Hatur nuhun kang Maman, mantap ngangge referensi..... Punten bade ngacung heula memeh kang Maman teras ngorotak pabukona. Ieu peryogi penjelasan: 1. Dina bahasan ahli2 filsafat/budaya sakola umum atanapi tertentu nu tujuanana boga rasionalitas? Sakola nu sifatna kaagamaan kalebet klasifikasi ieu henteu? 2. Pami teu lepat nangkep, tiasa henteu pami disebatkeun sakola teh jadi alat/tool malah senjata perubahan dina kebudayaan nu tos efektif dilakonan jeung dikembangkeun ku "barat"?
Hatur nuhun sateuacana. salam JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Maman <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Ming, 12 Desember, 2010 00:20:41 Judul: Re: [kisunda] Paradox Baduy -- Antawis Lestari jeung Robah dina hal pendidikan budak Hoyong mairan mung asa can kabedag elmuna, mung nyobian satiasa-tiasa we. Naon anu digambarkeun ku Kang Rifki, ieu tiasa oge mangrupakeun contoh "benturan peradaban". (waduh beurat yeuh, kedah mukaan heula buku filsafat he.he.he). Numutkeun Paulo Freire, sakola teh mangrupakeun sambungan/kapanjangan tina "leungeun" penindasan kabudayaan. Jelema-2 anu didik di sakola sina boga pola pikir rasional. Sedengkeun, numutkeun Mac Intiryre, lamun urang ngomongkeun rasio(nalitas),kudu jelas heula rasionalistas saha atanapi rasionalitas anu mana.(MacIntyre,1988). Rasionalitas-2 numutkeun budaya-2 besar (Barat?) salila ieu condong ngaklaim dirina salaku anu boga nilei-nilei "universal" (umpamana HAM), ku jalan ayana sakola (luhur) maranehna secara teu langsung ngaindoktrinasi ka kaum "pinggiran"(peradaban lokal), antukna muncul phenomena "the war of everycivilization against everycivilization"(perang budaya). Padahal saenyana teuaya anu namina kebenaran keur sakabeh jelema/"rasionalitas universal". Memang kujalan modernisasi, pola pikir manusa dina ngokolakeun rasio ngahasilkeun strategi keur mempetahankeun hirup jeung ngasejahterakeun kahirupan, sains/iptek. Ngan nyakitu siga anu ditulis di luhur, resikona bisa ngaleungitkeun peradaban lokal. Parabasana anu kasohor "jati kasilih ku junti". Kumaha atuh jalan kaluarna? Hayu urang emutan. Sakitu heula anu kapihatur (bade milarian referensi nu sanes). Baktos mz On Sat Dec 11th, 2010 7:56 AM ICT Tubagus Rifki L wrote: >Ongkarana Sangtabean, Pukulun Sembah Rahayu, >(tah rada di luhur ayeuna kecap bubukana) > >Baduy deui. Hampura lamun kula ukur nyarita Baduy atawa Banten di na ieu >waktos. Jiga oray manggih pameupeuh kula panggih parakanca nu bisa >diandelkeun panalungtikanana ngeunaan masalah nu kiwari keur pacemut di >na kaengeuhan (kasadaran?? teu diteken ka handap, bisi gelo atawa split >pribados) kula. > >Ku kula dijudulan Paradox Baduy dumasar, kahijina, ka kanyataan 'ambigu' >(naon tah kecap sundana) pamikiran sorangan, dumasar ka pamadegan yen >barudak di Baduy teh boga hak geusan anclub meunangkeun elmu pangaweruh >sakumaha nu ku di alaman ku kula jeung parakanca nu aya dina milis ieu, >nyaeta sakola formal sampe ka paguronluhur S1, S2,S3,S4,S5 jeung >sajabana. > >Kaduana, dumasar ka pangagem nyalira yen kaunikan budaya urang kudu >Lestari (tah kaasup di na kula ngilu ka milis ieu, pan kula bisa ngilu >uyun ngalestari babasan Sunda, kitu len?) Salah sahiji budaya Baduy nu >tetela dibuktoskeun ku pamingpin jeung dilaksanakeun ku rahayatna nyaeta >budaya teu sakola pedah teu meunang ngarempag buyut. Nu lojor tong >dipopondok, nu pondok tong dilolojor tea. > >Tah, kitu dulur-dulur. Lantaran kitu, kula nyuhun asupan ka para dulur >ngeunaan pertarosan ieu, > > > * Dadasar moral etika nu kumaha nu ngabebener sikep satuju Lestarina >kahirupan masyarakat Baduy sakumaha ayana, kaasup dina masalah teu >ayana pendidikan formal barudak baduy, atawa > * Dadasar moral etika nu kumaha nu ngabebener sikep satuju Robahna >kahirupan masyarakat Baduy sakumaha dulur-dulur liana, kaasup dina >masalah pendidikan formal barudak baduy >Catetan, kecap Lestarina jeung Robahna. Ngahaja kula teu make kecap >Ngarobah atawa Ngalestarikeun. Kunaon? Sabab kula bisi ditanya ku Pu'un. >Ari makna Robahna mah pan hartina robah sorangan, pek Baduy robah >sorangan. Tah, ambeh Pu'un teu melengek ka kula. > >Katuran, >Kathah karya kabecikan, gawe baluwarti bata kalawan kawis, >terelek >
