Inna lillahi wainna ilaihi rojiun, kang Deni sakulawargi mugi dipasihan kaikhlasan sareng kashabaran. Insya Allah tuang putra mapag kang Deni sareng istri di sawarga. Amin.
salam tirta Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: mh <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sel, 28 Desember, 2010 15:24:58 Judul: Re: [kisunda] Nyelang-nyuhunkeun pidu'ana Ngiring sungkawa Kang Deni. Mugia tuang putra diperenahkeun di gedengeun manten-Na, sarta salira sakulawargi dipaparin kasabaran. Mangkaning cukleuk leuweung, cukleuk lamping, jauh ka sintung kalapa. Sok ras ka diri uing, sami-sami tukang ngumbara. 2010/12/28 Deni Indra Kelana <[email protected]> >Kahatur para wargi kisunda sadaya, >Assalamu 'alaikum wr wb. > >Hapunten pami kirang utami, bade nyuhunkeun pidu'a ti para wargi wirehing pun >anak dinten ieu ngantunkeun waktos dibabarkeun di Royal Hospital for Women >Sydney. Kakasihna: Kennisha Cipta Ishwari Indra kelana (Kenny). > >Utamina mugi pun anak sing diperenahkeun di sisi manten-Na, sareng abdi >sakulawargi dipasihan kasabaran ngarandapan ieu cocobi. Oge nyuhunkeun sih >hapunten tina samudaya kalepatan. > >Hatur nuhun, salam, > >Deni > >
