Ilen kardani mah rahul bin panjang huntu... Basa lemes hate orowodol Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: nurul iman <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 24 Feb 2011 15:57:31 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Bls: [kisunda] Wawancara Mantep tah... Muhun... ________________________________ Dari: ilen kardani <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Kam, 24 Februari, 2011 14:03:10 Judul: [kisunda] Wawancara Dulur, Reueus pisan kamari ngayakeun wawancara keur pianakbuaheun, tina sababaraha urang nu di wawancara teh pang unggulna nu asal ti Bandung. Budakna rada kalem, umur 30an bujangan keneh, nyarita handap asor tapi mere jawaban anu keuna satiap ditanya. Sakali-kali mah ku kuring ditanya bari disentak, ngahaja arek nguji kategeran mental, tapi hade manehna teu kaluar tina jalur pikiran anu normal, teu kabawa ku emosi. Ieu nu diteangan teh, ceuk hate. Manehna ayeuna narima gajih sabulan 150 juta ti pagawean nu ayeuna, jadi kuring kudu bisa mere leuwihna mun arek narima manehna. Tetela geningan nu boga panghasilan 150 juta sabulan oge masih keneh lapar, lain lapar beuteungna, tapi lapar ku kamajuan, lapar ku dihargaan, lapar ku perobahan, jeung lapar ku jabatan/pangaruh. Beda deui jeung calon urang Malayu jeung India, nu India mah sanajan teu nyaho oge terus ngacapruk kamana karep bari nembongkeun percaya diri anu luhur, orokaya si ilen kardani teu bisa diekolan kitu bae. Mendingan nu Malayu, mun ditanya teu nyaho jawabanana teh terus terang ngomong teu nyaho, jujur tea nu ieu mah. Ngan jujur oge teu cukup, pan kudu pinter jeung bener karek disebutna masagi. Panghasilan anak buah rupa-rupa sabulana, ti nu panghandapna 15 juta nepi ka pang luhurna 350 juta, naon nu ngabedakeunana? Taya lian ti KAHAYANG, jalma nu ahayangna gede, hasilna oge gede. Sing percaya, ieu mah kanyataan, lain ideologi. Kitu pangalaman paramitra. ilen kardani
