Mungguh umur mung Pangeran nu ngatur.
leutik gede kolot ngora.
mun geus papastina.
tara sulaya.

Ieu jabang bayi
ngan sakerejep ngalaman hirup di alam dunya,
geus pindah deui ka alam nu salajengna.

Mugia mantena,
tiasa sasarengan deui sareng ibu ramana,
engke jaga di yaumil akhir
dina surgana Allah swt.

amiin....



On 12/28/2010 02:24 PM, mh wrote:

Ngiring sungkawa Kang Deni. Mugia tuang putra diperenahkeun di gedengeun manten-Na, sarta salira sakulawargi dipaparin kasabaran. Mangkaning cukleuk leuweung, cukleuk lamping, jauh ka sintung kalapa. Sok ras ka diri uing, sami-sami tukang ngumbara.

2010/12/28 Deni Indra Kelana <[email protected] <mailto:[email protected]>>

    Kahatur para wargi kisunda sadaya,
    Assalamu 'alaikum wr wb.

    Hapunten pami kirang utami, bade nyuhunkeun pidu'a ti para wargi
    wirehing pun anak dinten ieu ngantunkeun waktos dibabarkeun di
    Royal Hospital for Women Sydney. Kakasihna: Kennisha Cipta Ishwari
    Indra kelana (Kenny).

    Utamina mugi pun anak sing diperenahkeun di sisi manten-Na, sareng
    abdi sakulawargi dipasihan kasabaran ngarandapan ieu cocobi. Oge
    nyuhunkeun sih hapunten tina samudaya kalepatan.

    Hatur nuhun, salam,

    Deni





Kirim email ke