok?'. pokna.
> > >>
> > >>
> > >>
> > >> --
> > >> d-: dudi herlianto :-q
> > >> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
> > >>
> > >>
> > >
> > >
> >
> >
> > --
> > d-: dudi herlianto :-q
> > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
> >
>
>   
>

Kirim email ke