Kang Rahmat,

Teu kaleresan kenal sareng anjeuna, di tingal tina directory perusahaan oge teu 
kapendak. Manawi kapayun tiasa diparengkeun pendak sareng kang Cholidmas.

Baktos,

ilen kardani




________________________________
From: MRachmat Rawyani <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Thu, February 24, 2011 6:28:12 PM
Subject: Re: [kisunda] Wawancara

  
Kuring baheula boga babaturan anu damel di tempat kang Ilen ayeuna, namina 
Cholidmas, istrina Erdefi Rakun.
Kumaha tah saur kang Ilen eta batur kuring teh?

mrachmatrawyani




________________________________
From: ilen kardani <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Thu, February 24, 2011 1:59:15 AM
Subject: Re: [kisunda] Wawancara

  
Kang Sulkan,

Ieu mah keur babandingan we nya kang.

Ukuran gajih tenaga ahli di dunia minyak mah teu kauger ku pamarentah jadi make 
standar internasional, ngan antara bule jeung melayu sok rada dibedakeun sautak 
seutik mah. Contona, mun si bule dibere gajih poko USD6000 jeung bonus lapangan 
USD650 sapoe, si melayu mah gajih pokona USD4000 tapi bonus mah sarua USD650 
sapoe. Jadi tina sabulan bisa kagajih kurang leuwih USD20000........itung we 
mun 
dirupiahkeun mah. Aya oge nu teu make gajih poko, nyaeta tenaga lepas, gajihna 
antara USD950 - USD1400 sapoe, ari total gajih bulananana mah ampir sarua wae. 
Bangsa urang anu digarawe didieu lolobana milih gajih harian, jadi mareuli imah 
di Kota Baru Parahyangan oge dibayar kontan.
 
Kitu tah kang Sulkan.............lumayan keur bahan babandingan.

si ilen kardani
 

________________________________

From: "Sulkan, Muhamad (D&DTooling)" <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Thu, February 24, 2011 5:26:09 PM
Subject: RE: [kisunda] Wawancara

  
Euleuh……na kasabna naon eta teh, meuni. . . . . . . rieut maosna, untuk teu 
nawis Nol na heheh
 
Thanks.
Sulkan, M
MTI-Engineering. Dept, X-9394
 
From:[email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of ilen 
kardani
Sent: Thursday, February 24, 2011 4:17 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Wawancara
 
  
Baruh kang ii oge nuju lapar ieu teh? mangga atuh bade ngiringan diwawancara 
mah. Bieu oge karek beres ngawawancara budak awewe lajang keneh....india deui 
wae......manehna boga gajih 75 juta sabulan....hayang menta leuwihna cenah 
jeung 
pagawean nu rada enteng. Mangkaning nu ieu mah can lawan, ngan manehna 
hiji-hijina calon. Jadi mung kang ii nyalonkeun teh peluangna 50-50.
 

________________________________

From:Ii Sumirat <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Thu, February 24, 2011 4:11:00 PM
Subject: RE: [kisunda] Wawancara

  
Abah ilen  abdi tiasa teu atuh ngiring diwawancara… kabita 
 
From:[email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of ilen 
kardani
Sent: Thursday, February 24, 2011 2:03 PM
To: [email protected]
Subject: [kisunda] Wawancara
 
  
Dulur,
 
Reueus pisan kamari ngayakeun wawancara keur pianakbuaheun, tina sababaraha 
urang nu di wawancara teh pang unggulna nu asal ti Bandung. Budakna rada kalem, 
umur 30an bujangan keneh, nyarita handap asor tapi mere jawaban anu keuna 
satiap 
ditanya. Sakali-kali mah ku kuring ditanya bari disentak, ngahaja arek nguji 
kategeran mental, tapi hade manehna teu kaluar tina jalur pikiran anu normal, 
teu kabawa ku emosi. Ieu nu diteangan teh, ceuk hate. Manehna ayeuna narima 
gajih sabulan 150 juta ti pagawean nu ayeuna, jadi kuring kudu bisa mere 
leuwihna mun arek narima manehna. Tetela geningan nu boga panghasilan 150 juta 
sabulan oge masih keneh lapar, lain lapar beuteungna, tapi lapar ku kamajuan, 
lapar ku dihargaan, lapar ku perobahan, jeung lapar ku jabatan/pangaruh.
 
Beda deui jeung calon urang Malayu jeung India, nu India mah sanajan teu nyaho 
oge terus ngacapruk kamana karep bari nembongkeun percaya diri anu luhur, 
orokaya si ilen kardani teu bisa diekolan kitu bae. Mendingan nu Malayu, mun 
ditanya teu nyaho jawabanana teh terus terang ngomong teu nyaho, jujur tea nu 
ieu mah. Ngan jujur oge teu cukup, pan kudu pinter jeung bener karek disebutna 
masagi.
 
Panghasilan anak buah rupa-rupa sabulana, ti nu panghandapna 15 juta nepi ka 
pang luhurna 350 juta, naon nu ngabedakeunana? Taya lian ti KAHAYANG, jalma 
nu ahayangna gede, hasilna oge gede. Sing percaya, ieu mah kanyataan, lain 
ideologi.
 
 
Kitu pangalaman paramitra.
 
ilen kardani
 
 





      

Kirim email ke