Asana tos sababaraha kali nya aya nu jiga kieu teh, pelakuna urang luar.
Upama teu salah kungsi maca sababaraha waktu kaliwat, harengheng di Bandung
Wetan. Cibiru asana mah

2011/7/19 dodi syaripudin <[email protected]>

> **
>
>
> Mangga Kang didukung ku abdi nu teu tiasa nanaon..Wass.
>
>
> ------------------------------
> *Dari:* Ki Hasan <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Terkirim:* Sel, 19 Juli, 2011 09:11:16
> *Judul:* Re: [kisunda] Kasus Parebut Lahan di Jl Dago 18 Juli 2011
>
>
>
> Hayoh para Jawara, geura singkil, geura jaraga lembur. Peupeuriheun milis
> "Jaga Lembur" geus nghaiyang. Hehehe.
>
>
> 2011/7/19 oman abdurahman <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Baraya,
>>
>>
>> Kasus parebut lahan SMAK Dago di Jl. Ir. H. Juanda (ti heula: Jl. Dago)
>> kamari, ngerakeun pisan. Ngerakeunana teh eta nepi ka buk-bek silih babuk
>> jeung silih tonjok di pakarangan sakola jeung di Jl Dago, jajalaneun jelema
>> rea di Kota Bandung anu nelah kota Asia-Afrika, kawentar ku Dasasila
>> Bandung-na anu ngahalakeun katengtreman.
>>
>> Naha nya eta lahan nepi ka diparebutkeun ku dua golongan? Tetela geuning
>> di Bandung oge loba preman anu bisa dihucuhkeun pikeun nyingsieunan sangkan
>> kahontal hiji tujuan (ngarebut lahan)? Kunaon henteu make jalur pengadilan?
>> Asa kacida teuing deui dua kelompok anu garelut teh loba preman siga
>> garelutna dua kelompok geng preman di Jakarta anyar-anyar ieu. Naha rek
>> diekspor ka Bandung kitu perang model preman di Jakarta anu umumna
>> diluluguan ku urang sebrang teh? Beu...bakal cilaka ka hareupna Bandung
>> lamun bibit peperangan model preman kieu rek diwanohkeun di Bandung. Kudu ti
>> ayeuna keneh dihulag.
>>
>>
>> manar
>>
>
>
>   
>

Kirim email ke