Siganamah masalahna UUD bah, da nanaon oge kudu make UUD.
he..he..he..
--
R. Irpan Rispadi Raksagalaksibimasakti Nupaling Ningrat, teureuh Planet Krypton
On 07/30/2010 10:05 AM, mh wrote:
Tah Kang Oman, Kang Jalak oge baraya sanesna kumaha?
Aya rencana Halal bi Halal
Mangga dipadungdengkeun
2010/7/30 Gunawan Yusuf <[email protected]
<mailto:[email protected]>>
Baraya, aya rencana Halal Bi Halal moal ?
2010/7/30 Abbas Amin <[email protected]
<mailto:[email protected]>>
Bismillah,
Assalamu'alaikum warahmaatullahi wabarakaatuh,
Alhamdulillah,
Para wargi sadaya Muslimin Wal Muslimat, khususna US nu
mangkuk di sababaraha
Milis, ayeuna dinten Jumaah, dinten nu istimewa, ku margi aya
hiji shalat nya eta
dhuhur teu dilakukeun, ku margi tos digentos ku Jumaahan. Tah
di na shalat Jumaahan
ieu sok aya khutbahna; cenah saur ambu abdi sok khotbah;
padahal mah tara; tah
ayeuna mah ngahajakeun we khokhotbahan, manawi aya oge mangfaatna.
Ti bareto keneh, urang Sunda mah kacida toleransina ka nu
nyaremah teh, utamana
nu bari mamawa "agama"; model Hindu, Budha; eeeh teu weleh
dihiap hiap. someah
hade kasemah tea. Tapi eta US ti bareto tara pisan robah
agamana teh, masing
kasumpingan ku Raja2 Hindu tawa Budha tetep we Agama Sunda;
Sunan Ambu.
Tapi saparantol jol agama anyar, nya eta Islam nu dicandak ku
para padagang ti
tatar Hindu, nya eta Agama teh ditampi pisan, dugi ka tiasa
ngagentos anutan ka
Sunan Ambu; padahal Urang Sunda mah rada hese dirobahna ti na
kayakinananana
teh; tapi duka kumaha Islam mah ditampi sapertos Agama nu tos
lami aya di tanah Pasundan pisan.
Atuh da meureun loba kasaruanana jeung cukup logis deuih,
utamana di na nerangkeun
ka saha kudu MIGUSTI; Islam mah gamblang pisan. Atuh do'ana
ngaharib harib ka na
Basa Subda saperti : Robbanaa laa tuzigh kulubana, badaiz
hadaitanaa jst.
Cek urang Sunda : Tah ieu sanguna, tah itu deungeunna, lalabna
jeung sapuratina.
Tuh pan ngaharib harib tah.
Pangpanga nu ditawarkeun ku Islam teh nya eta KONSEP; sanes
tokoh; kapan konsep mah keur saha wae, bebas. Nu matak di
Tatar Sunda Agama Islam ditarima kalawan
daria, malah ngelehkeun agama atawa ageman asal.
Nya tapi masih loba keneh urang Sunda nu teu daek asup Islam;
teu ari nepi ka KTP
mah, da di na KTP mah tetep ngakuna Islam; padahal mah henteu.
Mlah aya nu masih wani keneh ngaheureuykeun tanda2 Islam;
misalna ka na do'ana;
bedugna, atawa Kyayina.
Saperti nyebut allahu bapa, misalna di Mangunreja masih aya nu
wani ngageuhgeuykeun kitu. Mun ditanya; bapa kuring nyarita
teu meunang nyebut ngaran ka Bapa mah cenah.
(Kabeneran ngaran bapana Ki Akbar ).
Aya deui nu pupujian make lagu sakola agama :
Kini kini kuang kuang, ngala getok peupeundeuyan,
nini palay tuang, dibekok peupeureudeuyan.
Tapi akhirna nu di Mangunreja utamana kotana, geus lalesot
tina sunda wiwitan,
tapi ari langgeorna lain ka Islam tapi MARXIS.
Nu matak di Mangunreja kota mah loba PKI na; nu sok ngamusuh
ka urang Kauman.
Model kuring. Lolobana Mangunreja Kota mun teu PNI, nya PKI
anutna teh; tapi ari
NU jeung Masyummi mah lakuna di Kampung2; jadi saenyana mah
Islam teh memang
geus lengket pisan jeung Urang Sunda teh, ari di kotana mah
kurang pangaruhna.
Ngan aya nganna. Ari di lembur mah, masih keneh loba nu taklid
buta tea; ari di kota
mah rada make OTAK saeutik, teu taklid buta teuing.
Tah mun ayeuna nyosialisasikeun agama sunda ka lembur; wah
dianggap aneh; bakal
dianggap agama datang timana cenah ? Da maranehna mah nganggap
yen Islam teh
geus ti baheula mula aya di Pasundan na teh ? Moal aya atawa
kurang nu mikir yen
baheula mah Sunda teh Pajajaran. Malah teu inget2 acan.
Jadi Urang Sunda jeung Agama Islam teh geus pagaliwota
ngahiji. Geus hese dipisahkeun
deui.
Jadi memag akhirna mah Islam teh geus ditarima ku MAYORITAS
Urang Sunda sabage
agama KARUHUN/ Luluhur. Salian ti eta bakal dianggap agama
anyar/semah.
Eta fakta2 nu kaciri ku Kaula. Tah duka panginten upami ayeuna
titingalan sanesna mah.
Mangga nyanggakeun ka Kang Maman sareng nu sanesna.
Abbas Amien
Sent From My Blik papan