rarasaan kuring mah, jigana  rahayat mah moal ngamasalahkeun make sistem modern 
atawa feodal atawa jadul ge, nu penting raharja jeung teu nabrak norma2 
kahirupan/hukum. 

meureuunnn.... 
(nya rarasaan nya jigana, nya meureun, teu yakin pisan kan? hehe...)

--- In [email protected], jalakpak...@... wrote:
>
> Jadi nyerah nya urang sunda ngaraharjakeun rahayat make sistem jeung 
> organisasi modern.
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> 
> -----Original Message-----
> From: "JeBe" <jungkir_balik2...@...>
> Sender: [email protected]
> Date: Tue, 20 Jul 2010 05:27:48 
> To: <[email protected]>
> Reply-To: [email protected]
> Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR
> 
> Sae pisan pamadegan bah oman teh
> Sumuhun ulah gareuwah heula, ari aya mangpaatna jang karaharjaan rahayat mah 
> teu aya salahna
> Urang tingali weh naon programna, mudah2an teu sakadar KONGRES hehe 
> Sent from MobilePhone®
> 
> -----Original Message-----
> From: oman abdurahman <omana...@...>
> Sender: [email protected]
> Date: Tue, 20 Jul 2010 11:58:52 
> To: <[email protected]>
> Reply-To: [email protected]
> Subject: Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR
> 
> Baraya,
> 
> Ngiring ngawangkong, mudah2an teu ngabuntut bangkong ...atawa...urang
> nganggo jurus "cai dina gelas satengah pinuh" alias jurus optimistis heula,
> heuheu.
> 
> Geus rada lila si kuring meunang beja ayana kagiatan pajemuhan para
> "raja-raja" sa-Nusantara di Bandung. Anu dimaksud para "raja-raja di dieu -
> urang definisikeun heula sawatara waktu - nyaeta aranjeunna anu masih
> katurunan para raja-raja di Nusantara baheula. Diantarana wae, raja Kutai,
> Raja Palembang (Sriwijaya), Raja Bugis/Bone, raja Cirebon, jrrd. Data
> tambahan ngeunaan hal ieu anu pantes dihubung-hubungkeun, upamana wae, dina
> hiji kasempetan nalika si kuring mulang ti Jakarta ka Bandung keun, di km
> 40-an, mobil si kuring disusul (disalip) ku hiji mobil anu dina panto tukang
> eta mobil aya tulisan "raja Kutai" lengkep jeung simbolna.
> 
> Ari tempat pajemuhanana di Bandung, diantarana nyaeta di bumina salah
> saurang kasepuhan di Bandung anu kawentar ku jujulukna: "Abah Olot" atawa
> "Rachmat Bedog". Anjeunna oge malah anu jadi pacurhatan (tempat curhat, ceuk
> para abg mah) alias tempat para raja2 ti sakuliah Nusantara ieu nepikeun
> pangangluhna (keluhanana). Naon anu diadukeun ka abah Olot ku aranjeunna
> teh? loba hal, diantarana wae masalah-masalah sapopoe anu mindeng kapanggih
> ku urang sarerea di media massa: tambah nyirorotna karaharjaan rahayat,
> karusakan lingkungan, tambah leungitna hak tanah ulayat atawa tanah adat
> (kaasup leuweung, sumber cai, jsb), harga-harga pangabutuh sapopoe anu wuwuh
> pating terekel nararaek, jsb.
> 
> Bari ngangluh atawa curhat teh - sakumaha tina obrolan abah Olot (abah) via
> tlpn - sadaya eta wawakil "karajaan2" teh ngabadamikeun kumaha jalan
> kaluarna, kumaha hadena, boh ngageuingkeun pamarentahan anu aya ayeuna atawa
> ningkatkeun karaharjaan "rahayat" di wewengkonna sewang-sewangan bari tetep
> aya dina pigura (bingkai) NKRI.
> 
> Geus sababaraha kali akhir-akhir ieu si kuring ditawaran miluan ngariung
> atawa ngahajakeun ka bumi abah atawa si kuring sorangan janji "tarsok"
> ("sebentar-besok" atawa "muhun engke atawa enjing"  atawa "inggih-inggih ora
> kapanggih" ceuk urang wetan mah) pikeun tepang sareng "para raja ieu" atawa
> ngawangkon ngeunaan maksud eta pajemuhan2 sareng abah Olot. Ngan nya kitu,
> teu kalis ku balas pakepuk atawa cicing, tacan kalaksanakeun wae. Nepi ka
> "kasus" anu akhir ieu anu mana kang Oca jadi "raja", kamari oge kebat
> ditaroskeun ka abah via sms. Waleran abah: "teu bisa dina sms ngajawabna
> atawa ngobrolna. Nya si kuring oge "tarsok" deui wae ngawalon abah dina sms"
> (enya ari kituna mah, teu nalipaka maneh wae anu nanya teh - nya kuring tea
> - hehehe).
