sumuhun ari angen-angen mah kitu... namung bujeng2 robot anu dijieun tina
bahan2 sintetis, dalah manusa anu dijieun tina bahan2 biologis wae tug dugi
ka danget ayeuna teu acan mendak cara sangkan teu ngolotan... bujeng2
ngarekayasa atawa ngoprek dirina, malah pan kanyaho ngeunaan dirina sorangan
oge teu acan gemleng... ti baheula nepi ka kiwari geus canggih aya wae nu
anyar kapanggih tina awakna, anapon manusana ngan bisa uh oh jeung cuk
crek...

sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org

2011/5/20 MRachmat Rawyani

>   sacara teoritis naon anu dipedarkeun ku kang Kumi dihandap tiasa
> kajantenan.
>
> Sabada diistrenan Doktor Honoris causa, Gan Habibie masihan kuliah umum di
> UI perkara filsafat teknologi. Kuliahna teh anjlog nepi ka perkara nyieun
> robot anu niru-niru kawas manusa. Hiji mangsa cenah robot teh  upama dibere
> energi anu cukup bisa ngopenan awakna sorangan lamun aya karusakan. Tah,
> upama geus kitu kapaning robot teh bisa boga umur panjang, bisa ngariksa
> awak sorangan.
>

Kirim email ke