2010/12/11 Jalak Pakuan <[email protected]>

>
>
> Kang Tebe oge para wargi ieu masalahna nu coba dipesek, intina hayang neang
> dimana posisi urang baduy. Masalah rek cicing teu obah (lestari/stuck)
> atanapi obah (change/posiition shifting) eta nu gumantung ka strategi urang
> baduy. Jadi masalah atikan/pendidikan formal eta gumantung pisan kumaha
> pimpinan urang baduy, nya pastina pakait jeung strategi nu diagem/dicekel.
>
> Kaayaan ideal nyaeta lamun apal strategi urang baduy, tapi hal eta pan
> pastina "pakarang rusiah". Sim kuring yakin urang baduy geus boga gambaran
> kumaha-kumahana pendidikan formal, jeung kuring yakin eta salah sahiji unsur
> tina taktik/strategi urang baduy. Komunikasi sistematis nu intesif lalaunan
> tiasa ngagambarkeun kumaha kahareupna masyarakat sunda baduy ceuk pimpinan
> sunda baduy.
>
> salam
> Catetan: Masalah atikan/pendidikan geuning ayeuna geser kulantaran teu
> dianggap cop/sreg/cocok ku sistem pendidikan nu aya, nya aya parobahan ku
> tuwuhna "homeschooling".
>

lah atuh "homeschooling" mah ukur sekte, najan nepi ka iraha ge ceuk uing
mah sistem pendidikan formal moal aya gantina. memang lain nu idela, tapi
diantara pilihan nya ieu nu paling rasional. coba we pikir, lamun kabeh make
"homeschooling" rek timana nyiar guru sakitu riabna.

Kirim email ke