kang jp lan baraya sadaya, samemeh carita adam tunggal, urang preposisikeun heula dimana/iraha ayana urg baduy/kanekes/rawayan teh. diditu aya gunung baduy. baduy tinakecap hiji aran tangkal/kai ki baduyut( tingal;-cibaduyut, cikapundung jsbna eta aran tatangkalan). jadi lain tina asal kecap 'badawi'na suku primitif di wewengkon arab. baduy dina etimologina sarua jeung waduy(conto; weton-beton, weton tina wiwitan/asal muasal) sarua harti jeung waduy- wiwit. dina jajaran gunung2 bogor numutkeun van beumellen. gunung baduy sakelompok didinya, kaasup gunung karang jg gn.kancana nepi ka wetankeunana gn gede-pangrango tea. hartina di wewengkon banten kidul. urg baduy geus aya samemeh mangsa padjadjaran abad ka XVI. numatak anu nganggap 'pelarian ti padjadjaran' eta lepat, tapi mangrupakeun urang sunda padjadjaran anu evakuasi, balik deui ka 'kandangna', mudik tea. anggap we urang baduy geus aya ti jaman salakanagara ceuk carita wangsakerta mah ti abad kahiji. jelas pra-islam. jadi anu aran kang eman/sulaeman, kang iim/ibrahim, kang enoh/nuh, kang ahmad/muhamad, kang adam, ngaran sunda pituin. rame carita atlantisna aryo santos, sunda thesisna oppenheimer, anggap we guluyurna menjurus kadinya, sunda mangrupakeun wiwit budaya sadunya. sok sanajan sunda-padjadjaran teu perlu dukungan oge, da sunda mah by geuleuyeung weeee, panta rhei, mengalir, mo gedag ka anginan mo unggut kalinduan. janten carita adam, adam kaisinan, adam tunggal, adam dengdek jstna ti baduy lain nyaritakeun manusia pertama, kitu tah. kumaha kacindekkanana? berpulang kepada salira sadaya. mung sakitu pondokna carios, panjangna carita mah. cag! hn*R3M.
2010/12/5 Jalak Pakuan <[email protected]> > > > Hatur nuhun kang tebe, kang Dud, KO, Mh.... Hapunten sim kuring masih aya > nu ditaroskeun deui. Urang baduy kanekes ngadefinisikeun, ngahartikeun, > ngayakinan Adam Tunggal teh naon, kumaha? Sakumaha ayana (as is). > > MJ, kang Engkus, Kang Ilen, Kang Oca oge wargi sadaya nu bilih bae gaduh > referensi, pengetahuan mangga seratkeun kangge ngaleubeutkeun bahasan ieu. > > salam > JP > > > Makarya Mawa Raharja > > > ------------------------------ > *Dari:* Tubagus Rifki L <[email protected]> > *Kepada:* [email protected] > *Terkirim:* Sab, 4 Desember, 2010 21:58:22 > *Judul:* [kisunda] Re: Adam Tunggal versi Kanekes vs Nabi Adam -- Persepsi > Banten tentang Baduy > > > > "Kitu deui ti urang banten/ Islam harita dugi ka ayeuna mempersepsikeun > urang kanekes lain jalma-jalma terbelakang tapi jalma-jalma anu nyaho jalan, > tur yakin baris nyalametkeun" > > Di kandelan ku kula, "...URANG KANEKES LAIN JALMA-JALMA TERBELAKANG, TAPI > JALMA-JALMA ANU NYAHO JALAN, TUR YAKIN BARIS NYALAMEUKEUN.>" > > Ongkarana Sangtabean, Pukulun sembah Rahayu... > nu lojor tong dipopondok nu pondok tong dilolojor.. > > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, "d...@..." > <dudi.ssuradire...@...> wrote: > > > > Nya tangtos wae atuh aya 'take and give' mah batu turun kesik naek, hal > anu wajar aya justifikasi dina istilah atawa sesebutan ti urang kanekes > kusabab ningali cahaya anu bener sok sanajan datangna ti luar... Kitu deui > ti urang banten/ Islam harita dugi ka ayeuna mempersepsikeun urang kanekes > lain jalma-jalma terbelakang tapi jalma-jalma anu nyaho jalan, tur yakin > baris nyalametkeun. > > > > Wilujeng wae Kanggo Kang Tb.RL ari tos dugi mah... > > > > wassalam > > dudi_ss > > > > > > ----- Original Message ----- > > From: Tubagus Rifki L > > To: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com> > > Sent: Saturday, December 04, 2010 8:30 PM > > Subject: [kisunda] Re: Adam Tunggal versi Kanekes vs Nabi Adam -- Beda > tafsir. > > > > > > > > Enya, eta kula beda nafsirkeunana. Bisa salah bisa bener. Kula ge yakin > > panon poe nu kajeueung ku kula di dunya (bumi) ngan hiji. Dina prak > > dungdreng (diskusi?) jeung anak kula ngeunaan panon poe, warna jeung > > rupana, kula beda pendapat. Kula keukeuh panon poe eta moncorong serab. > > Anak kula keukeuh panon poe eta koneng kaemasan. Ceuk kula, etamah panon > > pose isuk. Ceuk anak kula, heunteu bapa, teu isuk teu beurang warnana > > kitu-kitu bae. Horenganan, nu maksud ku anak kula mah panon poe nu aya > > dina lukisan. Sarua 'panon poe. ' N.B. Anak kula karak ge 4 taun. > > > > Amsal kula jiga kitu meureun beda tafsir, antara nu dimaksud ku > > Al-Qur'an jeung nu dimaksud ku Urang Kanekes. Bisa bener bisa salah. > > > > Alesan pamilihan 'diksi' Adam Tunggal Baduy. > > "Teu ngan saukur politik, tapi kayakikan nu jero." Lamun ngajeroan > > galian 'spiritual' urang Kanekes, tangtos dongkap kana simpulan eta. > > Moal sakaba-kaba, ngan ukur politis. Ngan sakanyaho kula, teu aya dina > > bahasa Sunda 'diksi' Adam, kecuali saentosna aya akulturasi jeung agama > > samawi. Kukituna, 'Adam Tunggal' Baduy eta diksi nu diimpor, sanes > > dadamelan lokal. > > > > Katuran, > > TRL > > nu lojor tong dipopondok, nu pondok tong dilolojor > > > > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, "dudi@" > wrote: > > > > > > Naha Kang TB nafsirkeun beda, padahal jelas Nabi Adam anu dicaturkeun > > ngan hiji-hijina sakuliah dunya nya tangtu bae atuh Anjeuna teh karuhun > > urang sadaya, boh urang kanekes, urang sunda lianna oge urang arab, > > lamun teu kitu mah lain Nabi Adam atuh... > > > Masalah syariat nya tangtu bedana, ceuk siuing mah alesan eta teu ngan > > saukur politik tapi kayakinan anu jero ngenaan hirup jeung kahirupan, > > lahir jeung ruhaniahna... mangga geura urang sami-sami ngalenyepan... > > > > > >