> 
> Minangka panutup, sababaraha kacindekan kuring tina ieu "fenomena kang Oca
> jadi Raja" nyanggakeun sarupa di handap ieu:
> 
> 1) Katurunan para raja sa-Nusantara di urang katembongna masih aya di
> kieuna. Di sagigireun masih aya, aranjeunna oge masih lumayan mibanda sumber
> daya (resources) atawa kakuatan, boh mangrupa harta banda atawa rajakaya
> atawa rakyat anu masih ngahargaan ka aranjeuna;
> 
> 2) Leuwih ti eta, ieu para raja teh dina waktuna rahayat sangsara mindeng
> jadi gunung pananggeuhan masyarakatna pikeun kaluar tina pasoalan anu
> disanghareupana ku masyarakatna  di wewengkonna masing-masing. Pon kitu
> deui, ieu katurunan raja-raja sa-Nusantara teh masih mibanda wibawa oge
> perhatian pikeun ngurus "rahayat"-na. Leuwih jauh ti eta, ieu para katurunan
> raja-raja teh masih mikiran kumaha NKRI pikahareupeun ku cara jeung
> kakuatanana masing2 anu masih ngari danget ieu
> 
> (Catetan: nya panyimpangan aya wae hiji dua kasus. Aya oge katurunan
> raja-raja anu geus teu nolih ka nasib rahayatana, sakumaha baheula wae keur
> jaman Walanda, aya anu ngalawan penjajah, teu kurang oge anu gawe bareng
> jeung nu ngajajah);
> 
> 3) Kukituna, kasus "kang Oca jadi raja" keun wae heula teu kudu buru-buru
> geruh atawa ulah gagancangan ear, kusabab sababaraha hal.
> 
> - Kahiji, urang tacan jelas pisan naha kang Oca teh satuju dipaparin gelar
> siga kitu atawa ukur lalandian ti pihak pakumpulan "raja2" sa Nusantara wae
> eta mah anu karumpul di hiji tempat laju maparin gelar ka sababaraha
> "tokoh". Babandinganana, lamun urang aya anu maparin katuangan atawa
> panganggo (baju atawa kaen), urang pan moal langsung nolak sapajodogan ku
> sabab ngaragangan tea ka anu maparin. Kajaba lamun anu dibikeun ka urang teh
> hiji hal anu pibahlaeun, jst.
> 
> - Kaduana, urang apan tacan nampi ti kang Oca kumaha sikepna atawa
> kateranganana ngeunaan eta kajadian anjeunna "dilantik". Boa-boa nalika
> dilantik teh anjeunna mah satemenna teu hadir, jst.
> 
> - Katiluna, na bet jadi pasoalan teuing. Salila teu ngalanggar hukum posotif
> di ieu NKRI mah eta "pelantikan" teh sah-sah wae. Malah, urang antosan
> pancen jeung pelaksanaan tina tugas kang Oca anu sakitu ageungna (hilap
> deui, "raja" urusan naon tah kang Oca teh, aya dina deklarasi anu
> dipostingkeun ka ieu milist). Sah-sah wae hiji warga Indonesia kenging gelar
> "raja" di jaman kiwari, komo bari mancen tugas anu mulia keur masyarakat
> mah. Yulia Perez atawa Sahrani wae nalika kenging gelar ti "karajaan" Solo
> urang teu aya nu ribut.
> 
> 4) Usaha-usaha ti para katurunana mantan raja dina raraga ngabela ("mantan")
> rahayatna jeung lingkunganana tina kasangsaraan hirup oge karusakan
> lingkungan pantes dirojong ku urang sadaya. Dina lebah dieu, boa-boa kang
> Oca teh keur nyambungkeun hubungan jeung "para raja" anu cenah akhir-akhir
> ieu aranjeunna mindeng ka Bandung;
> 
> 5) Aya hadena maluruh katerangan anu leuwih jelas heula samemeh urang leuwih
> jauh hog-hag atawa ngajadikeun hal ieu hiji pangecean (bahan olok-olok),
> salila, sakali deui, eta "susunan" para "raja" teu ngarempag aturan hirup
> (agama jeung nagara).
> 
> manar
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Naon anu diobrolkeun ku aranjeunna?
> 
> 
> 
> 2010/7/20 Ii Sumirat <sumi...@...>
> 
> >
> >
> >  Hehehe aya aya wae kang dudi
> >
> >
> >
> >
> >
> > *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> > Behalf Of *Dudi Herlianto
> > *Sent:* Monday, July 19, 2010 10:37 PM
> > *To:* [email protected]
> > *Subject:* Re: [kisunda] Re: Fw: RAJA PAJAJARAN ANYAR
> >
> >
> >
> >
> >
> > ih ulah ngaraledek siah. kade. bisi heueuh aya raja anyar. da nu ngaranna
> > raja mah di mana-mana ge ujug-ujug pucunghul. 'aing raja, deuk naon sia?
> > hayang dibekok?'. pokna.
> >
> >
> >
> > --
> > d-: dudi herlianto :-q
> > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
> >
> >   
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke