komputer dijieun ku jelema, ari jelema dijieun ku naon ateuh? pikeun jasad
atawa bangkarakna memang bisa jadi paeh, tapi mun diibaratkeun komputer,
kapan aya oge nu didaur ulang, dipurutulan, diolah deui, atawa digiling
sakalian. naha hal eta teu bisa disaruakeun jeung proses sanggeus paeh? enya
soal didaur ulang mah moal kapikiran ku komputerna, da nu ngadaurulangna ge
pan manusa. pon kitu oge 'daur ulang' manusa, ku pikiran manusa mah boa
teuing bisa kahontal atawa henteu. tapi kumaha mun manusa teh aya nu
nyiptakeun? boa bakal didaur ulang oge... :P

sikandar
kumincir.blogspot.com

2011/5/19 Gus Maman

>   Ceuk kuring mah memang Stephan Hawking pinter dina urusan
> fisika-matematika, tapi belegug nyaruakeun hirupna jelema jeung "hirupna"
> komputer.
>

Kirim email ke