Kaget nya upami para ilmuwan kagungan hipotesa. Padahal dina Islam mah teu aneh
teu sing naon anu disebat "mesin waktos" teh. Kapan ku Kangjeng Nabi Muhammad
saw mah parantos dianggo nyaba ka Sidratul Muntaha, malah leres tiasa mundur ka
jaman Nabi Adam dugi ka jaman Nabi Isa (lk. 2000 - 15.000 tahun katukang)
sareng ka jaman anu bade dongkap (kiamat, surga sareng naraka..duka sabaraha
juta milyar tahun anu bade dongkap tah). Namina teh upami teu lepat "BURAQ",
anu tiasa lumpat ngabelesat ngalangkungan lumpatna cahaya. Cobi uninga dina
riwayat " Isra Mi'raz Rosulullah". Panginten Steven Hawking teu acan uninga
riwayat Isro Mi'raz.
Dina hal kajantenan ieu bujeng bujeng manusa jaman 1400 tahunan kapengker malah
para imuwan kiwari masih keneh ragu kumaha rupana "mesin waktos" anu
ditunggangan ku Kangjeng Nabi Muhammad harita. Malah seueur anu nyebat
wadul...tuluy jadi mundur murtad teu ngaku Rosul ka anjeunna.
Saur eta riwayat memeh hiber Kangjeng Nabi dioperasi dadana ku Jibril, dibasuh
ku cai Zam-zam. Tah naha eta teha dilebetan atanapi nganggo alat khusus kana
salirana supados "gentos jirim" janten siga jirim malaikat? Wallohu A'lam teu
acan aya jawaban. Mung netelakeun yen teu sagawayah upami manusa bade tunggang
mesin waktos sapertos Buraq.
Tina kajantenan Isro Mi'raz, Kangjeng Nabi ngajarkeun sholat 5 waktu sadinten
sawengi ka umatna kalebet mageuhan iman kana dinten kiamat ayana takdir kalebet
ayana akherat (surga sareng naraka) da ku anjeunna parantos katincak sanajan
kiwari saleresna eta alam teh teu acan dugi kana ayana.
Rupina Steven Hawking kakara percaya lamun anjeunna tiasa tunggang mesin waktos
ngudag jaman kapayun sapertos Kangjeng Nabi tunggang Buraq ka Sidratul Muntaha
ngalangkungan surga sareng naraka...he..he..