Kang Deni,

Manawi sing teger manah, urang pasrahkeun deui we ka Nu Kagungan, asal teu aya 
mulih teu aya asal kudrat mulang kudrat, mulang ka kudratullah kabeh, 
sampurnaning sampurna.

baktosna,

ilen kardani




________________________________
From: Deni Indra Kelana <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tue, December 28, 2010 3:18:22 PM
Subject: [kisunda] Nyelang-nyuhunkeun pidu'ana

  
Kahatur para wargi kisunda sadaya,
Assalamu 'alaikum wr wb.

Hapunten pami kirang utami, bade nyuhunkeun pidu'a ti para wargi wirehing pun 
anak dinten ieu ngantunkeun waktos dibabarkeun di Royal Hospital for Women 
Sydney. Kakasihna: Kennisha Cipta Ishwari Indra kelana (Kenny).

Utamina mugi pun anak sing diperenahkeun di sisi manten-Na, sareng abdi 
sakulawargi dipasihan kasabaran ngarandapan ieu cocobi. Oge nyuhunkeun sih 
hapunten tina samudaya kalepatan.

Hatur nuhun, salam,

Deni





      

Kirim email ke