Sakaterang, aya seueur tinimbangan dina nangtoskeun gajih di masing-masing nagara, salian tina jenis industrina, kedah ditinggal tina biaya hirup sapopoe di hiji nagara. Model di urang pan pami dibandingkeun sareng rata-rata di luar biaya hirupna masih keneh kaetang pang alitna.
Atuh anu sanesna skema pajak di nagara setempat, contona nagara A ngaberlakukeun pajak penghasilan maksimal 40 persen tangtos benten sareng nagara B anu 20 persen. Oge kawijakan pajak nagara asal si pagawe, dina hal ieu aya sababaraha nagara sapertos Walanda (nyungkeun koreksina) anu ngawajibkeun wargana nyetor pajak sanaos damel di luar negeri, ari Indonesia mah pan teu kitu. Aya deui skema ekspatriasi-repatriasi, anu pakuat kait sareng tilu hal di luhur, oge sareng kawijakan perusahaan ngeunaan remunerasi. Naha bade ngiring standar lokal, standar global perusahaan, atanapi kombinasi standar lokal global sareng industri. Atuh tinimbangan anu sanesna masih aya deui, mung panginten langkung tehnis bahasannana. Cag heula we... ________________________________ From: "dudi@gmail" <[email protected]> To: [email protected] Sent: Thursday, February 3, 2011 6:53:30 Subject: Re: [kisunda] Wawancara..diskriminasi yeuh! Aduh... mani rame geuning perkawis ieu mah... ari ceuk si uing mah, sanes dibeda-bedakeun komo diskriminasi atawa rasial mah da eta mah tos benten tianggalna. Hays (Hay Management, manawi) mung saukur perusahaan konsultan ngempelkeun data gajih anu ilahar di masing-masing wewengkon. tapi ketang eta ge susuganan...! upama di etang-etang upah taunan di Ind. $ 41.800 x Rp 9.000 = Rp. 376.200.000 sataun dibagi 15 => Rp. 25jt sabulan, upami dina widang sanes mah cekap kanggo ngagajih manager anu tos seniorlah... sae. Hayu atuh urang wawancara di KL da paling ge 2 jam ti bandung mah ongkosna ge mirah pan ayeuna mah, tiasa didugdag (pp) deuih... wassalam ----- Original Message ----- >From: MRachmat Rawyani >To: [email protected] >Sent: Friday, February 25, 2011 3:28 PM >Subject: [kisunda] Wawancara..diskriminasi yeuh! > > >Eta anu ngaluarkeun panduan gajih perminyakan, tetela masih ada "bau-bau' >diskriminasi. Naon nya dadasar perhitunganana hiji nagara jeung nagara sejenna > >beda? > >mrachmatrawyani > > > > ________________________________ From: ilen kardani <[email protected]> >To: [email protected] >Sent: Thu, February 24, 2011 11:46:30 PM >Subject: Re: [kisunda] Wawancara > > > > >Baraya,
