Caang (brilian) kang Deni, nuhun kana pamendakna. Abdi sapuk pisan hehehe
(asa aya anu mantuan :).

Eta kecap "ambigu" ditarjamahkeun jadi "ngarancabang" pas. Bisa oge meureun
make kecap "midua" keur papadanan "ambigu" teh. Di dieu aya diskusikeuneun.
Dina lebah pagaliwotana pilihan, "ngarancabang" katangen leuwih pas. Dina
ukur ayana dua pilihan, "midua" meureun anu leuwih pas. Mangga, teu langkung
anu bade ngagunakeun.

Anu sanesna kuring ngarojon, minimal henteu mairan heula.

manar

2010/12/11 <[email protected]>

>
>
> Ngiringan...
> Aya tilu perkawis panginten, anu kahiji naon sundana ambigu, nu kadua
> sareng katilu ngeunaan dasar etika. Anu kahiji mah bawiraos ambigu teh tiasa
> disakompetdaunkeun sareng ngarancabang panginten nya :D
>
> Anapon ngeunaan patarosan kadua sareng katilu pakuat-pakait sareng silih
> bedolna dua kutub filsafat etika nyeta antawis etis relativisme sareng etis
> absolutisme. Nu kahiji mandang yen mungguhing bebeneran teh teu sarua,
> kaiket ku tempat jeung kaayaan, tah ieu panginten nu tiasa dijantenkeun
> dadasar kangge ngalestarikeun budaya baduy. Yen niley2 bebeneran nu dipuhit
> ku masyarakat baduy tangtu bener keur kaayaannana, jeung bangsa luar teu aya
> hak kangge ngaragukeunnana.
>
> Ari anu kadua nya sabalikna ti eta, numutkeun ieu teori, bebeneran teh
> sifatna mutlak tur universal, yen sakabeh jalma kudu tunduk kana prinsip2
> kauniversalannana. Salah sahijina panginten tiasa dilarapkeun dina hak
> pribadi ngakses kamajuan sareng pendidikan nu samestina teu diwatesan. Ieu
> panginten tiasa dijantenkeun dasar kangge ngobah pamadegan teh.
>
> Hapunten ah bilih teu patos nyambung.
> Nuhun,
>
> Deni
>
>
> -original message-
> Subject: [kisunda] Paradox Baduy -- Antawis Lestari jeung Robah dina hal
> pendidikan budak
> From: "Tubagus Rifki L" <[email protected] <tbrifki%40gmail.com>>
> Date: 11/12/2010 11:56 am
>
> Ongkarana Sangtabean, Pukulun Sembah Rahayu,
> (tah rada di luhur ayeuna kecap bubukana)
>
> Baduy deui. Hampura lamun kula ukur nyarita Baduy atawa Banten di na ieu
> waktos. Jiga oray manggih pameupeuh kula panggih parakanca nu bisa
> diandelkeun panalungtikanana ngeunaan masalah nu kiwari keur pacemut di
> na kaengeuhan (kasadaran?? teu diteken ka handap, bisi gelo atawa split
> pribados) kula.
>
> Ku kula dijudulan Paradox Baduy dumasar, kahijina, ka kanyataan 'ambigu'
> (naon tah kecap sundana) pamikiran sorangan, dumasar ka pamadegan yen
> barudak di Baduy teh boga hak geusan anclub meunangkeun elmu pangaweruh
> sakumaha nu ku di alaman ku kula jeung parakanca nu aya dina milis ieu,
> nyaeta sakola formal sampe ka paguronluhur S1, S2,S3,S4,S5 jeung
> sajabana.
>
> Kaduana, dumasar ka pangagem nyalira yen kaunikan budaya urang kudu
> Lestari (tah kaasup di na kula ngilu ka milis ieu, pan kula bisa ngilu
> uyun ngalestari babasan Sunda, kitu len?) Salah sahiji budaya Baduy nu
> tetela dibuktoskeun ku pamingpin jeung dilaksanakeun ku rahayatna nyaeta
> budaya teu sakola pedah teu meunang ngarempag buyut. Nu lojor tong
> dipopondok, nu pondok tong dilolojor tea.
>
> Tah, kitu dulur-dulur. Lantaran kitu, kula nyuhun asupan ka para dulur
> ngeunaan pertarosan ieu,
>
> * Dadasar moral etika nu kumaha nu ngabebener sikep satuju Lestarina
> kahirupan masyarakat Baduy sakumaha ayana, kaasup dina masalah teu
> ayana pendidikan formal barudak baduy, atawa
> * Dadasar moral etika nu kumaha nu ngabebener sikep satuju Robahna
> kahirupan masyarakat Baduy sakumaha dulur-dulur liana, kaasup dina
> masalah pendidikan formal barudak baduy
> Catetan, kecap Lestarina jeung Robahna. Ngahaja kula teu make kecap
> Ngarobah atawa Ngalestarikeun. Kunaon? Sabab kula bisi ditanya ku Pu'un.
> Ari makna Robahna mah pan hartina robah sorangan, pek Baduy robah
> sorangan. Tah, ambeh Pu'un teu melengek ka kula.
>
> Katuran,
> Kathah karya kabecikan, gawe baluwarti bata kalawan kawis,
> terelek
>
>  
>

Kirim email ke