Kang Tebe oge para wargi ieu masalahna nu coba dipesek, intina hayang neang 
dimana posisi urang baduy. Masalah rek cicing teu obah (lestari/stuck) atanapi 
obah (change/posiition shifting) eta nu gumantung ka strategi urang baduy. Jadi 
masalah atikan/pendidikan formal eta gumantung pisan kumaha pimpinan urang 
baduy, nya pastina pakait jeung strategi nu diagem/dicekel.

Kaayaan ideal nyaeta lamun apal strategi urang baduy, tapi hal eta pan 
pastina "pakarang rusiah". Sim kuring yakin urang baduy geus boga gambaran 
kumaha-kumahana pendidikan formal, jeung kuring yakin eta salah sahiji unsur 
tina taktik/strategi urang baduy. Komunikasi sistematis nu intesif lalaunan 
tiasa ngagambarkeun kumaha kahareupna masyarakat sunda baduy ceuk pimpinan 
sunda 
baduy.

salam
Catetan: Masalah atikan/pendidikan geuning ayeuna geser kulantaran teu dianggap 
cop/sreg/cocok ku sistem pendidikan nu aya, nya aya parobahan ku tuwuhna 
"homeschooling".

salam
JP
 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: Tubagus Rifki L <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Sab, 11 Desember, 2010 07:56:44
Judul: [kisunda] Paradox Baduy -- Antawis Lestari jeung Robah dina hal 
pendidikan budak

  
Ongkarana Sangtabean, Pukulun Sembah Rahayu,
(tah rada di luhur ayeuna kecap bubukana)

Baduy deui. Hampura lamun kula ukur nyarita Baduy atawa Banten di na ieu 
waktos. 
Jiga oray manggih pameupeuh kula panggih parakanca nu bisa diandelkeun 
panalungtikanana ngeunaan masalah nu kiwari keur pacemut di na kaengeuhan 
(kasadaran?? teu diteken ka handap, bisi gelo atawa split pribados) kula. 


Ku kula dijudulan Paradox Baduy dumasar, kahijina, ka kanyataan 'ambigu' (naon 
tah kecap sundana) pamikiran sorangan, dumasar ka pamadegan yen barudak di 
Baduy 
teh boga hak geusan anclub meunangkeun elmu pangaweruh sakumaha nu ku di alaman 
ku kula jeung parakanca nu aya dina milis ieu, nyaeta sakola formal sampe ka 
paguronluhur S1, S2,S3,S4,S5 jeung sajabana.

Kaduana, dumasar ka pangagem nyalira yen kaunikan budaya urang kudu Lestari 
(tah 
kaasup di na kula ngilu ka milis ieu, pan kula bisa ngilu uyun ngalestari 
babasan Sunda, kitu len?) Salah sahiji budaya Baduy nu tetela dibuktoskeun ku 
pamingpin jeung dilaksanakeun ku rahayatna nyaeta budaya teu sakola pedah teu 
meunang ngarempag buyut. Nu lojor tong dipopondok, nu pondok tong dilolojor tea.

Tah, kitu dulur-dulur. Lantaran kitu, kula nyuhun asupan ka para dulur ngeunaan 
pertarosan ieu,


        * Dadasar moral etika nu kumaha nu ngabebener sikep satuju Lestarina 
kahirupan 
masyarakat Baduy sakumaha ayana, kaasup  dina masalah teu ayana pendidikan 
formal barudak baduy, atawa
        * Dadasar moral etika nu kumaha nu ngabebener sikep satuju Robahna 
kahirupan 
masyarakat Baduy sakumaha dulur-dulur liana, kaasup  dina masalah pendidikan 
formal barudak baduyCatetan, kecap Lestarina jeung Robahna. Ngahaja kula teu 
make kecap Ngarobah atawa Ngalestarikeun. Kunaon? Sabab kula bisi ditanya ku 
Pu'un. Ari makna Robahna mah pan hartina robah sorangan, pek Baduy robah 
sorangan. Tah, ambeh Pu'un teu melengek ka kula.

Katuran,
Kathah karya kabecikan, gawe baluwarti bata kalawan kawis,
terelek



Kirim email ke