Ngiring sungkawa Kang Deni. Mugia tuang putra diperenahkeun di gedengeun
manten-Na, sarta salira sakulawargi dipaparin kasabaran. Mangkaning cukleuk
leuweung, cukleuk lamping, jauh ka sintung kalapa. Sok ras ka diri uing,
sami-sami tukang ngumbara.

2010/12/28 Deni Indra Kelana <[email protected]>

>
>
> Kahatur para wargi kisunda sadaya,
> Assalamu 'alaikum wr wb.
>
> Hapunten pami kirang utami, bade nyuhunkeun pidu'a ti para wargi wirehing
> pun anak dinten ieu ngantunkeun waktos dibabarkeun di Royal Hospital for
> Women Sydney. Kakasihna: Kennisha Cipta Ishwari Indra kelana (Kenny).
>
> Utamina mugi pun anak sing diperenahkeun di sisi manten-Na, sareng abdi
> sakulawargi dipasihan kasabaran ngarandapan ieu cocobi. Oge nyuhunkeun sih
> hapunten tina samudaya kalepatan.
>
> Hatur nuhun, salam,
>
> Deni
>
>

Kirim email ke