Kaelingan ku riwayat Isra Mi'raz, pakaitna jeung parentah sholat lima waktu,
sakolebatan meureun bisa disimpulkeun kieu, sanggeus Kanjeng Nabi nyaba
mundur rewuan taun ka tukang, terus nyaba maju rewuan taun ka jaga, anjeuna
bisa adu-tawar sareng Pangeran perkara wilangan sholat tea, nepi ka suksesna
jadi parentah sholat lima waktu tea.

Mun nitenan proses nangtukeun kawijakan publik jiga di luhur, meureun pikeun
nangtukeun kawijakan publik jaman kiwari oge perlu jiga kitu.


2011/5/21 H. Abdurrohman M.Sastra <[email protected]>

>
>
> Kaget nya upami para ilmuwan kagungan hipotesa. Padahal dina Islam mah teu
> aneh teu sing naon anu disebat* "mesin waktos"* teh. Kapan ku Kangjeng
> Nabi Muhammad saw mah parantos dianggo nyaba ka Sidratul Muntaha, malah
> leres tiasa mundur ka jaman Nabi Adam dugi ka jaman Nabi Isa (lk. 2000 -
> 15.000 tahun katukang) sareng ka jaman anu bade dongkap (kiamat, surga
> sareng naraka..duka sabaraha juta milyar tahun anu bade dongkap tah). Namina
> teh upami teu lepat "BURAQ", anu tiasa lumpat ngabelesat ngalangkungan
> lumpatna cahaya. Cobi uninga dina riwayat " Isra Mi'raz Rosulullah".
> Panginten Steven Hawking teu acan uninga riwayat Isro Mi'raz.
> Dina hal kajantenan ieu bujeng bujeng manusa jaman 1400 tahunan kapengker
> malah para imuwan kiwari masih keneh ragu kumaha rupana *"mesin waktos"*anu 
> ditunggangan ku Kangjeng Nabi Muhammad harita. Malah seueur anu nyebat
> wadul...tuluy jadi mundur murtad teu ngaku Rosul ka anjeunna.
> Saur eta riwayat memeh hiber Kangjeng Nabi dioperasi dadana ku Jibril,
> dibasuh ku cai Zam-zam. Tah naha eta teha dilebetan atanapi nganggo alat
> khusus kana salirana supados "gentos jirim" janten siga jirim malaikat?
> Wallohu A'lam teu acan aya jawaban. Mung netelakeun yen teu sagawayah upami
> manusa bade tunggang mesin waktos sapertos Buraq.
> Tina kajantenan Isro Mi'raz, Kangjeng Nabi ngajarkeun sholat 5 waktu
> sadinten sawengi ka umatna kalebet mageuhan iman kana dinten kiamat ayana
> takdir kalebet ayana akherat (surga sareng naraka) da ku anjeunna parantos
> katincak sanajan kiwari saleresna eta alam teh teu acan dugi kana ayana.
> Rupina Steven Hawking kakara percaya lamun anjeunna tiasa tunggang mesin
> waktos ngudag jaman kapayun sapertos Kangjeng Nabi tunggang Buraq ka
> Sidratul Muntaha ngalangkungan surga sareng naraka...he..he..
>
>

Kirim email ke