konsep jiga eta rada memper ka konsep reinkarnasi, nu kuring mah karek
manggih dina bahasan kagaman. kuring kungsi maca, aya nu ngejelaskeun yen
reinkarnasi teh bisa dijelaskeun. cek eta bacaan, jasad jelema paeh pan
bakal kauray, bakal campur jeung lemah, nu bisa jadi kaserep ku akar
dijadikeun kadaharan tutuwuhan, saterusna kadahar ku manusa terus dialirkeun
ka jabang bayi nu dikakandung.

bisa wae, sel, atawa naon wae kasebutna, si jelema paeh nu kauray nu geus
aya di jabang bayi teh masih nyimpen informasi/data nu dikumpulkeun si
jelema paeh tadi salila hirupna. kukituna si jabang bayi teh aya kasaruaan
jeung jelema nu hirup jaman baheula...

haha, punten ieu mah ngacapruk :p

2011/5/20 Kumincir Wikidisastra <[email protected]>

>
>
> komputer dijieun ku jelema, ari jelema dijieun ku naon ateuh? pikeun jasad
> atawa bangkarakna memang bisa jadi paeh, tapi mun diibaratkeun komputer,
> kapan aya oge nu didaur ulang, dipurutulan, diolah deui, atawa digiling
> sakalian. naha hal eta teu bisa disaruakeun jeung proses sanggeus paeh? enya
> soal didaur ulang mah moal kapikiran ku komputerna, da nu ngadaurulangna ge
> pan manusa. pon kitu oge 'daur ulang' manusa, ku pikiran manusa mah boa
> teuing bisa kahontal atawa henteu. tapi kumaha mun manusa teh aya nu
> nyiptakeun? boa bakal didaur ulang oge... :P
>
> sikandar
> kumincir.blogspot.com
>
> 2011/5/19 Gus Maman
>
>>   Ceuk kuring mah memang Stephan Hawking pinter dina urusan
>> fisika-matematika, tapi belegug nyaruakeun hirupna jelema jeung "hirupna"
>> komputer.
>>
>   
>   
> Re<[email protected]?subject=Re%3A%20%5Bkisunda%5D%20Ilmuwan%20Klaim%20Surga%20Hanyalah%20Dongeng%20-%20Yahoo%21%20News>
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke