Waalaikum salam wr. wb. Ngiring belasungkawa kang deni mugia putrana sing sitempatkeun di sisi mantena, mugia kang deni sakulawargi dipasihan kasabaran sareng iklas mayunan ieu cocobi amiin.
Baktos ERN Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: Deni Indra Kelana <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 27 Dec 2010 23:18:22 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Nyelang-nyuhunkeun pidu'ana Kahatur para wargi kisunda sadaya, Assalamu 'alaikum wr wb. Hapunten pami kirang utami, bade nyuhunkeun pidu'a ti para wargi wirehing pun anak dinten ieu ngantunkeun waktos dibabarkeun di Royal Hospital for Women Sydney. Kakasihna: Kennisha Cipta Ishwari Indra kelana (Kenny). Utamina mugi pun anak sing diperenahkeun di sisi manten-Na, sareng abdi sakulawargi dipasihan kasabaran ngarandapan ieu cocobi. Oge nyuhunkeun sih hapunten tina samudaya kalepatan. Hatur nuhun, salam, Deni
