Keur kuring mah, cukup sadiakeun kulub sampeu jeung gula beureum we
he..he..he..
--
R. Irpan Rispadi Raksagalaksibimasakti Nupaling Ningrat, teureuh Planet Krypton
On 07/31/2010 08:16 AM, [email protected] wrote:
Ke ulah uud jadi sutress atuh ke jadi nuntut serpis besek bintang lima
heu heu. ieu mah urang sasanteyan we sabaraha jalmina nu ngiringan
sabaraha gelas cikopi, bajigur nya kitu lah basajan nu penting mah
paamprok.
Powered by Telkomsel BlackBerry®
------------------------------------------------------------------------
*From: * Gunawan Yusuf <[email protected]>
*Sender: * [email protected]
*Date: *Sat, 31 Jul 2010 00:59:28 +0000
*To: *<[email protected]>
*ReplyTo: * [email protected]
*Subject: *Re: Halal Bi Halal ==> Re: [kisunda] Pesen2 di na poe Jumaah
hatur nuhun kana kasadiaanana Kan Tirta janten tuan rumah, perkawis
udud eh uud sok wae dietang per jalmi sabaraha, paling oge keur tuang
da urang sunda mah tuang-na moal hese lepas di kebon ge geus hirup,
atanapi paraban wae dangdaunan + sambel tos beres, acara-na sederhana
wae jiga kopdar (kop dahar)
2010/7/30 Tirta widjaja <[email protected] <mailto:[email protected]>>
Hayu bae urang ayakeun. Lamun teu seueuran, tempat di Jakarta, di
rorompok ge teu nanaon, sim kuring janten ahlul baet eeeeh sohibul
baet. Tapi ke koordinasi sareng kang Akos, biasana buka puasa
kang Akos sok ngondang aktifis milis kisunda, urang sunda. Lamun
nu sarumpingna seueur ke urang akalan deui kumaha mungkin nyewa
tempat nu legaan.
sok atuh mangga dipadungdengkeun.
/~ experientia docet sapientiam ~/
------------------------------------------------------------------------
*From:* mh <[email protected] <mailto:[email protected]>>
*To:* [email protected] <mailto:[email protected]>
*Sent:* Friday, July 30, 2010 11:05:17
*Subject:* Halal Bi Halal ==> Re: [kisunda] Pesen2 di na poe Jumaah
Tah Kang Oman, Kang Jalak oge baraya sanesna kumaha?
Aya rencana Halal bi Halal
Mangga dipadungdengkeun
2010/7/30 Gunawan Yusuf <gunawanyusuf68@ gmail.com
<mailto:[email protected]>>
Baraya, aya rencana Halal Bi Halal moal ?
2010/7/30 Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com
<mailto:[email protected]>>
Bismillah,
Assalamu'alaikum warahmaatullahi wabarakaatuh,
Alhamdulillah,
Para wargi sadaya Muslimin Wal Muslimat, khususna US nu
mangkuk di sababaraha
Milis, ayeuna dinten Jumaah, dinten nu istimewa, ku margi
aya hiji shalat nya eta
dhuhur teu dilakukeun, ku margi tos digentos ku Jumaahan.
Tah di na shalat Jumaahan
ieu sok aya khutbahna; cenah saur ambu abdi sok khotbah;
padahal mah tara; tah
ayeuna mah ngahajakeun we khokhotbahan, manawi aya oge
mangfaatna.
Ti bareto keneh, urang Sunda mah kacida toleransina ka nu
nyaremah teh, utamana
nu bari mamawa "agama"; model Hindu, Budha; eeeh teu weleh
dihiap hiap. someah
hade kasemah tea. Tapi eta US ti bareto tara pisan robah
agamana teh, masing
kasumpingan ku Raja2 Hindu tawa Budha tetep we Agama
Sunda; Sunan Ambu.
Tapi saparantol jol agama anyar, nya eta Islam nu dicandak
ku para padagang ti
tatar Hindu, nya eta Agama teh ditampi pisan, dugi ka
tiasa ngagentos anutan ka
Sunan Ambu; padahal Urang Sunda mah rada hese dirobahna ti
na kayakinananana
teh; tapi duka kumaha Islam mah ditampi sapertos Agama nu
tos lami aya di tanah Pasundan pisan.
Atuh da meureun loba kasaruanana jeung cukup logis deuih,
utamana di na nerangkeun
ka saha kudu MIGUSTI; Islam mah gamblang pisan. Atuh
do'ana ngaharib harib ka na
Basa Subda saperti : Robbanaa laa tuzigh kulubana, badaiz
hadaitanaa jst.
Cek urang Sunda : Tah ieu sanguna, tah itu deungeunna,
lalabna jeung sapuratina.
Tuh pan ngaharib harib tah.
Pangpanga nu ditawarkeun ku Islam teh nya eta KONSEP;
sanes tokoh; kapan konsep mah keur saha wae, bebas. Nu
matak di Tatar Sunda Agama Islam ditarima kalawan
daria, malah ngelehkeun agama atawa ageman asal.
Nya tapi masih loba keneh urang Sunda nu teu daek asup
Islam; teu ari nepi ka KTP
mah, da di na KTP mah tetep ngakuna Islam; padahal mah henteu.
Mlah aya nu masih wani keneh ngaheureuykeun tanda2 Islam;
misalna ka na do'ana;
bedugna, atawa Kyayina.
Saperti nyebut allahu bapa, misalna di Mangunreja masih
aya nu wani ngageuhgeuykeun kitu. Mun ditanya; bapa kuring
nyarita teu meunang nyebut ngaran ka Bapa mah cenah.
(Kabeneran ngaran bapana Ki Akbar ).
Aya deui nu pupujian make lagu sakola agama :
Kini kini kuang kuang, ngala getok peupeundeuyan,
nini palay tuang, dibekok peupeureudeuyan.
Tapi akhirna nu di Mangunreja utamana kotana, geus lalesot
tina sunda wiwitan,
tapi ari langgeorna lain ka Islam tapi MARXIS.
Nu matak di Mangunreja kota mah loba PKI na; nu sok
ngamusuh ka urang Kauman.
Model kuring. Lolobana Mangunreja Kota mun teu PNI, nya
PKI anutna teh; tapi ari
NU jeung Masyummi mah lakuna di Kampung2; jadi saenyana
mah Islam teh memang
geus lengket pisan jeung Urang Sunda teh, ari di kotana
mah kurang pangaruhna.
Ngan aya nganna. Ari di lembur mah, masih keneh loba nu
taklid buta tea; ari di kota
mah rada make OTAK saeutik, teu taklid buta teuing.
Tah mun ayeuna nyosialisasikeun agama sunda ka lembur; wah
dianggap aneh; bakal
dianggap agama datang timana cenah ? Da maranehna mah
nganggap yen Islam teh
geus ti baheula mula aya di Pasundan na teh ? Moal aya
atawa kurang nu mikir yen
baheula mah Sunda teh Pajajaran. Malah teu inget2 acan.
Jadi Urang Sunda jeung Agama Islam teh geus pagaliwota
ngahiji. Geus hese dipisahkeun
deui.
Jadi memag akhirna mah Islam teh geus ditarima ku
MAYORITAS Urang Sunda sabage
agama KARUHUN/ Luluhur. Salian ti eta bakal dianggap agama
anyar/semah.
Eta fakta2 nu kaciri ku Kaula. Tah duka panginten upami
ayeuna titingalan sanesna mah.
Mangga nyanggakeun ka Kang Maman sareng nu sanesna.
Abbas Amien
Sent From My Blik papan