Ngiringan... Aya tilu perkawis panginten, anu kahiji naon sundana ambigu, nu kadua sareng katilu ngeunaan dasar etika. Anu kahiji mah bawiraos ambigu teh tiasa disakompetdaunkeun sareng ngarancabang panginten nya :D
Anapon ngeunaan patarosan kadua sareng katilu pakuat-pakait sareng silih bedolna dua kutub filsafat etika nyeta antawis etis relativisme sareng etis absolutisme. Nu kahiji mandang yen mungguhing bebeneran teh teu sarua, kaiket ku tempat jeung kaayaan, tah ieu panginten nu tiasa dijantenkeun dadasar kangge ngalestarikeun budaya baduy. Yen niley2 bebeneran nu dipuhit ku masyarakat baduy tangtu bener keur kaayaannana, jeung bangsa luar teu aya hak kangge ngaragukeunnana. Ari anu kadua nya sabalikna ti eta, numutkeun ieu teori, bebeneran teh sifatna mutlak tur universal, yen sakabeh jalma kudu tunduk kana prinsip2 kauniversalannana. Salah sahijina panginten tiasa dilarapkeun dina hak pribadi ngakses kamajuan sareng pendidikan nu samestina teu diwatesan. Ieu panginten tiasa dijantenkeun dasar kangge ngobah pamadegan teh. Hapunten ah bilih teu patos nyambung. Nuhun, Deni -original message- Subject: [kisunda] Paradox Baduy -- Antawis Lestari jeung Robah dina hal pendidikan budak From: "Tubagus Rifki L" <[email protected]> Date: 11/12/2010 11:56 am Ongkarana Sangtabean, Pukulun Sembah Rahayu, (tah rada di luhur ayeuna kecap bubukana) Baduy deui. Hampura lamun kula ukur nyarita Baduy atawa Banten di na ieu waktos. Jiga oray manggih pameupeuh kula panggih parakanca nu bisa diandelkeun panalungtikanana ngeunaan masalah nu kiwari keur pacemut di na kaengeuhan (kasadaran?? teu diteken ka handap, bisi gelo atawa split pribados) kula. Ku kula dijudulan Paradox Baduy dumasar, kahijina, ka kanyataan 'ambigu' (naon tah kecap sundana) pamikiran sorangan, dumasar ka pamadegan yen barudak di Baduy teh boga hak geusan anclub meunangkeun elmu pangaweruh sakumaha nu ku di alaman ku kula jeung parakanca nu aya dina milis ieu, nyaeta sakola formal sampe ka paguronluhur S1, S2,S3,S4,S5 jeung sajabana. Kaduana, dumasar ka pangagem nyalira yen kaunikan budaya urang kudu Lestari (tah kaasup di na kula ngilu ka milis ieu, pan kula bisa ngilu uyun ngalestari babasan Sunda, kitu len?) Salah sahiji budaya Baduy nu tetela dibuktoskeun ku pamingpin jeung dilaksanakeun ku rahayatna nyaeta budaya teu sakola pedah teu meunang ngarempag buyut. Nu lojor tong dipopondok, nu pondok tong dilolojor tea. Tah, kitu dulur-dulur. Lantaran kitu, kula nyuhun asupan ka para dulur ngeunaan pertarosan ieu, * Dadasar moral etika nu kumaha nu ngabebener sikep satuju Lestarina kahirupan masyarakat Baduy sakumaha ayana, kaasup dina masalah teu ayana pendidikan formal barudak baduy, atawa * Dadasar moral etika nu kumaha nu ngabebener sikep satuju Robahna kahirupan masyarakat Baduy sakumaha dulur-dulur liana, kaasup dina masalah pendidikan formal barudak baduy Catetan, kecap Lestarina jeung Robahna. Ngahaja kula teu make kecap Ngarobah atawa Ngalestarikeun. Kunaon? Sabab kula bisi ditanya ku Pu'un. Ari makna Robahna mah pan hartina robah sorangan, pek Baduy robah sorangan. Tah, ambeh Pu'un teu melengek ka kula. Katuran, Kathah karya kabecikan, gawe baluwarti bata kalawan kawis, terelek ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
